Keur kitu kadenge sora seuri nyakakak, nu sigana silih
sambung ; tapi eta sora nyakakak teh karasana ku Nyi Ipah saperti nu ngagedoran
dadana ; nepi ka ngarasa leuleus saluar awak; kacirina si kedokbodas oge
kapangaruhan ku eta seuri.


Barang eureun eta seuri kaciri di dinya geus aya hiji jelema
nu make pakean saperti urang Bali; pakulitanana hideung, bari sura seuri
nyampeurkeun nu garelut.


Nyi Ipah apal, yen nu datang teh pasti jagoanana Singa
Barong; buktina seurina wungkul geus bisa nyerang ka dirina; Nyi Ipah waspada,
tapi sama sakali teu gimir.


“Wah budak awewe, jeung jelema nu make kedok bodas, enyaan
jagoan; haha, tapi kula Made Galiga  teu
kudu cape ngotoran diri sorangan, coba ayeuna lawanan anak buah kula.” 

Sanggeus
ngomong kitu, eta jelema nu ngaku Made Galiga terus keprok tilu kali.


Torojol we ting burudul aya ka na dua puluhna anak buah Made
Galiga; bari ting belesat misahkeun diri; terus ngepung si kedok bodas jeung
Nyi Ipah; terus maranehna ngaluarkeun sarupa barang nu barang digibrigkeun jadi
kecrik nu gede pisan; tapi di na eta kecrik teh ditambahan puluhan peso2 nu
sareukeut; tah ku eta kecrik istimewa nu duaan diserang; atuh kaget jeung
reuwas Nyi Ipah; tapi nya kapaksa ngayakeun perlawanan; tapi nyata manehna
jeung si kedok bodas kadesek; lantaran eta rombongan nu  mawa kecrik teh teu 
nyerang ngan ngagiring we;
atuh duanana enyaan teu aya daya pisan; nepi ka kadesek ka sisi jurang nu
lungkawing; nu teu katenjo sabaraha jauh dasarna; ku lungkawing2 na.


“Heup heula !” Made Galiga nyorowok. Terus nu ngarepung teu
maraju deui. “Hahahaha … eh sok maraneh duaan taraluk, ka Kula; mungkin wae
bakal dibere ampun.”


Can ge tamat Made Galiga nyarita; Nyi Ipah geus ngaluarkeun
senjata2 rahasiana nu langsung diserangkeun ka puluhan nu ngepung; atuh harita
keneh aya sababaraha urang nu ngepung ting jarungkel ka keunaan.


Made Galiga kacida amarahna harita keneh ngomando supaya
nyerang leuwih gencer, bari manehna oge ti kajauhan ngadorongkeun tapakna, nu
karasa ku Nyi Ipah aya tanaga saperti nu ngadorong manehna; otomatis Nyi Ipah
ngalawan ku tanaga jero; tapi nyata tanaga Made Galiga kuat pisan, Nyi Ipah
leungit kasaimbangan, sukuna tikosewad; atuh teu ampun deui Nyi Ipah ngajungkel
ka jurang; teu nyaho kumaha eta si kedok bodas langsung luncat ngarontok Nyi
Ipah; atuh nya duanana ngagubrag ka jurang; pastina ge duanana bakal ancur
badanna lantaran eta jurang sakitu jauhna jeung jerona.


Made Galiga sajongjongan mah ngahuleng, tapi terus we mere
komando supaya sarerea balik ka markasna .    

 

Episode 78 : Anak jeung bapa
Hanca


Kirim email ke