Salaam. Baraya... tah ieu aya artikel perkawis akhlak. Manawi tiasa
diguar deui. Nyocokot tina kompasiana :-)
------------
Adab jeung sopan santun lamun diteuleuman mah mémang kaasup kana ranah
filsafat praktis. Disebut asup kana ranah filsafat, da anu ngaranna
sopan-santun mah teu dibatesan ku umur, ku hal-hal anu kongkrét. Siga
dédépéan handap asorna hiji jalma teu kudu ka saluhureun wungkul, ogé
ka papada manusa, ka papada alam, jeung kana hal-hal anu aya di luar
réalita. Anu matak, adab jeung sopan santun asup kana filsafat
praktis, hiji sikep, kabiasaan anu teu dibatesan ogé ku waktu jeung
tempat. Atuh sapagodos pisan jeung tugas utama diutusna Rasulullah téh
keur nyampurnakeun akhlaq manusa.

Datangna teu ujug-ujug. Pangna penting ayana adab jeung sopan santun
ogé sangkan jalma nyaho kana pagawéan anu anu sabenerna kudu
dilakonan. Cicero pernah nulis Non Nobis Solum Nati Sumus,kabéh jalma
hirup lain keur ngalumangsungkeun hirupna séwang-séwangan
sosoranganan, ti sagigireun éta aya anu séjén nyaéta papada manusa. Di
dinya pentingna adab jeung sopan santun dibiasakeun.

Ayeuna, zaman anu ceuk Heydi Toffler mah mangrupa zaman anu dipinuhan
ku kamelang, nalika adab jeung sopan santun anu geus diwariskeun ku
karuhun tuluy diganti ku kabiasaan anyar, gaya hirupanyar, jeung
asimilasi étika, bakal ngalahirkeun loba kamelang t anu jadi i kolot
ka anu jadi budakna. Ti taun 70-an, mimiti runtuhna senioritas
(ngahormat ka saluhureun) , di mana niléy-niléy peradaban jeung sopan
santun geus beuki cair. Budaya patriarki anu nempatkeun kakawasaan
kaum Adam dina kahirupan geus dirugrugkeun. Ngan geus tangtu aya ceda,
da sagala rupa teu bisa dijauhkeun tina dua sisi akibat: Budaya
permisif beuki ngangsreg, keur ngalakonan hiji hal , jalma teu kudu
mandang deui kana étika jeung sopan santun, da ayeuna mah geus zamanna
budaya global.

Meureun, ieu pisan anu ngaranna Cultural Shock téh. Sakumaha
Huntington nyebutkeun, budaya anu datang di mana mendi tuluy ngumpul
di hiji tempat bakal ngalahirkeun hiji lini. Hal-hal anu dipandang
anéh antukna makalangan dina kahirupan tapi jadi musuh utama
senioritas. Antukna ngalahirkeun hiji pasoalan anyar, teu sinkronna
sopan santun, kabiasaan anu diwariskeun ku karuhun jeung
budayakontémporér anu ngawujud dadak sakala di masyarakat.

Rasa melang ieu mangaruhan lain ka generasi 90an, tapi gedé pisan
pangaruhna ka jalma-jalma generasi 60-70-jeung 80-an. Naon sabab? Tilu
generasi éta ngarasa asa hiji hal anu dirampas jeung dirampog dina
kahirupanna. Handap asor ka saluhureun geus robah jadi pandangan
darajat manusa mah sarua, hadé ku basa goréng ku basa ogé geus
dirempak jeung dilarang da anu timbul nyaéta ngomong ku cara kumaha
baé ogé sarua, anu penting intisari jeung maksudna katepikeun.

Tilu generasi saméméh generasi 90-an tangtu boga rasa kamelang anu
pohara nalika étika jeung niléy-niléy anu diwariskeun ku karuhun ka
éta generasi kari-kari dikonfrontasikeun jeung budaya kiwari anu
lolobana disebut bébas niléy. DIsebut bébas niléy téh hartina, sagala
rupa tingkah polah teu kudu ngarujuk kana étika téologis hiji agama.
Éstu kudu ngébréhkeun kabébasan jeung kamerdekaan hirup hiji jalma. Nu
katénjo ku tilu generasi téa, lahirna generasi anu béda jeung alam
baheula tapi sarua jeung kaayaan di nagara-nagara maju taun 70an.

Conto leutik, konsér musik, live concert, acara ngumpul-ngumpul di
lapang sabenerna di Éropah mah geus mahabu di taun 6–70an ogé. Kumaha
histerisna para Beatle Mania waktu nénjo idolana konsér di Wimbledon?
Jadi keur ukuran Éropah mah budaya jeung gaya hirup kitu téh mangrupa
budaya heubeul. Anéhna, budaya taun 60-70an téh sumebar jeung
ditarimana ka nagara urang béh dieu pisan, saba’da réformasi. Hartina,
aya hiji hal anu leungit di nagara urang. Nyaéta stabilitas politik
jeung kakawasaan.

Kalalajoan ku urang ogé, kumaha beuki mahabuna konsér musik anu
disuguhkeun langsung ku Média-média TV, teu bulan Reuwah teu Puasa,
angger wé ari kana konsér mah anu ngalalajoan téh pinuh baé, nu béda
téh kumaha cara ngemasna. Sakapeung sok teu nénjo kana kaayaan anu
beuki heureutna kahirupan anu dialaman ku rahayat di urang. Panggung
pentas konsér baé nepi ka aya anu waragadna 1 Milyar. Ieu anu jadi
alesan beuki melangna para kolot kana cara gaul anu jadi budak.

Di imah jeung di sakola mah diatik ku adab jeung sopan santun, tapi
pangaruhna teu nepi ka dinya, barudak leuwih percaya kana budaya umum
anu keur ngetrénd. Siga kieu, lamun taun 70-80an asa éra paradah lamun
awéwé katénjo bitis, asa éra paradah deuih lamun katénjo ku anu jadi
kolot keur paduduaan jeung lawan jinis komo lamun jeung anu sajinis.
Hartina, étika téologis jadi panglima kahirupan sapagodos tur nyekrup
jeung budaya harita. Zaman ayeuna, budak sakola Kelas 3 SD ogé geus
diékpliotasi ku anu ngaranna industri musik jeung film, nepi ka
mangaruhan ka penggemarna. Budak umur 7 taun , ku mangsa kiwari mah
geus bébéléhéman begér, geus wani ngirim surat atawa SMS bari
ngébréhkeun rasa nyaahna ka anu dipibogoh.

Keur anu jadi kolot bari gedé pisan perhatian ka anu jadi anak mah ieu
mangrupa tangtangan, kumaha carana anu jadi kolot bisa nyeterilkeun
barudak tina pangaruh-pangaruh nu karitu.  Anu ku kuring
dihanjakalkeun ngan hiji, nyaéta leupasna institusi étika téologi dina
kahirupan urang. Saburaong-buraongna ogé barandalan taun 70an asa moal
leuwih angot ti batan préman zaman kiwari. Kusabab institusi étika
téologi masih bener-bener mangaruhan kana kahirupan jalma. Baheula mah
sieun teu jujur, sieun teu junun, sieun teu bisa ngaji, sieun teu bisa
ngarti,sieun teu bisa ngomong lemes. Ayeuna? Sieun teu beunghar, sieun
teu bisa komputer, sieun teu bisa ngomong Inggris, jeung
kasieun-kasieun anu sabenerna mémang dirancang ku hiji sistem.

Hasilna, kusabab institusi étika téologi geus teu mangaruhan kana
kahirupan. Zaman kiwari antukna kaluar Polisi Téologi, anu mana hiji
kelompok nyebarkeun sikep konfrontatif kana kahirupan zaman kiwari anu
ceuk maranéhna geus méngpar jauh tina pituduh Pangéran, saolah teu
bisa dibéréskeun deui, teu bisa dibenerkeun deui. Polisi téologi, ti
batan ngajak jalma sangkan asup deui kana instutusi étika téologi
karah beuki méngparkeun jauh masyarakat tina cekelan agama anu bener.

Sakuduna, hirupkeun deui institusi étika téologi. Budaya jeung
kaarifan lokal kudu mingpin deui kahirupan urang. Ngahudangkeunna
kumaha? Geus tangtu dihudangkeun ku sikep diri sorangan. Nalika sikep
handap asor, soméah, tara sirikan geus jadi ciri anu aya dina diri,
hartina urang geus mimiti ngagelar deui hiji institusi étika téologi,
anu mana… kahirupan bakal dipingpin ku sikep silih hormat lain silih
tonjok.

http://sosbud.kompasiana.com/2012/11/20/kolom-basa-sunda-institusi-etika-teologi-509568.html

-- 
http://www.kompasiana.com/ahsa


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke