Si Sanip molototan tukang warung; atuh nya tukang warung teh ngabalieus da sieuneun kanyahoan ngiceupan ka eta wanoja. Ngan ceprot2 wae eta tukang warung teh dikepret ku KI Sanip; si tukang warung mani nyengir nyerieun.
Ki Karta jeung ki Suja mah geus ngaleos dituturkeun ku Wanoja baju koneng; ari Si Sanip sanggeus ngepret terus nyarita lalaunan, bari molotot :”Awas siah mun nyanyahoanan deui ! bakal dibere hadiah leuwih ti kieu ! Hayang diduruk siah jeung warung2na !?” Tukang warung ampun2an mani morongkod, teu sirikna nyembah. Geus kitu mah berebet we si Sanip lumpat nyusul baturna. Manehna sieuneun teu kabagean waktu nempo nu geulis mandi; lantaran pasti tahap kahiji eta wanoja bakal disina mandi heula. Enya we Ki Karta jeung Ki Suja barang nepi ka imahna , terus nitah eta wanoja mandi heula, lantaran cenah tos lalampahan jauh, maning mandi heula. Eta wanoja teu riuk2 ngan terus we nitah eta dua oah marandi ti heula; keur kitu jol deui ki Sanip; ieu ge dititah mandi ti heula ku si Baju Koneng. Ku sabab boga rasa bakal hasil, maranehna terus we cucul2 terus we ting bulucun marandi. Tapi barang anggeus, maranehna bingung sabab pakeanana geus euweuh teu nyaho ka mana; atuh pating corowok ngageroan si Neng baju koneng. Teu kungsi lila, si baju koneng datang:”Aya naon para paman , mani coccorowokan kitu !?” Bari terus ngaleos deui, lantaran nempo eta nu tiluan ting bulucun. Nu tiluan lantaran memang bangsa buaya darat ( oah2 ); terus we baranjat ; tapi si Eneng Baju koneng geus kaluar, bari teu siga luak lieuk. Hanca
