Duka nu ka sabaraha kalina, postingan Bah AA nu jiga kieu teh. Ieu postingan bah AA ka Ki Sunda make akun <[email protected]>. Ieu postingan katampa ku kumna warga milis Ki Sunda. Ditoong di web Yahoogroup Ki Sunda, status akun Bah AA normal, e-mail dikirim sacara reguler. Rada aneh mun nepi ka Bah AA teu narima ieu postingan dina akunna. Kajaba aya perubahan seting dina kun pribadi Bah AA nyalira.
Teknisna: pikeun jadi member Yahoogroup kudu boga akun email di Yahoo. Ieu akun dijadikeun gerbang akses ka Yahoogroup. Anggota milis boga dua pilihan pikeun narima email ti Yahoogroup: make akun Yahoo atawa akun Mail Server lain (misalna Gmail). Mun make akun server lain anggota milis make dua akun: akun Yahoo keur akses ka Yahoogroup, akun Gmail keur distribusi e-mail. Pilihan nu kadua ieu kudu diseting nyalira ku anggota milis. Sakadar tips: Ngarah teu pabeulit mah, tong seueur teuing miara akun email, sabab bakal lieur nyalira. On Mon, Nov 12, 2012 at 12:57 PM, Abbas Amien <[email protected]> wrote: > ** > > > Naha nya ? Kunaon nya ? > > __ >
