Eling-eling ka pieling, Sok nundutan, ari hari pahlawan teh naon? Mieling kana jasa-jasa para pahlawan utamana para pahlawan anu tos gugur di medan laga ngarebut kamardekaan. Pahlawan anu suka rela ngorbankeun harta, tanaga jeung pikiranna pikeun bebas ti panindesan bangsa deungeun. Tujuanna nyaeta boga self nation, ngawanun nagara sorangan, ngaronjatkeun harkat jeung martabab bangsa jeung nagara sorangan. Sabab panjajahan henteu sasuai jeung pri kamanusaan pri kaadilan. Mieling ...pohara gedena jasa-jasa para pahlawan eta, kwari alam mardeka sacara de facto jeung de jure urang boga nagara anu ngarana INDONESIA.
Ti subuh meletuk pasca Merdeka anu dicetuskeun/diproklamasikeun tanggal 17 Agustus 1945 sampe ka kiwari 2012 geus loba kamajuan pangwangunan, utamana pangwangunan Sumber Daya Manusia pikeung ngarojong pangwangunan rupa-rupa sektor diantarana pangwangunan inprastruktur jalan, rumah sakit, sakola, penerangan listrik, telekomunikasi malahan sampe pangwangunan Kapal Laut, Pasawat Udara jeung Mobil. Pikeun pasawat udara jeung mobil cig lajeungkeun..... Najan dina alur lalampahanan nagara urang henteu mulus loba cucuk-cucuk saperti sparatis, teroris, malahan cucuk anu masih eksis di nagara urang nyaeta cucuk KORUPTOR hese dileungitkeun, da ieu moal leungit sabab ibarat supa ibun anu sok jaradi mangsa usum hujan. Sabab lawan KORUPTOR nyeta KAMISKINAN ibarat dua sisi mata duit logam. Dimana aya Koruptor pasti aya kamiskinan....................Dimana aya Kamiskinan mangka koruptor ngileus lumpat. Hmm...... Salam, 2012/11/12 MRachmat Rawyani <[email protected]> > ** > > > Mieling kanggo mepelingan nu teu eling-eling ku cara ditampiling. > > mrachmatrawyani > > ------------------------------ > *From:* Ki Hasan <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Sunday, November 11, 2012 7:22 AM > *Subject:* Re: [kisunda] HARI PAHLAWAN > > > Mun basa urang Tasik mah, /ngenang/ teh /mieling/ > > 2012/11/10 nurul <[email protected]> > > ** > > Hayu urang ngenang sinareng nyontoh ka para pahlawan nu tos ngamajukeun > Indoneisia. > Mugia urang janten manusa nu manfaat. > Amiin. > > Punten nembe lebet KIsunda deui^^ > > > > > > > -- *Pesen kuring "Elmu Tuntut Dunya Siar".* **
