Ayeuna keur jaman emansipasi, dimana awewe boga kamampuan dina perkara 
"menguasai" elmu pengetahuan dina sagala widang
Tapi cersil Sunda Bah Abas geus miheulaan emansipasi, awewe oge boga kamampuan  
dina perkara elmu kanuragan.

mrachmatrawyani





________________________________
 From: Abbas Amien <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Thursday, January 3, 2013 1:58 PM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 318
 

  
“Ieu bedog enyaan … tempo tuh “ bari serepet bedog dipesat …
mani ngagurilap tanda eta bedog teh enya seukeut.

“Ah tapi loba bebedogan dijieun nyarupaan bedog … tah sarua
jeung nu maneh Utari.” Cek Nyi Epon nambahan panas Utari.

“Eeeeh maneh teh  ngajak ngesang … ?!” Utari tipopolotot.

“Cek uing bebedogaan … bebedogan …” Can ge tutup Nyi Epon
nyaritana heaaat ! Utari nyerang ku jurus bedog ; tapi manehna teu niat
nyilakakeun Nyi Epon ngan hayang ngajar adat wungkul. Tapi eta serangan gampang
pisan dicingcetkeunana ku Nyi Epon; bari terus seuseurian :”Hahahaha … tuh pan
bebedogan ! moal enya teu keuna tah ngadekna !”

Utari keuheuleun pisan terus nyabet deui ku hiji sabetan nu
masih bobodoan; ari nu enya mah sepakanana, ka na pingping Nyi Epon maksudna
hayang ngarubuhkeun Nyi Epon ku sakali gebrak; aing geus diajar silat ku Kang
Mas Demang; ieu si Epon teh paling ge awewe kampung, ngan ukur boga kawani
wungkul; kitu pikiran Utari; tapi eta tajongan nyamos nalipak angin.

“Hahahaha … ulah tujang tajong atuh ari teu bisa mah neng
Utari!” cek Nyi Epon bari nyeungseurikeun.

  “Eh maneh teh hayang
cilaka siah !?” Utari mani tipopolotot ku ambek2na.

“Ah cilaka mah embung … ngan resep lalajo nu keur nari bedog
…”Nyi Epon beuki tambah2 adat ngalelewaanana.

Atuh Utari nu tadina mah embung nyilakakeun Nyi Epon jadi
bener2 amarah pisan; terus wae nyerang enyaan ayeuna mah … na pikirna awewe
kurang ajar kieu mah pantes mun narima hiji dua kadekan ti aing … tuman.

Tapi najan geus enya2 nyerangna tetep we Nyi Epon teu
kabeunangan ; padahal Nyi Epon teu nyekel senjata nanaon … sanggeus sawatara
jurus, Utari sadar yen nu dilawan lain awewe kampung biasa; pasti boga cekelan
ilmu kanuragan luhur; wah aing kumaha yeuh diteruskeun salah; dieureunan salah?
Utari rada bingung.

“Hahahaha … naha make eureun ? Utari ! geus cape ? tuh
istirahat heula di handapeun itu tuh tangkal Waru … da moal ditinggalkeun !”
Nyi Epon nambahan deui ngagodana.

Utari sadar yen mun manehna ngalajur napsu ka ieu Nyi Epon,
manehna loba rugina ti batan untungna; padahal manehna ngahaja kaluar ti
Kademangan Batu Urip rek neangan Kang Jalma; tapi can naon2 geus panggih jeung 
awewe
kampung nu pikasebeleun … Wah.

Uteri ahirna rek ngaleos deui wah karo2 gelo ngalawanan ieu awewe
kampung mah, maning ge indit ti dieu sing jauh. 


Bari ngasupkeun bedogna Utari
terus luncat ti dinya ngajauhan Nyi Epon, berebet we lumpat tarik pisan teu
make tujuan, pokona ngajauhan Nyi Epon.

Hanca
  
 

Kirim email ke