tamba keueung, kantor simpe geus aya dina suasana liburan, kuring kutrat-kotret. nyanggakeun hasilna saaya-aya. ieu versi panjang tina hasil maca kuring kana carpon ang godi "Uwak-Awik" tea. tamba gado ngaburayot!!!
-- *Maca Godi Suwarna "Uwak-Awik"* Rumasa, telat macana puguh kuring téh. Padahal éta carita pondok téh medal di Majalah Manglé No. 667 tanggal 5 April 1979. Ngan kétang, kuring keukeuh moal bisa maca saharita ieu majalah medalkeun éta carpon, da kuring mah angkatan 80-an. Héhéhé. Kuring anyar maca éta carpon di hiji milis kasundaan kahot, [email protected]. Nuhun ka Ki Hasan ( [email protected]) nu dina tanggal 19 Désémber 2012 ngambulkeun carpon éta di milis. Langsung dibaca tah ku kuring. Maklum, kuring penggemar beurat carita-carita karangan Godi Suwarna. Tapi, omat tong diucah-acéh ka batur, komo ka jinisna nya, yén kuring anyar meuli jeung maca carita-carita Ang Godi dina sabuku "Murang-Maring" wungkul. Ditambah fiksimini-fiksimini-na nu disebarkeun di group Facebook "Fiksimini Basa Sunda"/FBS. Maca kurang ti sapersapuluhna ge geus karasa ieu carita téh "Godi Banget". Saperti nu kungsi ku kuring kabaca dina kumpulan carponna "Murang-muring", réa tokoh caritana nu teu umum. Coba wé bayangkeun, tokoh utama dina éta carpon téh pan wayang golék, wayang kai, tapi dina carita godi mah bisa gerak jeung ngomong sorangan. Harirup, sapanjang dalangna keur saré. Maca ieu carpon ogé urang lir ibarat nonton film "Toy Story". Nu paling karasa bisna mah, keur kuring, pas dalang nu mawa gelas rék nyokot cai inum ka dapur. Kabéh wayang nu keur hirup jero dapur, ngadadak kabéh "balatak", sakedét saméméh Dalang mireungeuh wayangna araya di dapur. Film "Toy Story" téh film animasi jieunan Pixar nu medal munggaran taun 1995, 16 taun sanggeus carpon "Uwak-Awik" medal di Manglé. Jadi, aya kamungkinan, film "Toy Story" diilhaman pisan ku éta carpon. Ngaku siah,Steve! héhéhé.. Girasna wangwangan (imajinasi) Godi, nu remen ngabongkar wangwangan tokoh nu geus nyampak dina hulu jelema séjén, karasa pisan basa wayang-wayang ngamimitian démo, hal anu geus dirarancang ku wayang basa keur harirup di dapur téa. Basa Dalang nyabut gugunungan, ponclotna bitu, Wayang ngadadak nolak dipaénkeun Dalang. Wayang ngalawan Dalangna. Silih herengan. Nepi ka wayang perang jeung manusa nu nyampak di balédésa. Tempat ngawayang harita. Dalang, nayaga, sindén, kuwu, hansip, kapala kaamanan, jeung panongton séjén ngalawan Gatotkaca, Darmakusumah, Arjuna jeung wayang séjénna. Perang pungkas sanggeus kabéh wayang jeung jelema béak. Jalma paraéh di tandasa wayang. Golék béak dicacag, diidek, digaley, digélang, nepi ka jadi bubuk jiga tai ragaji ku jelema. Iwal... Dalang nu jelema, jeung Semar sabondoroyot nu golék, nu tetep hirup téh. Sabab, Si Cépot kaburu nancebkeun gugunungan kana bagedor. Tanda lawang sigotaka ditutup. Tah, nya sanggeus lawang ditutup ieu, kuring manggih kahareneg. Ati ngadadak medenghel. Naha kudu aya kalimah "Carita nu kaleuleuwihi téh urang pungkas nepi ka palebah dieu!" keur mungkas ieu carita? Jadina teh, wangwangan kuring, nu sapanjang carita diapung-apung ku nu ngarang, ngan sasekon saacan crot, muncrat nyundul langit ka tujuh, ngadadak digubragkeun deui ka jungkrang. Ngulahék. Nyeuri siah, ang! Padahal, dina grup FBS, Aang asa kungsi mapagahan ulah mungkas fikmin ku "yén fikmin ieu teh ukur ngimpi", sanés? Laju ngelemeng deui sapananya, naha Ang Godi kiwari masih nganggap, carita nu dumasar kana girasna wangwangan téh ngan ukur "carita nu kaleuleuwihi" nu kudu geuwat-geurat "urang pungkas"? Mmmmm... mun masih téh. Cag kahareneg urang pungkas nepi ka dieu heula. Cek Ki Hasan, di milis urangsunda, Carpon "Uwak-Awik" éta kungsi matak gujrud. Pada ngaréntog, samalah dipakaitkeun jeung urusan Pangéran sagala. Teu anéh, cekéng téh. Karya nu mahiwal mémang remen ngondang pro-kontra. Jeung teu ahéng ogé lamun carpon ieu téh laju dihubungkeun jeung kaPangéranan. Dina basa Sunda pan aya babasan nu nyebut "Hirup darma wawayangan" nu hartina jelema téh jiga wayang. Hirup kumaha dalang. Saha dalang kahirupan? Seueur nu ngaku dalang kahirupan téh pan Pangéran, sanés? Jadi teu salah-salah teuing lamun carpon ieu disangkutpautkeun ka hubungan manusa jeung Pangéranna. Ngan éta ogé teu bener-bener teuing. Sabab salian ti dalang dina ieu carita pan aya kuwu, aya Pa Sunaryo nu penilik SD, aya hansip, aya kapala kaamanan, aya panonton. Sanés maranéhna sakabéh téh sarua jeung Dalang? Lamun Dalang disamikeun jeung Pangéran, naha Kuwu, Pa Sunaryo, Hansip, Kapala Kaamanan, jeung panonton ge Pangéran? Lamun ieu disurupkeun ka kahirupan jelema Sunda bihari mah bisa jadi nyurup. Ngan lamun di alam kiwari, asa teu nyurup pisan. Pan cek cenah gé kiwari mah "Sunda téh Mangéran nu ahad, nu Mangéran ahad téh Sunda", sanés? Jadi lamun aya urang sunda kiwari nu nyeuneu ka anu ngarang sabab nu ngarang jiga nu ngulinkeun Pangéran, éta mah kaleuleuwihi. Cekéng! Halah, panjang ogé pangcaprukan téh geuning. Tos urang tancebkeun gugunungan, urang tutup lawang sigotaka. Urang kencarkeun wangwangan di tempat séwang-séwangan heula. Sina giras.... ah! -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
