Nyakitu lah di urang mah loba tukang tipu hehehe. Waspadalah... waspadalah... 
Kumaha weh carana mah.

Di Bogor loba oge nini-nini atawa Ibu-2 sok pura-2 beakeun duit rek balik ka 
lemburna jauuuh ceunah bari mamawa payung xixixi...  bari ceurik balilihan 
menta duit 40rb wkkk. Pamajikan pernah karunyaeun wkkkk dibere weh ceunah 
itung-2 sodakoh hahaha eeeeeh saminggu ti harita datang deui tapi beda 
jelema... Laguna sarua ceunah beakeun deui... Kuring seuri weh... Tuuuuh pan 
ceuk Aa oge anu nipu eta teh wkkk. Pamajikan bari nyiwit kanu cangkeng enya nya 
Aa... Da ari sugan teh bener ceunah karunya hahaha.

Ke geura engke datang deui nu lain da apaleun "bageur" teu wasa ari nyebut bodo 
mah ka Pamajikan da sieun di tongongan pas peutingna hahaha. Pek teh bener... 
Salain ibu-2 aya nini-2... Wkkkk. 

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: "mj" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 13 Dec 2012 17:03:44 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Spam
 kadatangan tamu ti cibedug

 

Hiji mangsa ka pangulinan, aya tamu, umur 25an, lalaki. Manehna nga sms
heula, ngaku datang di banten. Apaleun no hp uing sigana ti tata usaha.
Dibere cenah da ngakuna ti baduy, da biasa sok aya urang baduy, yaman acin
sok nyimpang jualan madu. 

 

Dialekna siga banten kidul, sunda kasar, make kula. Ka uing nyebut bapa
gede. Hehe. Mawa kaen hejo nu digambaran kaligrafi arab, nya sigi isim kitu.
Aya gambar masjid jeung pedang make kaligrafi arab gundul. Cenah titahan
abah saidi sarkam ti cibedug citorek lebak banten. Abah meunang ilapat cenah
kaen eta kudu dibikeun ka ngaran uing. Nya ditampa. Terus dibekelan 300
rebu.

 

Saminggu ti hari, aya sms deui ti hermawan, ngaran lalaki eta, yen manehna
rek datang deui, aya titipan ti abah saidi. Kitu deui caritana, abah saidi
meunang ilapat kudu mikeun barang ka uing. Isukna kemis, datang. Mawa badik,
rupana hideung seungit minyak japaron. Dibungkus kaen beureum jeung make
tasbeh tina kai. Aya surat ti abah saidi, cenah ieu barang pikeun uing, aya
ilapat kudu dibikeun ka uing jst. Dina badikna aya kaligrafi arab. Gagangna
herang, siga anyar keneh.  Kudu disampurnakeun cenah ku.domba hiji. Nya uing
nginjem heula duit 550 rebu ka tata usaha. Manehna terus balik.

Kungsi di Tanya, bisi  salah jelema, da uing mah turunan cacah, asa teu
pantes meunang pusaka jst. Cenah mere ieu barang lain kahayang abah, tapi da
aya pituduh ti karuhun., jst.

 

Peutingna nga sms. Cek abah, duit sakitu kurang keneh, da dombana kudu nu
meujeuhna nu hargana sajuta dua ratus rebu. Ceuk uing , talangan heula we.
Atawa cokot deui we barangna. Ih ulah kitu cenah da eta barang mangrupa
titipan ti karuhun pikeun bapa gede. Aya rasa panasaran jeung karunya, nya
ditransfer ka rek bri atas nama saha kitu da manehna ngirim no rek bri
rangkas bitung.

 

Nya panasaran, tatanya ka ditu kadieu, kaasup ka yaman acin baduy. Kade
cenah. Oge nanya ka babaturan sapangulinan. Aya nu ngabejaan, ati-ati cenah,
engke datang deui mawa barang naon kitu bari kudu ditebus atawa dimaskawinan
atawa disampurnakeun, kalayan duitna leuwih badag deui. Nya uing bari
panasaran hayang ngabuktikeun eta 'hipotesis' atawa pangalaman carita batur.

 

Enya. Kamari hermawan nga sms, manehna jeung abah rek datang langsung.
Hayang panggih jeung anak urang priangan cenah. Teg we. Pasti mawa barang
bari jeung menta duit pikeun 'mahar' leuwih gede. Enya, jam 11an datang.
Ngobrol kaditu kadieu abah saidi saikam eta siga ulama atawa kyai kampong
bari nyarita sagala rupa mawa asma Allah SWT, jst. Hate geus curiga sabab
manehna nyarita soal baduy. Yen manehna bagean ti baduy nu bodasna (baduy
jero). Urang baduy hideung ge sok tatanya ka abah cenah. Nya nyarita nu
patojaiyah. Terus ditanya ayeuna mawa naon? Mawa kujang cenah, lambang jawa
barat.  Dibikeun ka uing make upacara, babacaan du'a jst. Diilikan,kujang
anyar, disepuh brom siga emas aya kaligrafi arab gundul. Make sarangka. 

 

Ditanya kudu disampurnakeunana kumaha? Kudu sakeboeun cenah.  Seuri we.
Sabab enya, carita babaturan, yen engke bakal datang deui bari mawa barang
bari kudu diganti ku duit nu leuwih gede. Ayeuna menta duit saharga munding.

 

Nya disasaduan, hampura. Teu bisa. Ieu barang moal ditarima. Abah keukeuh,
yen eta barang kudu ku uing dicekel da titipan karuhun, jst.   Kuring rada
naek tensi. Cik ayeuna buktikeun ieu kujang barang pusaka, coba bisa teu
sina nangtung? Si abah cicing, kalah ngomong nu sejen. Terus we  manehna
maksa uing nolak. Kujang ieu cenah muncul sorangan kumplit jeung sarangkana
ti kahuripan, tujuh peuting meunang ilapat, ieu barang kudu dibikeun ka
uing. Ditanya, ari karuhuna saha ngarana? Urang mana? Jst. Manehna teu bisa
ngajawab. Antukna manehna sasadu, nya ari teu nampa mah rek dibawa balik
deui cenah, ngan menta salaku papada sunda, ulah nepi ka goring tungtungna
cenah. Sigana sieun diserahkeun ka satpam terus ka pulisi. Uing yakin abah
saidi jeung hermawan jenis penipuan tea, make modus benda pusaka. Malah cek
babaturan mah nu karitu boga jaringan cenah.

 

Naha ka uing? Sabab amang pan dekan anyar cenah, naek pangkat disangka loba
duit. Hahaha. Nyahoeun ti mana? Nya bisa we jaringan kitu mah neangan
informasi ti mana-mana.

 

 

 

 

 

 


Kirim email ke