Ngong we Ki Sarlita biantara :”Assalamualaikum … sim kuring dongkap ka ieu Leuwiseeng, teu aya sanes mung bade midamel duduluran ka ieu Kang Astahiam … lantaran anak kuring Ki Sarwa , banget nya panuju ka putrana Kang Astahiam nya eta Nyi Epon, cohagna Kuring bade mileuleuheung ka Nyi Epon, putrana Kang Astahiam.”
Ger we balarea nu ngumpul teh kaleprok teu karasa deui , ku ti na milu panujuna; lantaran memang Nyi Epon teh kasohor pisan awewe tampikan, maranehna hayang nyaho kumaha tah ketak/reaksi Nyi Epon, dilamar ku nu beunghar model Ki Sarwa ? Mangkaning babawaanana kaasup loba; malah kaleuleuwihi ! Eta Nyi Epon, kaciri keuheuleun pisan ka Ki Sarwa ;ti kajauhan manehna molototan; atuh Ki Sarwa teh rada ngadegdeg oge; tapi kumaha da geus kapalang tea ? Nya terus we Ki Sarwa nekad. Giliran Ki Astahiam ayeuna nu kudu nyarita; Astahiam bari daria, pok nyarita :”Kuring bungah pisan; ceuk paribasa mah bungah amarwata suta; bungah ka giri2 ku datangna Ki Sarlita nu niatna hade pisan; kuring sabage bapa Nyi Epon bungah nu aya, caang bulan opat welas narima pisan; ka na kapalay salira nya eta Ki Sarlita ; kanggo ngajodokeun putranya nya eta Ki Sarwa; kuring nampi pisan. Ngan wae “ Reg Ki Astahiam eureun heula ; nu nyaksian pada nahan napas, hayang gura giru nyaho naon nu jadi halangan Ki Astahiam. “Tah, da nu bade nikah teh lain kuring; tapi anak kuring … nya eta Nyi Epon; tah ayeuna di payuneun para saderek sadaya kuring bade nalek pun anak nya eta Nyi Epon …” Cek Ki Astahiam bari malik ka Nyi Epon, nu ti tatadi ngarerepeh, tapi kaciri rada keuheul nempo kaayaan nu sarupa kitu; tapi manehna ngarasa teu wasa da asa dibongohan; asa dipaksa ku sa desa; asa ditalikung ku sakampung; tapi ayeuna manehna dibere kasempetan ngajawab; ti na cakueum baeud ayeuna beungeutna marahmay; loba nu nyangka tuh geuningan ari ka nu beunghar mah daekeun tah si awewe tampikan teh ! Nyi Epon bari tatag pok nyarita:”Nuhun bapa tos masihan waktos ka kuring; yeuh kuring ayeuna ngumumkeun yen kuring mere kasempetan ka sing saha wae nu daek ka kuring; bari teu kudu babawaan saloba loba kitu ! Hiji we sarat ti kuring mah : Saha wae nu bisa ngelehkeun kuring di na tarung; tah ka dinya kuring bakal nikah !” atuh harita keneh ribut nu komentar; sabalikna Ki Sarwa mani murengked, beungeutna sepa; lantaran nyaho yen manehna nyatana geus ditolak sapajodogan ! Da saha lalakina nu bisa nandingan Nyi Epon nu sakitu jagona ? Kapan basa eta ge puluhan rampok disikat ? Hanca
