“Hehehehe … sampeyan nyebut embung ngahina ka nu leuwih ngora; tapi eta sampeyan ngahina ka nu teu walakaya … buktina ngaborogod jelema tanpa dosa; hayoh geura leupaskeun !”
Sabenerna mah Ki Widagdo jeung anak buahna geus teu sabar; tapi ku sabab eta wanoja tadi sakali maledog geus ngagusrakkeun salah sahiji anggotana, jadi teu wani gagabah. Tapi ayeuna omonganana kadesek, jadi serba salah; tapi na pikiran Ki Widagdo ah sagagahna ge budak awewe; moal sabaraha; sedeng keun urang lobaan; mun teu dicoba, bakal ngaragragkeun harga diri Singa Barong. “Eh budak awewe … nu masih bau jaringao … tong nyalahkeun kula mun ayeuna kula nyieun tindakan ka maneh … sebutkeun saha ngaran maneh ? jeung saha guru sampeyan !?” Ki Widagdo geus nanya pananya nu tadi deui. “Hahahaha ! rebingkeun ceuli sampeyan sakabeh; ieu Kuring Epon Pendekar Wanita Alas Purwo ! Gancang sampeyan leupaskeun eta tawanan ! mun henteu …. “ “Hahahaha … mun henteu bisa naon sampeyan ?!” Hiaaat ! plak ! Ki Widagdo ngajungkel sabab kacabok ku eta pendekar Wanita Alas Purwo; nu memang Nyi Epon. Nyi Epon sanggeusna ditulungan ku Mawar Hideung, terus dibawa ku Nini Anti; nu nyata Nyi Padmini. Ti harita Nyi Epon dilatih enya2 ku Nyi Padmini; kabeneran Nyi Epon oge boga ambisi nu gede pisan hayang jadi Pendekar jadug/tangguh. Nya atuh kamajuan Nyi Epon teh gancang pisan; keur mah memang geus dibere dadasar saencanna; atuh gancang pisan ngartina ieu Nyi Epon teh. Elmu naon wae dilatih enya2; nepi ka Nyi Padmini ge gogodeg; paingan cenah manehna ti barang nempo Nyi Epon di Wanayasa geus cop hayang ngangkat murid; lantaran cenah Nyi Epon teh ngingetkeun Nyi Padmini waktu manehna keur ngora; sifat2 Nyi Epon loba sasaruan jeung diri Nyi Padmini. Ambisi jadi jago silat. Enyaan Nyi Epon teh diogo oge ku Nyi Padmini; Nyi Padmini enya2 nurunkeun sagala kabisana ka Nyi Epon. Jadi ayeuna mah tinggal Nyi Epon mraktekkeun we; enya di na elmu tanaga jero mah rada kurang; tapi kagesitan ngan ukur eleh ku Mawar Hideung. Kitu cek Nyi Padmini; nu matak Nyi Epon barang dititah praktek; langsung we kaluar ti Alas Purwo sanggeus ngusapan si Belang; da eta Maung Lodaya lindeuk oge ka manehna ayeuna mah. Hanca
