Aya artikel, beunang nyalin ti forum FBS.
===

LEUNGIT BASA, LEUNGIT BUDAYA

Tarjamahan ku Ed Jenura dina forum Fiksimini Basa Sunda
https://www.facebook.com/groups/fikminsunda

K. David Harrison teh dosén Linguistik di Swarthmore College sakaligus
Diréktur Risét Living Tongue Institute for Endangered Languages.
Panalungtikan étnografina ngawengku élmu pangaweruh masarakat suku pribumi,
carita rahayat, dongéng lisan, jeung sistem paélmuan. Hasil
panalungtikanana dituliskeun dina buku, When Languages Die: The Extinction
of the World's Languages and the Erosion of Human Knowledge wedalan Oxford
University Press (2007). Film dokuméntér ngeunaan panalungtikanana, nu
judulna “The Linguists”, asup nominasi Emmy Awards. Di handap ieu
tarjamahan hasil wawancara jeung K. David Harrison --hapunten bilih aya nu
lepat, dikutip ti rupaning sumber. Mugia mangpaat.
***

Kiwari cenah aya sababaraha rébu basa di sakuliah dunya nu saabad ka hareup
bakal punah. Naha bisa kitu?

Jumlah pastina mah kuring teu nyaho, tapi mun teu salah, aya kurang leuwih
tujuh rébu basa di dunya téh. Réa jalma nu curinghak ngadéngé jumlah ieu,
"Naha geuning uing teu apal?" cenah. Nya pantes teu apal ogé. Para élmuwan
basa geus ngiker-ngiker yén sahenteuna satengah tina 7000-an basa ieu téh
bakal punah jero 10-100 taun ka hareup.

Salah sahiji alesan basa bisa punah nyaéta lantaran basa éta ngalaman
prosés invisibilisasi alias ngaleungit atawa tara dipaké deui lantaran
panyaturna ngolotan. Salah sahiji conto kasus na nyaéta kasus Marie Smith
Jones, panyatur pamungkas basa daérah Éyak (salah sahiji basa daérah di
Alaska). Anjeunna tos pupus taun 2008. Ku maotna Marie, basa Éyak punah.

Jalma-jalma siga Marie Smith Jones biasana cicing di tempat nu nenggang,
béda kampung, atawa pajauh jeung sasama panyatur basa daérah séjénna.
Antukna, basa nu dikawasana éta teu dipake dina paguneman sapopoé, malah
bisa jadi kulawargana euweuh nu nyaho yén aya anggota kulawargana nu bisa
nyarita ku basa daerah éta.

Dumasar sénsus taun 2005, aya 204 basa daérah nu panyaturna kurang ti 10
urang jeung 344 basa daérah nu panyaturna kari 10-99 urang deui. Upama
panyatur-panyatur ieu cicingna misah, laun-laun basa éta teh jadi simpé,
teu dipaké dina paguneman deui, laju ngaleungit, saméméh ahirna punah
sanggeus panyaturna maraot.

Siga nu saab panginten nya? Kawitna mah katingal, lami-lami ngipisan, laju
ilang.

Kitu pisan.

Lebar, nya?

Mungguh pikamelangeun keur nu paduli kana pentingna élmu pangaweruh jeung
budaya mah.

Salian ti nenggang, béda kampung atawa pajauh, naon deui nu bisa jadi sabab
punahna basa daérah? Naha ieu teh aya hubunganana jeung globalisasi sarta
tiori seléksi alam?

Basa bisa punah alatan loba sabab, tapi sabab utamana -- di alam
globalisasi ayeuna, nyaéta ayana intervénsi ékonomi jeung sosial kana
widang basa. Panyatur basa daérah saolah-olah dipaksa mopohokeun basana
lantaran dikudukeun ku kaayaan. Maranéhna jadi percaya -- lantaran aya
kultur nu leuwih dominan, yén basa nu dipaké ku maranéhna teh buhun,
kampungan, moal matak maju, atawa teu cocog jang kapentingan dunya modérn.
Hiji-hijina jalan ngarah bisa ngigelan jaman nya kudu “ganti létah”,
nyarita ku basa nu sipatna leuwih global.

Salah sahiji conto kasus dicaritakeun ku Spartak K., salah saurang panyatur
basa daerah Tofa di Sibéria nu lahir taun 1930. Manéhna ngadongéng yén
masarakat Tofa ngalaman diskriminasi jeung paksaan pikeun jadi urang Rusia.
“Taun 1950-an, urang Tofa teu meunang asup ka toko upama maranéhna maké
baju kulit has Tofa. ‘Dibaju cara urang Rusia heula, kakara meunang
balanja!’ kitu, cenah. Suku Tofa gé dicaram maké basa daérah di wewengkonna
sorangan. Laun-laun, kuring jeung nu séjén eureun nyarita ku basa éta.”

Nu kieu teh salah pisan. Pikeun mampuh nyarita maké basa global atawa
pikeun ngigelan jaman, urang teu kudu eureun maké basa daérah.

Jalma nu bisa nyarita leuwih ti hiji basa bakal reuwas pisan upama hiji
poé, manehna ujug-ujug dititah jadi monolingual (jalama nu nyarita ukur ku
hiji basa). Basa mana nu kudu dikurbankeun atawa diécagkeun? Tangtu kana
liwungna. Keur uing pribadi --nu geus biasa nyarita boh ku basa Inggris
atawa Perancis, konsép monolingual teh absurd kacida. Leuwih absurd deui
lamun nu ditanyana panyatur nu bisa boh basa Cree (salah sahiji basa daérah
di Kanada) atawa Inggris, upamana. Urang teu bisa kitu waé nyaram batur
sina eureun maké basa daérahna. Justru sabalikna. Barudak bakal leuwih
calakan mun maranéhna ngawasa dua atawa loba basa (multilingual).

Naha basa nu ukur dipaké dina tradisi lisan tapi teu boga tradisi nulis
bakal leuwih gancang punah?

Lisan jeung tulisan téh dua hal nu sama sakali béda. Kalolobaan basa nu aya
di dunya teu boga tradisi tinulis jeung teu butuh tradisi ieu pikeun éksis
atawa dianggap onjoy sanajan enya, ayana karya tinulis bisa manjangkeun
umur hiji basa. Hiji gagasan bisa ditepikeun jeung disebarkeun di hirup
kumbuh ku ayana tulisan. Tapi nulis teh hiji téknologi nu kawilang ngiwari.
Tradisi lisan miboga kaleuwihan séjén nu mandiri. Hanjakalna, lantaran
urang geus dibiasakeun hirup dina tradisi nulis, urang teu pati ngahargaan
kabeungharan jeung kaampuhan tradisi lisan.

Janten kumaha?

Aya tilu faktor nu ngalantarankeun hiji basa bisa leungit. Faktor kahiji,
nyaéta ayana rupa-rupa basa di sahiji wewengkon. Wewengkon mana nu
masarakatna paling multibasa? Faktor kadua, nyaéta kamungkinan punah.
Wewengkon mana nu basa daerahna saeutik panyaturna? Faktor katilu, basa
mana nu dokuméntasina paling saeutik? Loba pisan basa daerah nu teu boga
dokuméntasi mangrupa kamus atawa rékaman atawa arsip pikeun dibaca atawa
dijadikeun bahan ajar keur balaréa. Tah, upama tilu faktor ieu ngahiji
–rupa-rupa basa di sahiji wewengkon, lolongkrang punah jeung saeutikna
dokumentasi, hartina basa éta bakal punah. Kari nungguan waktuna baé.

Uing gawé bareng jeung Dr. Greg Anderson ti Living Tongues Institute for
Endangered Languages pikeun nalungtik hal ieu. Panalungtikan ieu gé
mangrupa bagéan tina program Enduring Voices nu diayakeun ku masarakat
National Geographic. Uing duaan geus nalungtik kurang leuwih salosin basa
nu dikira-kira bakal leungit, kaasup dua di Amérika Kalér, hiji di
Oklahoma, hiji di Pasifik Wétan, hiji di British Columbia, Orégon,
Washingon jeung California. Séjénna sumebar di Paraguay, India, Papua
Nugini, jeung Sibéria. Hasil gawé uing duaan bisa dipaluruh di
http://www.livingtongues.org. Di wébsite éta disadiakeun peta interaktif
jeung katerangan ngeunaan basa-basa di sakuliah dunya.

Lian ti basana sorangan, naon nu bakal ilang lamun hiji basa punah?

Ieu panalék nu alus pisan. Lolobana jalma mikir siga kieu, "Sigana bakal
leuwih hadé lamun kabéh jalma di dunya nyarita maké basa Inggris." Uing teu
satuju kamandang éta. Singsaha waé nu bisa nyarita maké dua basa
(bilingual) tangtu apal yén teu kabéh basa bisa ditarjamahkeun ti hiji basa
ka basa séjénna sacara langsung. Aya konsép jeung pola pikir ngeunaan dunya
nu béda dina basa nu béda. Bakal karasa aya nu pegat atawa leungit lamun
urang nyobaan narjamahkeun hiji basa ka basa séjénna kitu baé.

Pikeun jalma nu monolingual jeung can kungsi ngalaman kumaha hésé bélékéna
narjamahkeun, uing rék nyarita: pék geura toongan sistem élmu pangaweruh nu
kacida beungharna, sistm nu geus ngabuktikeun yén manusa-manusa tradisi
atawa suku bangsa asli (pribumi) téh leuwih apal urusan ékosistemna tibatan
deungeun-deungeun.

Contona?

Dina buku When Languages Die, uing nulis, “Upama hiji basa punah, hasil
karancagé uteuk salila mangratus taun ogé tangtu bakal milu punah. Conto
hasil karancagé uteuk di dieu misalna sistem kalénder, sistem usum,
ngaran-ngaran sato jeung tatangkalan, logika ngitung, mitos, musik, cara
hirup, jeung sajabana.” Teu kabéh bangsa bisa nyieun monumén atawa
prasasti. Tapi kabéh bangsa mibanda basa jeung kosa kecapna sorangan.

Buku uing éta loba pisan nyaritakeun kabeungharan basa daérah di Sibéria,
lantaran di dinya pisan uing lolobana ngayakeun panalungtikan. Di dinya
uing loba tatanya ka suku pribumi Tofa ngeunaan sistem luar biasa nu dipaké
ku maranéhna pikeun nyieun klasifikasi raindeer (sabangsa kidang). Suku
Tofa ngawilah-wilah raindeer dina opat dimensi matrik: dumasar umur,
jalu-bikang, lindeuk-henteu, sarta subur-henteuna. Éta téh sistem élmu nu
ruwet kacida. Raindeer teh sato nu kacida pentingna keur sukuTofa mah:
dagingna didahar, kulitna dijieun baju, ogé ditumpakan --siga kuda. Teu
anéh mun maranéhna apal pisan kana rupa-rupa raindeer. Pangaweruh ngeunaan
sato ieu dipaké ku maranéhna pikeun ngajaga kalumangsungan hirup di Siberia
nu alamna gangas kacida. Euweuh kecap pikeun ngawilah-wilah raindeer ieu
boh dina basa Rusia atawa basa Inggris. Jadi, lamun maranéhna dipaksa bari
rurusuhan kudu pindah ka basa nu leuwih global, pangaweruh ngeunaan
raindeer ieu bakal leungit.

Urang ayeuna geus loba kaleungitan élmu ngeunaan tutuwuhan obat, ékosistem
laut, jeung rupaning paré nu jumlah variétasna kurang leuwih 120 rébuan.
Loba di antara variétas paré ieu nu ngaran jeung rupana ukur dipikanyaho ku
suku bangsa pribumi. Hanjakal pisan upama pangaweruh ieu leungit. Loba
pisan nu can katalungtik.

Ti taun 1600-an, dunya nyatetkeun punahna 484 spésies sato jeung 654
spésies tatangkalan. Tapi urang kudu nyaho yén ayeuna, basa daérah gé sarua
kaancam punah tur proséntaseu punahna (40%) leuwih gédé tibatan proséntase
punahna manuk (11%), mamalia (18%), lalaukan (5%), atawa tatangkalan (8%).
Perlu dicatet yén urang ayeuna geus leungiteun loba pisan ngaran-ngaran nu
teu dipikanyaho ku élmu modern tapi dalit jeung dipikawanoh ku masarakat
pribumi.

Karugian ku bakal kaalaman ku leungitna basa hésé pisan ditarima ku akal
séhat jalma awam. Maranéhna leuwih bisa narima jeung ngarti résiko
leungitna spésies tatangkalan upama leuweung Amazon dibukbak, misalna,
tibatan résiko leungitna basa. Padahal ceuk Ken Hale, ahli basa kawentar,
“Upama hiji basa leungit, urang bakal sakaligus kaleungitan budaya, hasil
karya inteléktual, sarta karya senina. Sarua baé jeung muragkeun bom ka
Museum Louvre.”

Cobi langkung jéntrékeun deui...

Suku-suku pribumi téh pakar ngeunaan ékosistemna sorangan. Uingah sok
ngarasa ningnang upama lalajo tim élmuwan ti Amérika nu ngayakeun
panalungtikan di Vénézuéla atawa Nugini dina TV ngalaporkeun, “Tim kuring
geus manggihan 6 spésies manuk anyar,” jeung saterusna. Saupama tim élmuwan
dina ékspédisi samodél kieu daek diuk ngariung jeung suku pribumi nu
nyicingan éta tempat, tuluy nanya ka maranéhna maké basa daérahna, “Cik
béjaan ngeunaan rupa-rupa tatangkalan, lauk jeung manuk nu aya di wewengkon
dieu!” Tangtu tim éta bakal nimu leuwih ti 6 spésies manuk anyar.

Élmuwan nu daék tatanya ka pribumi bakal colohok mata simeuteun mun
ngaregepkeun kanyaho suku pribumi ngeunaan ékosistemna. Pangaweruh suku
pribumi bisa jadi leuwih kompléks, leuwih canggih, jeung leuwih beunghar
dina urusan klasifikasi manuk, misalna, tibatan taksonomi Barat. Loba pisan
kasus nu bisa nuduhkeun yén pangaweruh jeung kaarifan lokal ngeunaan
ékosistem bisa leuwih onjoy tibatan élmu pangaweruh modérn. Maranéhna nu
cicing di Kutub Kalér boga pangaweruh linuhung ngeunaan és jeung pola cai
katut migrasi. Di éra global warming cara ayeuna, pangaweruh éta teh kacida
pentingna.

Singgetna, lamun basa daérah dileungitkeun, bakal aya 3 karugian nu bakal
karandapan: ilangna pangaweruh ékosistem jeung ngaran rupa-rupa spésies,
ilangna basa éta sorangan, jeung ilangna sistem pangaweruh ngeunaan
ékosistem nu aya dina basa éta.

Naha panyatur basa daérah ieu sadar yén lamun maranéhna maot, basa daérahna
bakal punah?
Maranéhna sadar sarta bisa nyoarakeun hal ieu kalayan paséh. Maranéhna
nyaho basana keur digunasika, sadar yén maranéhna gagal nurunkeun élmuna,
sarta manglebarkeun generasi ngora nu haré-haré jeung nganggap sapélé.

Hadéna, ku ayana krisis basa daérah, timbul gerakan ti akar rumput di
sakuliah dunya ngeunaan révitalisasi basa, salah sahijina di Kanada jeung
Amérika Kalér. Maranehna teu satuju kana pamanggih nu nyimpulkeun yén
lantaran panyatur hiji basa daérah geus saeutik, mangka éta basa daérah éta
kudu dileungitkeun.

Kumaha prosés dokuméntasi basa dilakukeun?

Minangka batur, jalma luar nu angkaribung ku alat rékam jeung sajabana,
masalah utama nu disanghareupan ku uing dina panalungtikan nyaéta kuma cara
sangkan bisa ngaraéh kapercayaan ti panyatur-panyatur basa daérah ieu,
nepika maranéhna daék diajak deuheus. Tugas utama linguis minangka élmuwan
étis nyaéta ngawanohkeun diri jeung pamaksudanana kalayan jéntré. Butuh
persiapan nu ati-ati pisan, sakapeung kudu nepungan heula kapala suku --mun
aya kénéh sabangsa nu kitu, tuluy ngawanohkeun manéh, ménta izin jeung
panangtayungan salila cicing di wewengkon eta. Nyanghareupan individu gé
sarua carana, mimitina ménta izin heula pikeun ngarékam jeung
ngamangpaatkeun matéri rékaman éta engkéna, ogé méré kompénsasi mangrupa
duit pikeun ngagantian waktu nu disadiakeun ku maranéhna.

Uing hayang ngawangun hubungan nu alus jeung suku bangsa pribumi, lain ngan
ukur datang, ngarékam, tuluy balik ngaringkid matéri. Matakna, uing sok
ngahaja néangan individu lokal nu kalibet dina kagiatan basa daérah, tuluy
nanyakeun naon nu bisa dibantuan ku uing jeung naon nu dibutuhkeun ku
maranéhna. Biasana maranéhna téh ménta, misalna, “Buku abjad ABC” atawa
“Kamera video”. Sok dibéré. Uing gé mangnyieunkeun kamus wicara nu basisna
internét atawa naon baé cara, média, jeung téknologi anyar nu bisa
dimangpaatkeun pikeun ngarojong kalumangsungan hirup basa-basa daérah nu
ampir punah éta.

Naha jasa panarjamah digunakeun pikeun komunikasi jeung suku pribumi?

Di Sibéria mah uing maké basa Rusia. Nu penting mah uing diajar
saloba-lobana ngeunaan basa maranéhna. Ayeuna uing bisa nyarita dina
sababaraha hiji basa nu saeutik pisan jalma nu nyaho, nu panyaturna kari
10-30 urang deui. Uing bisa miluan ngawangkong, ngadéngékeun, jeung ngarti
naon nu dicaritakeun ku panyatur aslina.

Sakapeung uing gé kudu maké basa séjén siga Inggris, Sepanyol atawa Rusia
atawa basa global séjénna. Lamun geus euweuh deui basa nu bisa dipaké
médium, bari euweuh panarjamah, uing make téhnik séjén pikeun diajar
ngeunaan basa nu ampir musna éta.

Dina film “The Linguists”, interaksi munggaran dilakukeun ku cara nuduhkeun
bagéan awak, biasana dada, bari nyebut ngaran. Geus kitu, uing jeung Dr.
Greg Anderson kukurilingan di wewengkon éta, nyokotan gambar objék nu
dianggap penting, tuluy néangan jalma pikeun nyebutkeun ngaran-ngaran objék
dina foto éta. Jadi aya téhnikna. Di luar, balatak kénéh basa-basa daérah
nu can kungsi kadokuméntasikeun. Sakapeung rékaman nu dijieun ku uing téh
mangrupa rékaman munggaran sakaligus pamungkas ngeunaan hiji basa daérah,
sabab panyatur basa éta geus kolot teuing, can tangtu hirup keneh taun
hareupna.

Naon guna basa pikeun budaya, jeung kumaha budaya bisa mangaruhan basa?

Basa mangrupakeun puseur budaya. Uing di dieu ngutip Nora Vasques, nu
diwawancara dina film The Linguists, lantaran ceuk uing mah, panyatur basa
daérah bisa leuwih paséh jeung merenah nyaritakeun eusi haténa tibatan
jalma luar. Nora téh panyatur Chemehuevi, hiji basa nu panyaturna ngan kari
dua urang deui. Cenah, “Basa mangrupakeun bagéan tina diri urang. Basa teh
rénghap. Teu boga basa sarua hartina jeung teu boga nyawa.”

Omongan éta bedas pisan. Basa téh ngébréhkeun panénjo urang ngeunaan dunya.
Basa téh mangrupa monumén budaya manusa. Réa jalma nu bakal teu suka mun
Katédral Notre Dame atawa Piramida Giza diancurkeun. Tapi basa leuwih gédé
hartina tibatan katédral jeung piramida. Basa téh monumén karancagé manusa.
Basa teh perkara nu leuwih kuno jeung leuwih aheng tibatan naon baé nu
kungsi dijieun ku leungeun manusa.

Loba wewengkon nu basa daérahna ampir punah téh mangrupakeun bagéan ti
nagara miskin. Pangwangunan bisa ngamajukeun nagara-nagara ieu, tapi maéhan
basana. Kuma carana ngarah tuker-tambahna adil?

Euweuh sahiji jelema, sakumaha miskinna, nu bisa beunghar ku cara miceun
basa daérah tuluy mulung basa global séjénna. Nu aya malah bakal tambah
miskin sacara inteléktual. Kabéh jalma, umur sabaraha waé, utamana barudak,
bisa diajarkeun bilingual atawa multilingual. Teu kudu miceun basa daérah.
Panalungtikan ngabuktikeun yén bilingual téh nguatan uteuk. Salian ti éta,
basa daérah nyadiakeun tatapakan étnis jeung jati diri nu kuat pikeun
generasi ngora. Salah pisan --sakapeung demi alesan pangwangunan atawa
kampanyeu kasusatraan nasional, upama urang kudu ngécagkeun basa daérah
demi basa nu leuwih dominan. Dimana-mana di sakuliah dunya, kasaksian yén
komunitas-komunitas panyatur basa daérah siga Aymara, Zapotéc, Aka, atawa
Mowhawk, nolak ideologi ieu. Maranéhna nyieun kaputusan stratégis keur
kasalametan basa daérahna bari angger ngawasa basa dominan/global.

Urang kabéh kudu mere kontribusi pikeun kamekaran basa. Aya laku nu kudu
diubah. Lamun urang bisa ngahargaan pangaweruh inteléktual nu asalna tina
pangaweruh basa daérah, urang bisa nyalametkeun basa daérah éta. Euweuh
saurang gé nu nyaho gagasan jenius naon nu bakal datang tina basa naon:
euweuh monopoli budaya dina urusan karancagé mah.

Naon nu rek ditepikeun ka nu maca?

Uing geus diajar yén loba pisan élmu pangaweruh di sakuliah dunya, nu tacan
kasungsi. Sakapeung mah asa dosa, rumasa cul-culan. Unggal ngawangkong
jeung kokolot-kokolot suku pribumi asli, uing teu sirikna dongko hareupeun
maranéhna, asa laip, nyurucud cimata di unggal kecap, unggal dongéng nu
ditepikeun ku maranéhna...

https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/doc/484863281555244/

Kirim email ke