Siti Rayati (51-55)
Moh. Sanoesi

"Ah, da abdi mah moal kawin ka gajih, meureun mana niateun ogé boga
pamajikan, nya boga keur ngabalanjaan, éta mah perkawis kecil mama."

"Enya, éta baé mama mah asa pipilih nyiar nu leuwih ari nu tangtu bakal
nyenangkeun, jadi pamajikan bopati embung, ari ka nu teu nyekel
bisluit-bisluit acan daék ..."

"Kumaha mama ...?" Saur Gan Titi bari soca kerung, semu nu bendu ka ramana
nu ngagoréngkeun tundanganana.

"Éta Titi, pipilih nyiar nu leuwih, ari ..."

"Puguh baé mama, leres," putrana miheulaan sasauran, "abdi ayeuna kénging
nu leuwih ... langkung ti nu ditawarkeun ku mama ka abdi, geura mangga
pariksakeun ka rahayat mama sadayana ..."

"Enya, Titi mah meureun tacan nyaho ..."

"Saha téa mama?"

"Heueuh pisalakieun Titi ..."

"Na kumaha kitu mama?"

"Na teu nyaho, kapan éta téh geus dua kali dipanjarana ogé ..."

"Kusabab édan mama?"

"Is, lain dipanjara ku sabab édan, dibui lantaran meunang perkara, dina
surat kabar didakwa ku pamréntah."

"O, kantenan baé terang mah, sadunya malah terangeun, nanging tokh mama ogé
uninga naon perkarana."

"Puguh baé."

"Nuhun atuh ari uninga mah, supados ulah lantaran maling atanapi maéhan
jelema baé," saur Gan Titi, bari tikekereket nahan amarah, keuheul ka
ramana. "Tokh ka manéhna moal aya nu nyebut bangsat atanapi rampog."

"Enya, tapi pikir heula Ti, ulah gurunggusuh, tokh ku urang nu ditéangan
kasenangan."

"Éta margina nu mawi ti kapengker ogé abdi alim gaduh salaki ka anu henteu
panuju jeung haté téh, nyaéta ku margi kasenangan téa nu ditéangan."

"Enya tapi teu kaharti, saha nu teu senang jadi pamajikan pangkat luhur,
tur nu sakitu gedé gajihna."

"O ... nya abdi téa mama, nu tangtos moal senang gaduh salaki ka nu kitu
téh, lantaran abdi moal tiasa ngawulaan salaki anu ... nyakitu bangsa ménak
..."

Pangawulaan anu sakitu didesek ku putrana, henteu weléh sasauran, ngalelemu
Gan Titi, sangkan teu tulus kagungan carogé ka jurnalis NN tapi percuma
baé, da sakecap ogé euweuh nu asup.

"Pikir baé Ti, ulah gancang-gancang, kolot mah sok tara salah," saur
pangawulaan, "moal enya Titi teu nyaho naon gawéna tukang surat kabar ..."

"Kantenan terang mah, éta margina nu mawi abdi teu risi deui."

"Enya tukang ngorék-ngorék jeung ngbongkar kasalahan priyayi."

"Tah éta nu mawi abdi satuju téh, margi di dieu perlu pisan diayaan tukang
kitu ..."

"Naon sababna nu matak perlu ..."

"Éta ku mama kamanahna kumaha ...? kapan saur mama tadi, tukang
ngorékngorék kasalahan priyayi ... jadi sanés tukang nyieun kasalahan, mung
upami aya kasalahan, dikorék ... dibongkar ..."

"Enya ... tapi mama mah da teu boga kasalahan ..."

"Is éta mama mah, da abdi ogé teu nyebatkeun mama kagungan kasalahan," saur
Gan Titi bari imut, ningali ka ramana anu siga rumasa, sarta semu nu narima
kasedekeun sasaurnana. "Sareng éta abdi badé naros mama ..."

"Naon Ti?" Ramana miheulaan mariksa semu nu kagét.

"Dupi mobil nu ti babah Kim Long téh, kapengker sabaraha diartosanana?"

"Is da éta mah pokna ogé méré Ti, naha kumaha kitu, aya naon ..."

"Ah, teu aya nanaon, ngan éta baé asa béréhan teuing, kawas aya pangarahna,
moal cara kuda adu nu ti Karta mah ti Ciwaru? Geuning ari omongna mah
ngahaturanan, keun baé montong diartosan ... ari pék ... sanés méh
nyilakakeun ka mama?"

Ramana, sanggeus ayeuna ngadangu putrana sasauran anu sakitu bébéakanana,
komo barang putrana nyarioskeun tina perkara mobil jeung kuda, anjeunna
ngartoseun yén Gan Titi moal beunang diunggut-unggut deui atawa dibedokeun
nikahna jeung jurnalis ti Semarang anu ngaranna euweuh nu bireuk. Malah
anjeunna kagungan manah sieun dimutuh ku tundangan putrana, pimantueun,
risi dibébérkeun panganggona dina kabopatian anu henteu sah, anu dilarang,
dilabrak saperti bopati nu tadi ku NN, dina surat kabar.

Isukna anjeuna terus mulih, sarta ti harita teu damangna gohgoy kosong, anu
cék dokter mah cenah tering, beuki lila beuki kacida. Ari ku kitu téa mah
teu matak héran, sabab sanggeus pupus garwana nu ti heula, anjeunna ngan
tiktikbrek baé teu damang, katambah ayeuna ku bingung seueur nu dimanahan
mana ngémut-ngémut garwana nu ayeuna, anu anjeunna seueur ka teu panujuna,
mana ngamanahan putra Gan Titi, anu nyalira di Batawi, komo ari geus émut
bakal kagungan minantu anu sakitu anjeunna henteu doa, anu salawsna
dipikarisi, dipikaijid, anu matak keketegan manah, gegebegan salira. "Éh si
Titi nepika ka kajodokeun ka bangsa nu kitu ..." saur anjeunna dina manah,
"jelema nu gampang asup ka bui ...teu nyana ..."

Meunang tujuh bulan anjeunna teu damangna, gohgoy sarta ku tina geus
ngaraos ripuh, tuluy anjeunna miwarang garwana nelegram ngabéjaan Gan Titi
ka Batawi.

Soré kira pukul tujuh, anjeunna sumping ka dua babuna, Patimah, sarta terus
baé ka kamar ramana nu keur ngalempréh di kajuaran, bari segruk anjeunna
nangis nyuuh kana sampéan pangawulaan.

"Kumaha Ti cageur?" Saur ramana, "Bisi mama dipondokkeun umur, hayang
papanggih heula jeung Titi."

Gan Titi henteu ngawalon, nyegruk baé nangis ...

"Tok, tok," dokter ngetrokan panto. Bray panto dibukakeun ku Gan Titi, bari
terus nu teu damang dipariksa sarta dihaturanan deui landong séjén.

"Dokter," saur Gan Titi, dina basa Walanda mariksakeun ramana, aya kénéh
pangharepan atawa henteu, "Is er nog lhoop?"

"Ya ... hoop is er altijd juffrouw, maar Uw vader is dookziek," cék dokter
bari gogodeg nyaritakeun yén ari pangharepan man salawasna aya, ngan ramana
teu damang wales.

Dokter tuluy indit deui, Gan Titi ngahuleng, cisoca rambay ningali raray
ramana anu geus sakitu haropakna. Sapeuting éta anajeunna henteu iasa
kulem, calik baé digédéngeun ramana.

Isukna pangawulaan teu damangna beuki maju, sarta kawasna anjeunna geus
béda raraosan, tuluy sabot euweuh garwana, sasauran ka putrana: "Ti, mama
ayeuna rék nyarita, tapi Titi sing tawekal, ulah rék reuwas-reuwas, ieu
mama geus béda rarasaan, mama boga rasiah, anu ayeuna rék dibéjakeun ka
Titi, Titi téh saenyana anak kukutan ... Di dieu gan Titi ngagebeg, reup
geuneuk ray pias, ngadangu ramana nu sasauranana geus harésé semu nu engap.
"Perkara barang," ramana neruskeun deui cariosna, "geus diduakeun jeung
embina sarta surat-suratna kabéh ditéken notaris."

Gan Titi nyegruk nangis ..."Eh mama, atuh bapa sareng indung abdi saha ...?
Paingan atuh embi ka abdi ari kitu mah ..."

Ramana nyurucud cisocana nangis, mangsedihkeun, mangngeneskeun putrana,
sarta saurna: "Ti, ieu mama capé ... eungap ... tanyakeun baé ...engké ka
Natamanggala ... Lurah Cirayati ... ayeuna aya di dieu ... dihaja dicalukan
... ku mama ... manéhna tangtu ... nyarita da ... geus diomongan ... Alloh
. . ...Ti ... ieu mama ... eungap ... calukan geuwat embina ..."
Pangawulaan rérénghapan, sasauranana sakecap-sakecap, eungap teu iasa
ngambekan; Gan Titi lumpat ngabéjaan ibu kawalonna.

Pangawulaan teu damangna wales, dokter datang, nu teu damang geuwat
dipariksa, tapi ....dokter lalaunan sasauran ka dalem istri: "Ya ...Dén Ayu
...regent sakitna keras, barngkali hari ini pengabisan ... liat saja ..."
bari panangan pangawulaan dicekelan. Bluk Gan Titi nyuuh, nangis bari
nyiuman panangan ramana ... dalen istri digédénngeunana bari nyepeng
mastakana ... nya teu kungsi satengah jam pangawulaan pupus, mulih ka jati
mulang ka asal ...

Geus teu kudu dicaritakeun deui kaguyuranana sakabupatén éta, barang jelema
ngadéngé pangawulaan wapat ... Nepi ka tiluna mah, jelema ngabrul baé anu
daratang ngalayad, sarta sanggeus tujuhna, tatamu geus marulang, kakara Gan
Titi ngamanahan sasauran ramana nu minangka wasiat ka anjeunna, sarta tuluy
miwarang babuna nyaur Natamanggala, Lurah pareman Cirayati jeung
pamajikanana datang ka kamar anjeunna. "Ka dieu baé asup bapa jeung ema,
urang ngawangkong jeung kuring. Panto tutupkeun deui bapa," saur anjeunna
bari lungsur tina korsi, terus calik dina alketip.

"Aya naon Gan," cék Natamanggala, "bapa mah rareuwas,"

"Ih teu aya naon-naon bapa," saur Gan Titi bari ngalimba, "kuring téh
katalatahan ku mama, nyaéta bapa jeung ema ayeuna kudu terus terang ka
kuring, ulah kuring jadi jelema teu puguh. Péndék bapa atawa ema ayeuna
kudu nyarita, ulah disumput salindungkeun, saha indung kuring jeung bapa
kuring téh nu saenya-enyana, jeung kumaha asal-asalna kuring nu matak nepi
ka kieu."

"Beu, perkawis éta mah Gan, montong dianggo alit manah, ieu perkawis,
yaktos rama ogé parantos sasauran kapengker ka bapa sareng ka ema. Mangga
ayeuna ieu ku emana badé dicarioskeun, margi kénging disebatkeun manéhna
anu boga bagja mah, pependak jeung Agan keur waktu murangkalih kénéh."

"Enya, ema entong dirasiahkeun ayeuna mah," saur Gan Titi, "mangga baé
dicarioskeun."

Derekdek pamajikan Natamanggala nyarita ti awal nepi ka ahir, kumaha
asal-asalna Gan Titi panggih ti kebon ganas, dikurungan ku ranggap, nepi ka
terus disalabarkeun tapi euweuh nu ngaku, sarta tungtungna ku manéhna
disanggakeun ka ramana keur waktu jeneng kénéh Wadana di Pakemitan, nya
nepi ka ayeuna.

Nya kitu deui jenengan anjeunna "SITI RAYATI", ku manéhna diterangkeun yén
éta téh minangka hiji peringetan ka lemah cai anjeunna nyaéta désa
Cirayati. Curuk pananganana anu kénca, anu ayeuna kiwed, ogé dicaritakeun
ku manéhna yén éta téh ti murangkalihna kénéh, siga céda atawa tapak nu
ngégél. Péndék sapamanggih manéhna euweuh nu kaliwat kabéh diunjukkeun ka
Gan Titi.

Eureun nu nyarita, gabrug Gan Titi ngarontok kana lahunanana indung pulung,
bari nyuuh ngagukguk nangis, "Eh, ema," saur anjeunna, "saha atuh indung
kuring téh ... bapa ... di mana ..."

"Beu Agan, ulah jadi bendu baé," wangsulna, "ema ogé jeung bapa henteu
terang ari éta mah, nanging ayeuna montong dimanah panjang, buktina ayeuna
mah nu duaan baé ibu jeung rama anu ngukut, anu parantos teu aya, da éta nu
mikanyaah nu mikaasih téh, nu nyakolakeun ka Agan. Atuh ayeuna geus henteu
aya dikieuna, entong dianggap alit manah, entong keueung, ka mana ogé ku
ema jeung bapa moal burung dituturkeun, mo burung dikaulaan."

Gan Titi calik bari nyusutan cisoca, sarta saur anjeunna: "Atuh ari kieu
mah ayeuna ema bapa milu baé isuk jeung kuring ka Batawi, sabab henteu kuat
kuring lila-lila mah di dieu."

"Beu atuh, ari énjing mah moal saé, sakitu di dieu pabalatak kénéh, saha
anu ngurus. Engké baé dinten Ahad tangtu ema sareng bapa bisa indit."

"Enya atuh badé Ahad ogé ema, nya indit ti dieu pukul satu, kajeun kuring
isuk baé, jeung engké ema jeung bapa ku kuring dipapagkeun ka statsion
Gambir."

HANCA

Kirim email ke