Ari teu lila teuing pegat mah, jadi karasa rame deui maca cersil teh bah. Hatur 
nuhun pisan....

Si Aliy

Powered by Sinyal Telkomsel Odong-odong®

-----Original Message-----
From: Abbas Amien <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 10 Jan 2013 19:19:00 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda 329



Isukna waktu ditanya ku murid2na naha rek diteruskeun
protesna ? Ki Bejo bari nyentak ngajawab :”Hus ! ulah ulah gagabah ! ieu mah
jelema saktina karamat; pasti ieu teh roh hiji shohib kuring. Jadi geus we ulah
geruh ! Ulah wani ngaganggu ka Ki Sarwa; anggur urang doakeun eta arwah teh
bisa tenang jeung moal ganggu ka urang sarerea.”


Nya atuh murid2 teh bubar bari mawa sarebu hiji tanda Tanya
na hatena masing2.


Tilu poe ti harita Ki Bejo pamitan ka urang Leuwiseeng; terus
we nuju ka Wanayasa rek neruskeun ngajina ka Pasantren di Wanayasa.


Ki Bejo sajajalan nguluwut jeung sedih; manehna inget ka
sobatna nu manehna nyaah pisan; tapi ayeuna keur kakeunaan Tapak Sakti Jaya
Ludira. Wah boa2 cek hatena ? 

Tadi aya sora nu nongtoreng pisan ka na ceulina;
sidik eta sora sobatna ? Tapi naha kakara ge 1 taun leuwih ? piraku eta Ki
sobat geus sakitu hebatna ? meureun ieu mah rohna sugan ? Enya saluhureun
manehna Elmuna ; tapi da moal jauh teuing atuh ? Tapi nu ieu mah jauh karasa
sakti pisan, ah pasti lain manehna, Mun 
tea mah kadenge siga sobatna, dedengeeun wungkul ; lantaran manehna
hawatir tea.


Ku sabab boga pikiran kitu Ki Bejo sadar yen manehna geus
rada mengpar ti na amanat baheula sobatna; nya eta kudu masantren tea; ee lain
masantren, malah jadi guru Silat di Leuwiseeng. Ku sabab ayeuna geus sadar, Ki
Bejo gancang we indit ka Wanayasa. Nya ahirna ditarima; terus we Ki Bejo soson2
diajar di dinya. Bari jeung manehna tetep mawa kasedih nu jero pisan lantaran
nyangka ki sobat geus cilaka. Tapi masalah Nyi Epon mah geus dipopohokeun ku Ki
Bejo sama sakali.


Barang Nyi Ipah ngadenge Ki Bejo aya di pasantren terus we
Nyi Ipah nalengteng masalah Jalma; derekdek we Ki Bejo ngadongeng masalah Jalma
kacilakaan  tea; bari tungtungna manehna
nyarita yen mungkin wae Jalma geus cilaka.


Tilu poe ti harita Nyi Ipah pamitan ka bapana jeung ka akina
rek balik deui ka Wetan; lantaran bisi kuma onam di Losari; jeungna deui rek
neangan Jalma; nya atuh Nyi Ipah teh balik deui ka Losari.


Teu kacatur di jalanna; nepi we Nyi Ipah ka Losari ….. tapi
barang jol, manehna Kacida kagetna lantaran imah geus ledis diduruk; euweuh
hiji ge badega nu kaciri aya di dinya. Kacida sedihna Nyi Ipah waktu harita.


Sedih, ambek, keuheul; era ku tanggung jawab ka Guruna ;
kumaha ieu aing ? cek pikiran Nyi Ipah ? Nya manehna indit ka Kota Gede nanya
ka ditu ; ka dieu;

Manehna nanyakeun kabeneran ka panginepan nu bareto
dianjrekan ku Jalma; ti maranehna Nyi Ipah meunang katerangan, yen aya jelema2
make berego jeung pakean hideung daratang ngajorag ka Losari; daratangna
maranehna cenah mah rek males pati; duka naon pasalna mah; ngan wae maranehna
mawa bandera nu digambaran ku seuneu ngabebela.


Gorombolan Singa Barong, barang nyaho yen pasukanana di
wiwirang ku hiji pendekar wanita; nya eta Nyi Epon nu ngaku ngaran pendekar
Wanita Alas Purwo; kacida amarahna . Maranehna jangji bakal neangan Nyi Epon
pikeun males eta wiwirang.


Nya atuh ti semet harita gorombolan Singa Barong salian
ngajalankeun usaha sapopoe, oge ngalakukeun panalungtikan dimana ayana eta
Pendekar Wanita Alas Purwo.


Maranehna ge geus ngadenge yen nu pangjagona harita euweuh
deui iwal Ti Mawar Hideung; maranehna ngarencana rek neangan Mawar Hideung oge
rek nangtang tarung; mun perlu tarung patutunggalan antara Ni Luh Santi lawan
Mawar Hideung; nu bakal nangtukeun saha nu leuwih kuat diantara eta dua jago.


Nyi Ipah teg we ka Gorombolan Singa Barong ! Aya naon, atawa
naon pasalna eta gorombolan make ngamusuh ka imah di Losari ? Di na hal ieu Nyi
Ipah enyaan teu ngarti sama sakali. Tapi cek na pikirna masing kalah kumaha
oge, manehna kudu males pati ka eta Gorombolan; lantaran geus ngaduruk imah
jeung mungkin wae, nyilakakeun para badega. 


Nya geus boga patekadan kitu mah belenyeng deui Nyi Ipah
indit ti dinya; manehna nekad rek ngontrog ka Gunung Bromo; kuma engke we
cenah; lantaran rasa tanggung jawab Nyi Ipah ka imah di Losari jeung para
badegana.


Sapanjang perjalanan , manehna ngarasa asa aya nu nuturkeun;
tapi teu pati diperhatikeun ku Nyi Ipah; terus we manehna nuju Gunung Bromo.


Sanggeus aya samingguna diperjalanan, Nyi Ipah ayeuna geus
aya di hiji tempat nu jalanna lungkawing pisan; eta tanda geus deukeut ka
daerah Gunung Bromo; manehna bari terus nuju ka hareup; manehna ge waspada
lantaran pasti didaerah ieu loba kokoncod Singa Barong.

 

Episode 77 : Nyi Ipah cilaka
Hanca



Kirim email ke