Nyi Epon mani seuri nempo Ki Sarwa maju; na hatena awas siah
bakal dijadikeun bal siah ku aing; tuman make wawanian ngalamar ka aing siah.
Tapi
hatena rada heran, naha Ki Sarwa jadi wani ? Naon nu diandelkeun ? Tapi ari nu
kaluar mah imut nu ngirut tea; bari pok nyarita :”Sok Kang Sarwa; maju urang
uulinan 10 jurus mah, cenah.” Tapi kieu wae atuh nya ; mun Kang Sarwa bisa
nahan nepi ka tilu jurus we; kuring bakal taluk !”


CAK !”Cek Ki Sarwa lantaran dititah ku nu ngirim sora tanpa
jirim. Nu sejen mani reang:”Nyakseni …!”


Nyi Epon nu tadina hayang ngaheureuykeun Ki Sarwa jadi amarah
… heat ! teu antaparah deui ngajejek Ki Sarwa … Ki Sarwa gancang ngangkat
leungeunna … da di titah ku sora misterius tea.


Plakkk ! sora leungeun nakis diadu jeung jejekan … koloyong
Nyi Epon ngoloyong ampir we tijungkel !


Nyi Epon heran … euleuh geuning tanaga jerona Ki Sarwa sakieu
hebatna ? Naha nya bisa katangkep ku cacing cauna Singa Barong ? Api2 wae kituh
? Kitu pagaliwotana pikiran Nyi Epon … tapi basa eta sidik ieu Ki Sarwa teh teu
bisa naon2 .. wah cingan urang serang deui .. terus we Nyi Epon nyerang ku
jurus2 Walet nyamber … Ki Sarwa boro2 masang kuda2; ngan pakupis we nurutkeun
titahan sora . 

Kumaha hasilna ? Nyi Epon ngajungkel mani nangkuban.

Wah geus dua jurus yeuh ? Padahal mun gagal aing kudu taluk
?! Nyi Epon ayeuna jadi nekad terus we ngarawu batu laleutik ti na sakuna bakal
ditaburkeun ka Ki Sarwa; Ki Sarwa rada mundur kaciri gigis pisan; tapi manehna
malah dititah maju ku sora nu teu kaciri tea; nya sieun2 ge Ki Sarwa maju
ngadeukeutan Nyi Epon.


Hiaaat ! nyi Epon ngulangkeun leungeunna ; batu laleutik
rabeng nyerang Ki Sarwa; mun keuna tea mah pasti Ki Sarwa bakal ngajungkel !


Aduuuh ! golepak we Nyi Epon kapaehan … lantaran badanna
sorangan kaserang belasan batu nu dibaledogkeun ku manehna sorangan; ayeuna
malah nyerang nu bogana.


Atuh Ki Sarwa mani dugdug degdeg nulungan Nyi Epon; tapi ngan
sakeudeung Nyi Epon geus sadar deui; barang nyaho yen manehna keur diropea ku
Ki Sarwa ceprot2 wae Ki Sarwa ditampiling dua kali; mani leng2an; ampir we Ki
Sarwa ge kapaehan.


Nya ahirna mah, Nyi Epon jadi ditikahkeun ka Ki Sarwa;
pestana ge 3 poe 3 peuting; tapi di kamar panganten mah aya kajadian helok;
lantaran Ki Sarwa ngajehjer kapaehan dicabokan ku Nyi Epon; nya atuh pada
marisah; bari nyebutkeun yen Nyi Epon ka salaki teu meunang kitu doraka. Nya
atuh kapaksa Nyi Epon nurut; bari jeung heran naha kamari Ki Sarwa sakitu
hebatna; ari geus jadi panganten mani lemah pisan.
Hanca


Kirim email ke