Enya Kang tah eta pisan anu dipiharep... Lain ngan saukur basa sunda 
diwajibkeun ku Perda atawa nu liana tapi kulantaran ayana kasadaran jeung ayana 
niley ekonomi bahasa sunda utamana urang sunda anu cukup "panatis" make bahasa 
sunda...

Sok aaah urang tanjeurkeun deui Susundaan urang hehehe.

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: rsyaifoel <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 05 Dec 2012 09:37:18 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Basa Sunda geus dipake iklan

Tah, geus mimiti nguliat sigana mah? :)))

Dina rahulan kuring di ieu forum, kuring pernah nulis perkara hengkerna basa 
Sunda. Salah sahiji faktor na teh, basa SUnda TEU (acan) boga ajen inajen 
ekonomi. Dina urusan marketing jeung periklanan ge can karagap jeung ka garap. 
Padahal mun nempo kuantitas konsumen na, pan kaitung BADAG suradag. Anu rada 
aneh... ieu konsumen teu digarap make basa indungna sorangan?

SIgana, mimiti aya kasadaran pihak produsen ngadeukeutan konsumen SUnda ku basa 
Sunda. Mun ieu lengkah geus kaasaan... basa Sunda sigana mah bakal laju (deui)!

Saha nu nyaho, engke jelema anu hayang digawe di hiji pausahaan, lain bae 
ditilik tina lobana ijazah, tapi OGE ditimbang dina alus henteuna migunakeun 
basa Sunda! Horeeee... pan?:)))

Salengkah deui.... basa Sunda bakal jadi obyek akademis anu aya boga niley 
ekonomis. 

Cihuy atuh....

--- In [email protected], "mang kaby" <dkabayan@...> wrote:
>
> Asooooy geboooy euy... Basa Sunda geus mulai di pake di iklan... Ieu 
> contona... Majuuuuu teruuuuus susundaaan ah xixixi
> 
> nuhuuuuns,
> mang kabayan
> www.udarider.com
>



Kirim email ke