“Wah saha mangkelukna nu bisa maehan ieu dua dulur aing ? tangtu elmuna luhur pisan … aing ge can puguh bisa; mun kitu di dieu pasti bahaya pisan … aing kudu gancang nemonan Kang Abd, Gofar.” Kitu pikiran Ki Abdul Rauf waktu harita.
Manehna pangpinterna, tapi waktu harita poekeun ; geus teu panjang pikir deui gidig we ka tempat Abdul Gofar nyumput. Najan geus marisah, tapi maranehna nyaho di mana dulur2na ayeuna nganjrek … nya terus we Abdul Rauf bari susulumputan jeung culang cileung nuju ka tempat panyumputan Ki Abdul Gofar. Barang patepung ieu adi lanceuk teh paungku ungku silih rangkul; bari sono bari sedih … Kumaha Ki Seca jeung Garniwa ? Eta pananya mimiti Ki Abdul Gofar … Ki Abdul Rauf bari ceurik nyaritakeun yen duanana geus lastari …KI Abdul Gofar sakeudeung mah hareugeueun … teu percaya eta dua dulur misanna nu sakitu jagona bakal aya nu ngabinasa ? Saha cenah nu wani maehanana hayu urang bales ! Ki Abdul Rauf nerangkeun yen sigana mah nu maehan eta dua misan teh pastina ge elmuna luhur pisan … di na waktu ieu mah hamo bisa males…. Ah saha atuh nu wani maehan eta dua dulur urang teh ? Mawar Hideung ?! Cek Abdul Gofar. Barang keur guntreng eta nu duaan nyaritakeun kasusah … kadenge aya sora seuri nu matak katorekan. Hahahahha ! Abdul Gofar ! Abdul Rauf ! ieu Kula Nyoman Sakarta nu geus nelasan Ki Seca jeung Ki Garniwa ! Sok kaluar sampeyan bisi rek males pati ka Kaula !?” Gebeg we Ki Abdul Rauf ngagebeg … da manehna geus ngadenge beja soal kumpulan Singa Barong jeung jadug2na; komo Pendekar2 urang Balina mah cenah jarago pisan; ayeuna pasti ieu salah sahijina. Tapi ari Abdul Gofar mah boro2 ngarasa sieun … nu aya rasa hayang males pati. Atuh gancang we muru kaluar. Hanca
