Episode ka 72 Nyi Ipah ka Wanayasa

 

Ayeuna urang caturkeun heula Nyi Syaripah nu geus lila
ditinggalkeun; manehna keur giat pisan ngalatih diri di na bagbagan tanaga jero
keur nguatkeun elmu kanuraganana; di na mimiti latihan Kacida susahna ;
lantaran Nyi Ipah masih cus cos pikiranana ka ditu ka dieu; tapi sanggeus
digembleng terus ku Lasmini/Mawar Hideung, Nyi Ipah bisa oge ngaleungitkeun
rupa2 pikiran nu bakal ngahalang ka na kamajuan latihanana; ahirna sanggeus
sabulan latihan silat jeung latihan konsentrasi, Nyi Ipah jadi pogot pisan ka
na eta elmu kanuragan teh; karasa awakna asa leuwih seger jeung leuwih hampang
di na gerak jeung tindakna.


Waktu geus nepi ka Losari, Nyi Ipah dibere latihan nu beda
pisan jeung nu sejenna; manehna kudu diuk latihan napas ti shubuh nepi ka
deukeut lohor ulah eureun; eta kudu dilakukeun salila saminggu ulah eureun; mun
eureun kudu ngulang deui ti awal. Ieu latihan teh hartina teu meunang kaganggu;
mun henteu bakal gagal.


Nyi Ipah dibere kamar di pangtukangna ngarah konsentrasina
teu kaganggu cenah; rada jauh katempat Lasmini narima tamu. Tapi da arang aya
tamu; ari lain nu teu apaleun mah, sabangsa pamuda nu naksir ka Lasmini. Tapi
lila2 mah euweuh nu wani datang deui da sarieuneun ku Lasmini nu galak.


Tah waktu Jalma datang jeung Ki Bejo, manehna keur ngalatih
di dinya; atuh ngan ukur kadenge sora hawar2 wungkul; Nyi Ipah teu apal yen
Jalma ka dinya; ka Losari; lantaran waktu harita memang latihan Nyi Ipah geus
ka opat poena; jadi tinggal 3 poe deui.Hartina aya di na kaayaan waktu kritis.


Waktu harita manehna ngarasa hawa haneut mimiti muter di
daerah angen ; terus turun nuju ka daerah puser; di dinya eta hawa teh
dikumpulkeun; dihijikeun deui jeung tanaga nu datang ti na tulang tonggong; ka
na angen …


Terus we kitu. Manehna konsentrasi supaya ieu hawa disimpen
di sabudeur puser; hawa mimiti silih dorong; ka luhur ka handap … Di na
ngonsentrasikeun hal ieu Kacida Nyi Ipah resepna … ceuk paribasana poho ka na
dahar poho nginum … terus we latihan nepi ka tuntas; nya eta waktu Lohor.


Barang muka panto dahareun geus disayagikeun; gancang we
harita keneh NYi Ipah dahar; da kakara karasa lapar. Peutingna ngalatih jurus
jeung kakesitan; manehna kaget sabab satiap gerak ayeuna mah aya tanaga nu
nyokong kakuatanana; nepi ka satiap tinggangan jeung jejekan kaciri mantep
pisan. Nyi Ipah ngarasa manehna sehat pisan; jeung anehna teh percaya dirina
naek gede pisan; Nyi Ipah ngarasa gede wawanen.


Waktu keur latihan kitu guruna, nya eta Mawar Hideung
nyampeurkeun, terus mapatahan mani teges pisan tapi dibarung nyaah; atuh
gancang we Nyi Ipah latihan deui.


Latihan saminggu rengse dilatih ku Nyi Ipah; cek Mawar
Hideung/Lasmini; ayeuna halangan2 nu aya di urat2 keur jalanna getih geus
ditaratas ku tanaga latihan nu saminggu tea; ayeuna Nyi Ipah tinggal
ngalancarkeun we ku latihan terus2an.


Di na hiji poe Lasmini titip ka sakabeh badega; oge ka Nyi
Ipah; yen manehna bakal indit ka tempat nu rada jauh; mungkin mulan malen
kakara balik deui; ka para badega supaya tetep ngalayanan Nyi Ipah kalawan 
talaten;
ka Nyi Ipah nitah neruskeun latihanana; da teorina mah enggeus cenah; tinggal
latihanana jeung praktek.


Kacida Nyi Ipah sedihna ditinggalkeun ku Mawar Hideung teh;
waktu nanya ka mana tujuan Mawar Hideung guruna; teu dijelaskeun ngan rek
neangan kulawarga we cenah. Nya atuh kapaksa Nyi Ipah hirup di dinya jeung para
badega. 

Tapi memang para badega tulaten pisan; jeung naon wae nu dititah ku Nyi
Ipah dilaksanakeun; lantaran maranehna mandang ka Nyi Ipah; teu beda jeung ka
Lasmini. Atuh Nyi Ipah ayeuna mah teu ngarumas teuing.
HANCA


Kirim email ke