Episode ka 71 : Nasib 5 Macan Cirebon

 

Kumaha nasib Ki Abdul Gofar; Abdul Rauf; KI Seca ; Ki Garniwa
jeung Cakramana ? Nu sok disebut Lima Macan Cirebon ?


Sanggeus kaluar ti Cirebon, maranehna indit susulumputan;
estu teu puguh nu dijugjugna; ku sabab sering paamprok jeung nu nyusud nya
sering tarung. Tapi salila ieu maranehna masih bisa mertahankeun Mustika
Mutiara Hideungna. Ngan wae beuki lila beuki loba wae Para pendekar nu nyusud
eta nu limaan.


Ku sabab kitu maranehna; nya marisah; Ki Gofar jeung Cakramana;
Ki Rauf sosorangan; Ki Garniwa jeung Ki Seca ngumpul duaan; tah waktu Jalma
pasanggrok jeung Ki Seca saenyana mah Ki Garniwa aya di panganjrekanana; tapi
teu wanieun kaluar; terus we nyumput; maranehna bungah lantaran Jalma lain rek
ngudag Mutiara Hideung.


Tapi tempatna Ki Seca jeung Garniwa kapanggih ku Para
pendekar Silat urut anak buah Subali si Macan Telu; atuh ger we tarung ragot;
tapi harita mah Ki Seca jeung Ki Garniwa masih bisa ngelehkeun eta nu ngepung.


Tapi barang rek pindah tempat nyumput ; manehna jol2 dikepung
ku belasan jelema daredeg bari marawa pakarang; jeung bandera nu gambarna
seuneu ! Nyata gorombolan Singa Barong. Ari nu mimpin ieu belasan jelema teh
papakeanana kaciri siga  urang Bali.


Ki Garniwa gancang nyarita:”Eh Ki silah rek naon sampeyan
sakabeh ngepung Kaula ? Kaula asa teu boga masalah jeung andika sakabeh ?”


“Hahahaha … Kula sarerea ti kumpulan Singa Barong; Kaula nu
mingpin … ngaran Kula Nyoman Sakarta … memang sacara pribadi mah urang teh taya
hubungan sama sakali … tapi andika kapan anggota ti na Lima Macan Cirebon, lain
!?”


Reup geuneuk ray pias Ki Seca jeung Garniwa ngadenge omongan
Nyoman Sakarta saperti kitu; tapi terus nyarita deui :”Memang Kula Ki Garniwa
jeung Ki Seca; anggota 5 Macan Cirebon; terus rek naon sampeyan ? Da Kula duaan
teu boga naon2 nu aya hargaan …”


Kakara sakitu omongan Ki Garniwa geus dipotong ku Nyoman
Sakarta :”Hahahaha …  tong api2 sampeyan!
moal aya haseup mun euweuh seuneu ! Tah sok ayeuna pasrahkeun Mutiara Hidceung
ka diri Kaula; sampeyan jig we indit bebas ti dieu !”
Hanca


Kirim email ke