Episode 79 : Budak nu Leungit balik deui
Rancamaya, hiji kampung nu teu pati gegek; di dinya aya 3 oah nu dipikasieun, euweuh nu wani2 ngalawan ka eta tilu oah; nu ngaranna Ki Suja, Ki Sanip, jeung Ki Karta. Ari kalakuan sapopoena ieu jelema nu tiluan ngan ukur maen sintir, mabok, jeung ka awewe. Malah mah na hiji waktu manehna wani mergasa pamajikan batur; atuh ribut, Tapi teu lila, salakina dijadikeun bulan2an ku eta nu tiluan. Ahirna ku sabab nyeri hate tapi teu bisa males; salaki pamajikan teh gantung diri. Euweuh nu wani pipilueun, da memang nu tiluan teh jarago; aya oge nu susulumputan laporan ka Giri Resik nu aya kaamananana, tapi kaamanan teu aya daya; sabab datangna ka dinya ditarima ku someah si tilu Oah; kaamanan ti Giri Resik sanggeus loba parea rea omong kalah dilawan ku seuri si tilu Oah; malah akhirna mah cenah yu urang nyoba2 adu jajaten we. Aya ka na 20 jurusna tarung; ahirna si kaamanan ngarasa taak; tapi balikna mah dicecep ku tilu Oah; jadi we kaamanan teh teu aya daya pisan. Tapi na hiji waktu ieu tilu Oah teh panggih jeung nu dipikasieun, nya eta Mawar Hideung; atuh mani pupurungkutan jeung ngageduk geduk sirah ku sieun2na. Nya ti harita salila tilu bulan mah eta Tilu Oah teh rada bageur; teu pati wani deui ngaganggu awewe. Tapi sanggeus tilu bulan ti harita, maranehna mikir yen si Mawar Hideung can puguh bakal ka dinya deui; panyakitna kambuh deui; terus punta penta ka urang kampung, paribasa kaamanan cenah; mun teu mere pasti digaplok; leuheung mun digaplok wungkul mah; kadang kala imahna ge ditajongan. Tah na hiji poe, Rancamaya kadatangan ku hiji wanoja nu papakeanana sarwa Koneng, eureun di hiji warung; terus menta opieun jeung inumeun. Tukang warung rada ngadaregdeg, bari culang cileung, tukang warung ngaharewos :”Nden, maning Nden enggal jung ti dieu… bahaya .” Eta mojang nu baju koneng teh imut ngagelenyu :”Kunaon kituh bapa ? Aya naon di dieu ? Aya karaman ?” “Is ulah tarik teuing, nyarios teh enden, di dieu aya nu sok hejo ningal wanoja ngulampreng sosoranganan teh, komo enden mah … ih mani geulis. Hehehe.” “Enggal enden …. “ kakara ge sakitu tukang warung nyaritana; haok teh aya nu nyorowok ; bari ting torojol tilu jelema nu barosongot, siga tukang bobok tukang tarok. “Eh siah kunyuk ! ngomong naon siah Ardi ?! geus bosen hirup sia teh !?” Eta nu tiluan teh mani tipopolotot nyarekanan tukang warung; ari tukang warung nu disebut Ki Ardi teh, mani sepa awakna rampohpoy; asa jekok; asa jekok wae ditinggang. Sanggeus tukang warung ngayekyek teu aya daya; eta oah nu tiluan teh pating serengeh, garumasep pikasebeleun, Ki Suja nu mimiti nyarita :”Nden teh anu ti mendi ? asa kakara ningali ? Bade angkat ka mana ?” Hanca
