Tapi ahirna mah sanggeus pada mapatahan Nyi Epon geten oge
ngalayanan Ki Sarwa; malah ahirna mah daek dibawa ka Giri Resik. Sarerea pada
suka bungah; komo Ki Astahiam jeung pamajikanana mah; teu kudu dicaturkeun
deui.   

 

Episode 76 : Sora tanpa jirim

 

Sanggeus rengse nikahna Nyi Epon ka Ki Sarwa; Ki Bejo
ngayakeun gempungan jeung para pamuda kampung, ngabahas kajadian aheng di
Leuwiseeng.+

Cek Ki Bejo :”Kaciri pisan tah Ki Sarwa teh teu bisa silat
sama sakali; tempo we di na nakis serangan Nyi Epon; manehna pan bari kaciri
sieun jeung ngaadegdeg. Kabuktian deui sanggeus nikah, kapan Ki Sarwa disiksa
ku Nyi Epon bari teu ngalawan sama sakali.”

“Enya ..” cek salah sahiji murid Ki Bejo. “tapi naha nya Nyi
Epon bet eleh ?!”

KI Bejo :”Tah eta teh … aya rekayasa jelema sakti pipilueun
di na perkara eta !” Cek Ki Bejo siga nu pangnyahona.

“Ke heula guru … ! Ki Bejo … naha da teu kaciri aya jelema
sejen sama sakali …”Ucen nanya bari heran. Nu sejen ge satuju ka na pananya si
Ucen; maranehna nunggu jawaban Ki Bejo.

“Tah ngaranna ge jelema sakti … moal kaciri ku urang; manehna
boga elmu nyerang jeung ngalawan ti kajauhan … kitu deui bisa ngirim sora ka
HIJI jelema nu dituju ku manehna ! Cek uing mah eta jelema Sakti teh geus
mapatahan Ki Sarwa supaya wani ngalawan; ku jalan ngirimkeun sora husus ka Ki 
Sarwa;
dimana Ki Sarwa maju manehna ngirim tanaga jerona; nepi ka Nyi Epon eleh
pisan.”

“Wah curang atuh ari kitu mah !? Ki Sarwa mamawa jelema Sakti
!?”cek lobaan murid Ki Bejo.

“Enya kitu … nu matak urang protes … urang bolaykeun eta
pernikahan teh …; pasti aya jelema sakti dibabawa ku Ki Sarwa; supaya meunang.
Ari cek Kulo mah aya sahiji nu nyurigakeun diantara eta nu ngiringkeun Ki Sarwa
; nya eta jelema HIDEUNG ! asa araraneh; sikep2na beda ti nu sejen; manehna
diperhatikeun ku Kulo; kekecewisan sorangan; tapi teu nyoara ! Ti barang jol ge
ku Kulo terus diawaskeun tah jelema HIDEUNG teh. Tong nyangka Kulo ngantep.
Memang ari elmuna mah jauh saluhureun Kulo; tapi Kulo moal mundur satungtung
buuk; najan jelema sakti ge ! bakal dilawan ku Ki Bejo !”

Ger atuh para muridna rame surak … tanda ku panujuna ka ketak
guruna.

Tapi waktu rame nu susurakan eta KI Bejo ngadenge aya nu
ngaharewos ka manehna … manehna ngarti yen eta sora ngan ukur keur manehna; teu
ka nu sejen; manehna rada ngagebeg oge.

“Eh Bejo ! tong pipilueun ngandelkeun naon maneh ngalawan
uing ? Geus poho ka sora uing ? awas ulah geruh … hayang megatkeun hubungan ?
jeung maneh geus nepi ka mana ngaji teh ? kalah ka ngajar silat ka urang
Leuwiseeng ?!” Sajongjongan mah Ki Bejo ngahuleng we … beungeutnaa kaciri sepa
… murid2na ribut; ahirna Ki Bejo kapaehan; tapi sanggeus sabaraha kali
dipencetan Ki Bejo sadar deui ; gancang we nginum. Tapi waktu ditanya ku
murid2na Ki Bejo teu ngajawab; ngan ukur gogodeg we terus; tapi kaciri
paromanna beuki pias.
Hanca


Kirim email ke