Subject: Cersil Sunda 299

From: Abbas Amien <[email protected]>

To: [email protected], [email protected]

Content-Type: multipart/alternative; boundary=bcaec52e5e3b0eff8904cd02e528



--bcaec52e5e3b0eff8904cd02e528

Content-Type: text/plain; charset=ISO-8859-1



Episode ka 70: Gorombolan Singa Barong







Tunda heula Ki Bejo nu betah di Leuwiseeng, ku sabab loba muridna, ayeuna

urang tempo kaayaan di daerah Pulo Jawa, sanggeusna Nyi Padmini jeung Mawar

Hideung indit rek neangan Ki Nurustunjung.



Ayeuna di mana2 mucunghul Bandera2 nu ngagambarkeun seuneu hurung; eta teh

cenah mah lambang kumpulan Singa Barong.







 Naon sababna dingaranan Singa Barong ? Ari Lambangna naha bet seuneu

hurung ? Ngabebela ? Saenyana mah eta gambar seuneu hurung mun ditilik

disidik sidik memang aya mataan, ceulian, aya irungan jeung huntu

ranggeteng nu disaput ku bulu ngarupakeun seuneu hurung ngabebela; nu matak

disebut Singa Barong.



Singa Marong nu maksudna Singa nu mawa seuneu hurung; ari lambang seuneu

memang dipake ku sekeseler Gunung Bromo; nu masih loba keneh turunan

Kediri; nu hayang nempo kajayaan jaman bihari Saperti Raja Jayabaya. Tapi

maranehna teu wani gerak; lantaran rumasa teu boga kakuatan sama sakali.



Lolobana mah, maranehnaa teh ngajauhan we ti masyarakat umum, lantaran

embung kapangaruhan ku Agama anyar nu matak nyusahkeun cecekelan maranehna.

Tali paranti karuhun maranehna.



Rata2 pamimpin ieu kumpulan teh asalna turunan Brahmana jaman Majapahit

jeung Kediri; maranehna ngan ngajalankeun we tata cara para luluhurna;

samasakali teu hayang atawa kabita ku agama anyar.



Tapi di na hiji mangsa; loba nu milu agama anyar tapi diudag ku Para

kokolot agama anyar lantaran dianggap mengpar; tah golongan nu ieu ngaku

golongan atawa turunan murid2 Syech Sidhi Jenar; terus we ngahiji; silih

pangaruhan.

Kirim email ke