Episode ka 75 : Ngalamar Nyi Epon
Ti harita di Giri Resik; di imahna Ki Sarlita loba jelema nu kaprak keprek nyiapkeun sagala rupa nu perlu pikeun ngalamar ka Leuwiseeng; Ki Sarlita ku sabab geus kaleungitan anak, nya eta Sari, nu nepi ka ayeuna taya wartana pisan; embung nyieun kasalahan kadua kalina; nya ayeuna ka saha wae asal anakna bogoh bakal diturutkeun, moal dihulag deui; hasilna mah kuma behna we. Kitu pikiran Ki Sarlita. Katambah deui ti baheula dititah kawin Ki Sarwa , nolak wae; pajarkeun sibuk ngurus usaha ke we heula kawin mah gampang. Tah ayeuna anakna geus daekeun; iraha deui neangan waktu nu alus saperti kitu ?! Di antara nu dibawa ku rombongan ki Sarlita pikeun anakna ngalamar; nya eta barang2 sarupaning papakean jeung bahan pakean sabangsa sutra nu aralus; da eta kahayang Ki Sarwa kudu kitu cenah. Ku sabab kitu loba pisan badega nu dibawa nepi ka ngaratus; ngiringkeun Ki Sarwa jeung Ki Sarlita; tambah Pangawal2 Jago silat. Diantara para badega aya hiji jelema HIDEUNG; nu Ki Sarwa jeung Sarlita teu apal; tapi dianggap eta teh salah sahiji nu memang ditarik we ku badega2 sejenna. Ari badega2 sejenna oge teu pati apal; ngan nganggap geus diangkat meureun ku Ki Sarwa atawa Sarlita. Ngan Ki Sarlita saliwat, asa2 ka eta jelema teh … asa geus nempo … tapi dimana ? teu apal persisna ? ngan ieu mah asa kuleuheu jeung hideung pisan … nya teu papanjangan, terus we ieu rombongan teh nuju ka Leuwiseeng. Di jalanna oge teu dipegat ku Gorombolan Maung Hideung; malah dikawal nepi ka wates Leuwiseeng; da dianggap eta Ki Sarwa jeung Ki Sarlita teh boga hubungan jeung Jalma; jadi maranehna ngahormat pisan; atuh lancar we perjalaanan teh teu aya nu wani ngagunasika. Caritana nepi we ka Leuwi seeng; Ki Astahiam jeung pamajikanana kacida kagetna barang nempo iringan sakitu panjangna jeung mawa barang sakitu lobana; tambah kaget deui waktu nyaho yen maranehna ngahaja daratang ka dinya rek ngalamar Nyi Epon ! Atuh harita keneh pamajikan Ki Astahiam, indungna Nyi Epon kaprak keprek masak bari bungah; ngan Ki Astahiam rada bingung ; kumaha nya si Epon ? Mangkaning eta budak teh teu bisa pisan diwujuk ? Jeung ka mana eta budak teh ? Tara betah di imah ? Luas leos wae ? Ah pasti di imah Nyi Emeh. Bari leos we Ki Astahiam ka imah Nyi Emeh; sanggeus tomada ka semah, rek neang NYi Epon. Hanca
