Siti Rayati (6-10)
Moh. Sanoesi

Henteu lila manéhna di kebon lantaran kudu ngalongokan ka pabriék,
ngawakilan tuan Kawasa. Tuluy manéhna balik deui, tapi leumpang baé
mapay-mapay galengan, sarta béndina dititah dibawa ku bujangna.

Karék mah meunang sapuluh léngkah, reg manéhna ngarandeg, bari neuteup ka
hiji awéwé, parawan kira umur lima welas taun anu tungkul keur metik .....
seblak haténa inget ka nyaina Nyi Nénéng, lantaran éta awéwé beungeutna
rada sarimbag, ngan ieu mah umurna ngoraan baé ti Nyi Nénéng, atuh da
mémang ogé budak.

Tuluy ku tuan Steenhart disampeurkeun bari ditanya: “Saha manéh ngaran?”
“Su . . . . muhun Patimah,” wangsulna lalaunan.
“Geus lama manéh metik di dieu?” bari ngotrétkeun gerétanana ka sigarétna.
“Parantos sasasih,” wangsulna si awéwé bari tungkul, jongjon metik.

“Ja, ya,” tuan buluham-béléhém cara nu kumasép, ngégélan biwir, “lamun
panas manéh berenti baé, tinggal di ditu handapeun kai,” bari manéhna indit
deui muru ka pabrik. Dina sajeroning leumpang manéhna inget baé ka éta
awéwé; di pabrik ogé manéhna henteu lila, tapi tuluy baé balik deui ka
kebon, ngajugjug ka tempat si Patimah tadi. Barang gok ka hareupeunana
...... “Patimah!” bari manéhna ngodok saku nyokot lokét, “mau manéh
diperesén sama juragan?”

Si awéwé semu anu éra bari ngégél biwir nu ti handap, biwir beureum balas
nyeupah, ngagaroan pipina nu kempot, tapi cicing baé henteu ngajawab.

“Patimah mau?” bari seuri ngasong-ngasong duit.
“Mang ..... ga,” wangsulna, bari dongko nampanan.

Tapi ari haténa mah éstu tagiwur, aya atoh aya reuwas campur jeung risi,
sok sieun éta tuan aya pangarahna, lantaran tara-tara ti sasari manéhna
méré amis budi, sumawonna ieu mah maké méré duit sagala.

Beuki lila dipikir ku si Patimah, haténa beuki ratug tugteg teu pupuguh.
Duit anu saringgit ku manéhna ditungkus dina kandungan, sarta sapésér ogé
maéhna teu wanieun ngabancang.

Nyakitu deui ka indungna nu digawé di pabrik, milih entéh, manéhna henteu
bébéja dibéré duit ku tuan, tapi cicing baé sieun indungna ngambek, nyangka
nu lain-lain. Rupana ayeuna tuan Steenhart hégar, sarta sadatang-datang ka
imah, tuluy baé nitah kokina ngageuwatkeun dahareun.

Kakara ayeuna manéhna ngarasa hayang dahar, sarta katénjo ku manéhna ayeuna
leungit diganti ku kalangkang rupa si Patimah, katénjo imut ngagelenyu,
nyusutan ciseupah, nu beureum napel dina biwir ipis, nutupan huntuna nu
leutik lancip ngabérés bodas.

Ari dipikir kadinyana mah, cacakan manéhna henteu maké, mémang si Patimah
kaasup ka budak hadé, dasar boga wanda, alus tincak, bisa basa, ma’lum
budak gedé di Cianjur, turug-turug keur waktu indungna jadi koki di
Bandung, manéhna ngagandék di juragan wadana pangsiun Régol, anu istrina
jadi guru ngabedah, nyongkét, ngarénda. Atuh bubuhan boga dunungan percéka,
nya dina makéna ogé manéhna pantes baé nyurup-nyurupkeunana papakéan téh.

“Jaya!” cék tuan Steenhart bari dahar, “entong cios manéh nyaba téh?”
“Naha juragan?” wangsulna bari semu nu kagét.
“Akh, keur naon di sini juga teu kurang awéwé Jaya!”
“Sumuhun,” wangsulna bari tungkul semu nu handeueul inget ka tadi bakal
meunang bekel lima puluh rupia, jaba persén, jaba gajih rék ditaékkeun.

Ti waktu harita tuan Steenhart beuki getol baé ngarondana ka kebon, sarta
nu pangheula-heulana nu dironda nyaéta tempat metikna si Patimah. Didinya
kudu baé manéhna eureun, sarta mawa ngomong, ngolég, ngolo, ngabibita atina
si parawan. Tapi tetep si awéwé batinna teguh, pengkuh teu daékeun kagoda
ku sétan rancana. Beuki lila beuki loba paméréna si tuan sarta haté si
Patimah beuki yakin pangirana yén tuan mikaresep ka dirina. “Ya Alloh
.....,” manéhna sasambat dina haténa, “mugi-mugi Gusti nu maha suci maparin
salamet ka diri abdi anu keur sakieu diranjingna ku sétan idajil. Ari teu
kuli ..... éh kumaha atuh da butuh, indung geus ripuh, bapa geus teu boga.
Ya Alloh mugi-mugi Pangéran anu kawasa nangtayungan ka awak abdi .....,”

Tuan Steenhart beuki lila beuki manteng haténa micinta ka si Patimah, tapi
beuki nyedek anu mikarep, wuwuh mundur anu pengkuh, beuki risi anu nampik,
inget kabengisanana, kakasaranana éta tuan; sarta sajeroning cicing manéhna
mikir dina jero atina:

“Éh kumaha teuing lamun éta tuan maksa margahala ka diri aing ....”

Barang keur uleng manéhna mikir kitu, jebul mandor anu geus asak beunang
ngabadamian tuan Steenhart, datang nyampeurkeun ka manéhna, bari ngomong:
“Mun maké dudukuy Nyi metik téh, panas!”
“Akh keun baé juragan mandor,” wangsulna, “da teu gaduh.”
“Is, naha,” cék mandor, “nyokot baé isukan ka imah, loba duduky-dudukuy baé
mah ... aéh nyai poho bieu kalapa dua hulu, tuh dihandapeun katinggaleun,
cing pangnyokotkeun sakeudeung,” bari ditunjukkeun ku iteukna ka kebon béh
lebak, anu tangkal téhna geus gabug, teu beunang dipetik deui.

Mandor tuluy diuk api-api ngadagoan dina galengan, sarta si Patimah anu
samasakli henteu boga pikiran atawa ngandung timburu naon-naon, indit
ditiung ku saputangan beureum, ngajugjug ka tempat nu dituduhkeun tadi ku
mandor, rék nyokot kalapa. Barang nepi ka handapeun kai, manéhna luak-lieuk
ngilikan kalapa, tapi .... henteu aya, atuh da mémang ogé jijieunan wungkul.

“Ka dieu,” sora nu nyalukan titukangeun manéhna, diuk handapeun tangkal
téh. Gebeg si Patimah ngarénjag bari ngalieuk ka tukang ..... seblak haténa
reuwas jeung kagét nénjo tuan Steenhart ngagupayan manéhna bari nyenghél
seuri.

“Patimah, marih manéh, juragan persén,” bari ngébréhkeun salambar uang
kertas spuluh pérak.

Sakeudeung mah si Patimah ngajanteng baé ngahuleng inget kana titahanana si
mandor, sarta ayeuna ngarti yén manéhna ditipu.

“Keteyep manéhna leumpang lalaunan bari leungeun duanana nyekel susuna,
nyampeurkeun.”

“Jangan sieun sama juragan mah,” cék tuan Steenhart bari kerewek leungeunna
si Patimah dicekel ..... terus ditarik ka handap ..... tuluy didiukkeun
dina lahunanana ..... ngok dicium ......

“Tobat juragan, ampun abdi, badé dikumahakeun ku ieu abdi téh,” si Patimah
meungpeunan beungeutna ku saputangan urut tiungna.

“Is, tida kumaha-kumaha,” témbalna, “heh ini juragan maparin sapuluh
pérak,” bari kerewek awakna ditangkeup, ngok deui dicium.

“Aduh ampun juragan,” sasambatna si Patimah, luut-léét késang, meungpeunan
beungeut ku leungeun duanana.

“His, jangan sieun Patimah, nanti sama juragan dibelikeun samping dan baju
nu alus,” bari leungeunna nu meungpeunan beungeut di tarik ku manéhna ka
handap ....., ngok dicium ...... gep biwirna digégél ......

“Aduh ampun juragan,” si Patimah totorojolan rék indit tina lahunanana
tuan, bari cipanon rambay, baju cipruk baseuh ku késang, tapi tibatan
dilésotkeun mah, kalah beuki pageuh manéhna dicekelna.

“Cicing nyai,” pokna, “mau kamana, jangan sieun sama juragan mah,” bari teu
eureun-uereun ngagalémoh nyiuman.

Beungeut si Patimah pias, biwir karentob balas digégélan, awak pinuh ku
késang, teu béda jeung nu muriang keur bijil késang.

Tuan Steenhart anu rohna, anu batinna geus diandih ku iblis, dipindahan
sétan, tuan Steenhart anu ayeuna ngan tinggal sipatna atawa wujudna baé
mangrupa manusa, ruparupana tacan laksana nu dipikahayang, tacan dikabul nu
dipimaksud, tacan hasil nu cumantél di ati. Durudud manéhna ngudar baju
..... ngok si patimah dicium deui ..... nya tuluy kalawan paksa manéhna
ngajujur napsuna muaskeun kahayangna ......

“Ampun Gusti, ampun .....,” cék si Patimah.

Isukna manéhna henteu indit ka kebon, ngaringkuk baé diimahna, sarta ka
indungna bébéja muriang. Ku sabab éta indungna ogé kapaksa henteu ka
pabrik, teu iklaseun ninggalkeun anakna anu ngan sahiji-hijina tur gering.

“Naon anu karasa téh nyai?” cék ma Sarminah, indungna, bari tarang anakna
diragap, “his geuning ieu panas, geus bijil késang nyai?”

“Puguh tacan, ma,” wangsulna.

“Ké atuh urang baluran geura ku cuka nya, bari terus indungna nyiksikan
bawang beureum dirameus jeung cuka sarta tuluy dibalurkeun. “Pék disimbut
ayeuna mah nyai sing buni, engké ogé geura bijil késang.”

Si Patimah nurut baé dikieu-kieu ku indungna téh, sanajan manéhna saenyana
ngan ukur rada panas tiris. Tapi ari awak mah mémang ogé geus teu puguh
rasakeuneunana, sabuku-sabuku asa raremek, éta mah geus pada kama’lum
kusaréréa ogé.

“Naha nyi, gering dua poé maké pias ..... jeung ku naon éta biwir bareuh?”
si Patimah baluar-balieur api-api teu kadéngé indungna ngomong, bari geuwat
manéhna asup deui ka enggon ngadon ngedeng.

“Punten kulan ......,” mandor Sastra mukakeun panto, “kamana ieu téh sarepi
teuing?”
“Aéh calik juragan mandor,” cék ma Sarminah datang ti dapur.

“Puguh ngalayad, béjana Patimah gering kacida, nyeri naon cenah ema?” bari
gék mandor diuk nyanghareupan cempor.

“Nyaéta puguh muriang juragan mandor,” wangsulna, “tuh geuning ngajoprk di
enggon.”

“Puguh kuring ogé ema bieu téh tas ti tuan ménta obat nyareri awak pék
dibéré ieu, duka naon,” cék mandor bari botol anggur port paméré tuan
Steenhart dicokot ti gigireunana. “Cing urang ubaran ku ieu, sugan baé
cageur, ka dieu ma ménta cangkir jeung séndok.”

Anggur port dicicikeun tina botol kana cangkir sarta tuluy dikucek jeung
endong hayam atah, “Nyai!”, si Patimah digeroan, “cing inum heula ieu
sakeudeung, susuganan baé, pédah papatah walanda urang téh.”

Nu gering tarangna dibeungkeut ku carécét, kaluar ti enggon, dalugdag
daligdeug ka tengah imah.

Gék diuk, bari leguk nginum ubar paméré mandor, tapi ari dina haténa mah
dina sajeroning nginum ogé manéhna ngarti éta ubar mémang saenyana keur
manéhna, titatahan si Batu tuan Steenhart.

Si Patimah teu lila diukna di tengah imah, tuluy baé ngedeng deui ka enggon
ngarasakeun kanyerina, jeung mikir-mikir, ngalamun kumaha akalna sangkan
dirina salamet.

Nya kitu deui mandor Sastra henteu lila nganjangna, “punten baé atuh ema,”
cék manéhna bari indit, “sing geura cageur baé nya, geura lalajo wayang.
Tah ieu ma, kuring ninggalan lima pérak bisi nu gering aya kahayangna.”

Seblak haténa si Patimah di enggon, barang ngadéngé yén emana ditinggalan
duit ku mandor anu geus moal salah deui, cék dina sangkaan manéhna pamaéré
si Batu téa, tuan Steenhart.

“Nyai, ieu ema boga duit paparin juragan mandor, manéh bisi aya kahayang
cenah,” bari ma Sarminah indit ka enggon, némbongkuen duit ka anakna.

(HANCA)

Kirim email ke