Ku hasilna kieu; geus teu kudu dicatur deui; Ketua bakal tetep ka Sari. Tapi ayeuna mah enyaan Resmi jadi Ketuana. Nya sanggeus kitu mah diayakeun Pesta. Nyi Dedeh diangkat jadi Wakil; ari Nyi Inah dijadikeun Bendahara. Ari Nyi Oom; Mimin; Edah jeung Entin dijadikan pelaksana aturan jeung disiplin Paguron. Sanggeus sakabehna rengse; Sari ngumpulkeun sakabeh nu jadi pangurus paguron, terus we Sari nyaritakeun rek balik heula ka Giri Resik; lantaran geus lila ninggalkeun kulawarga; bari sakalian menta dihampura ti na geus ngabalukarkeun kasusahan. Nya Sari teh ninggalkeun Paguron kalawan tenang lantaran sagala geus dibereskeun; bareto mah can bisa ninggalkeun Paguron lantaran tanggung jawab tea. Episode ka 74 : Sarwa dipegat rampog Ayeuna urang nempo kaayaan di Giriresik, geus lila teuing ditinggalkeun; Ki Sarlita ayeuna geus kolot; jeung ku sabab dipangminggatkeun ku anakna Sari; ki Sarlita ayeuna jadi ririwit; meus2 gering, meus meus gering; jadi pausahanana dipasrahkeun we ka Ki Sarwa. Ku sabab sibuk jeung paciweuh pisan loba urusan; sakitu geus umur 23 taunan teh Ki Sarwa can wae kawin, da teu sempet tea; manehna riweuh ku pausahaanana; nu enya2 dipajukeun ku Ki Sarwa. Pausahaan bapana leuwih maju deui sanggeus dicekel ku Ki Sarwa mah; lantaran kahiji Ki Sarwa rajin, kadua bakatna alus pisan; jeung gede wawanen enya ge teu bisa elmu kanuragan. Matak kapake pisan ku Kumpeni mah Ki Sarwa teh jeung saperti bapana manehna sukses wae satiap aya pesenan ti gupernemen teh; tara nguciwakeun. Manehna ge boga hubungan alus jeung Maung Hideung; atuh pausahaan manehna mah lancar we ka Batavia teh; tara aya nu ngahalangan. Manehna ge boga Pasukan Pangawal husus para pendekar; nu digajih ku manehna pikeun ngajaga barang2 nu dibawa ku Ki Sarwa. Keur ngawal manehna pribadi, manehna ge boga tilu Pendekar Silat nu lumayan oge. Na hiji mangsa Gupernemen menta ka Ki Sarwa supaya mawa barang2 furniture ti Jepara ka Batavia; liwat darat; lantaran cenah waktu2 ieu Kumpeni keur kasusahan di laut; lantaran sering perang lawan Prancis atawa Inggris; jadi Kumpeni mikir yen liwat darat leuwih aman, ti batan liwat laut; ku sabab kitu Gupernemen di Batavia sanget nya percaya ka Ki Sarwa; yen manehna bakal salamet mawa eta barang2 nu dibutuhkeun ku Kumpeni ti Jepara ka Batavia. Soal duit, tong jadi masalah cenah; sabaraha wae bakal diganti ku Kumpeni; soal bayaranana eta ngitungna lain deui cenah. Hanca
