Nu tiluan rada gimir ge maksakeun maneh narangtung.
“Ayeuna cik para paman bere nginjeum ieu nu tilu rereged teh bedog !” Si Baju Koneng ayeuna nitah ka urang kampung. Atuh urang kampung teh lain narurut, tapi pating gerendeng teu satuju; lantaran cenah engkena ieu nu tilu Oah bakal ngamuk; can puguh bisa ditalukeun, kapan tadi ge dikoroyok sakitu teu nyekel senjata, sakitu hesena. Si Wanoja baju koneng imut mafhum, terus nyarita tatag pisan:” Yeuh para paman tong salempang ! keur nalukkeun ieu jelema tiluan mah gampang pisan; sok tong ragu2 bikeun tilu bedog !” Kapaksa urang lembur teh marikeun tilu bedog ka si Tilu Oah; atuh mani bungah pisan eta tilu Oah teh, maranehna yakin bisa ngelehkeun ieu budak awewe baju koneng. Eta si Baju Koneng laju nyentak:” Eh ayeuna maraneh geus boga senjata sok maju tiluanana ngalawan aing !” Ku sabab tadi tiluanana kateunggeul ku angkin si mojang, maranehna pinuh ku amarah, jeung nyaho yen eta budak awewe teh tangtu pendekar; jadi memang teu beunang dianggap sambarangan; ari ayeuna maranehna geus boga senjata; atuh teu tata pasini deui maranehna nyerang ka eta si Baju Koneng. Para urang kampung kacida hanjeluna lantaran geus mere senjata ka eta tilu Oah, wah lamun eta si Pendekar mojang ngajungkel; tangtu eta nu tiluan bakal ngamuk males pati ka maranehna. Tapi maranehna ngarasa geus kapalang; nya terus we lalajo ; kuma engke we cenah. Eta nu tilu oah nyerang ku bedog nu pating suliwer dimaenkeun ku maranehna nu memang geus ahli pisan maen bedogna teh ; tapi eta si mojang teu pisan gimir, terus balucat balicet kesit pisan; malah sanggeus aya 10 jurusna plak ! Plok ! Plok ! tilu Oah pating koloyong keuna kasepak jeung kacabok ku ieu si Baju Koneng. Ger atuh urang kampung sarurak, lantaran bungah nenjo tilu Oah nu dipikangewa kakeunaan. Ayeuna maranehna yakin yen si Baju Koneng tangtu jago Silat nu luhur elmuna; enya ge masih ngora keneh pisan. “Eh maraneh teh enyaan bisa tarung atawa henteu hah !? Geuning kawas nu ngigel arilaing teh ! Cing tempokeun kabisa teh hah !?” Cek Si Baju Koneng ngahaja ngomong kasar. Si Tilu Oah enya ge rada gimir, tapi kapaksa maju deui lantaran euweuh jalan deui salian ti nekad. Terus maranehna pating corowok : hayoh urang susun gerak Kilat Tatit !” Barang maranehna nyorowok, terus we maranehna maraju deui. Rupana ieu andelan maranehna teh, matak ngajago ge. Enya we gerakanana leuwih cepet, jeung leuwih aya tanagaan; jeung kaciri kompak pisan; Si Baju Koneng waspada, gancang ningkatkeun elmu hampang ragana; tapi di na jurus kasapuluh kaciri rada ngoloyong. “Hahahaha ! Jurig ! awas siah pembalesan ti kami si Tilu Jago ! Awewe lebokeun tetelo !” Si tilu Oah ampir bareng ngancam si Baju Koneng, Tapi teu kanyahoan serepet2 sinar koneng nuju ka eta si tilu Oah; teu bisa katakis; tiluanana kabagean gebugan ka na taktakna, mani kaciri nyerieun pisan ! “Hahahaha ! Tong waka seuri siah ! sok yeuh tadahan elmu Salendang uing !” cek si Baju Koneng bari terus nyerang. Sanggeus tilu jurus, trang! Trang! Trang! Tilu bedog marecleng katarik ku selendang si baju Koneng. Kakara ge eureun ti na kareuwas eta sieet ! sieet ! sinar koneng nyerang deui ! ayeuna mah nu tiluan teh kabagi welasan cepretan; atuh teu antaparah deui tiluanana ngajungkel, ngaringkuk. Terus we nu tiluan ampun2an; bari nyebutkeun moal deui deui. Urang kampung surak mani lila; terus rek maraju; tapi dihalangan ku Si Pendekar Baju Koneng; ayeuna mah urang kampung nyarebutna teh kitu; ka ieu nyi Mojang teh. Ku sabab dicaram ku si Pendekar, urang kampung teu wani maraju; ngan tetep ningker ti kajauhan; maranehna yakin pisan ayeuna mah yen si wanoja enyaan Pendekar Jadug; lain sambarang bisa silat. Eta Mojang nyentak :”Naon sababna maneh hayang dibere ampun hah !? Naha aya alesan Kula mere ampun ka arilaing !?” Nu tiluan aluk2an ceurik, bari ngadagorkeun sirah, jeung nyebut kapan panggih ge kakara ayeuna; piraku geus rek dihukum beurat onaman !? Mana kaadilanana ? Cenah ayeuna mah maranehna nungtut kaadilan kawijaksanaan. Eta Nyi Mojang teh seuri mani panjang … nepi ka sakabeh nu aya di dinya pada heran; nu tilu Oah ngadaregdeg lantaran nyaho eta seuri teh dibarung ku tanaga jero nu karasa pisan ka na dada maranehna. “Eh arilaing ! Tenjo sing awas maraneh keur nyanghareupan saha hah !?” “Ampun … ampuun kuring tiluan ayeuna keur nyanghareupan hiji Pendekar Hebat ! Pendekar Baju Koneng !” Ceuk tilu Oah meh bareng; ku sieun2na. Na hate maranehna ngaharep, yen ieu budak awewe bakal ngahampura, lantaran geus disebut Pendekar. “Heh ! cing polototkeun panon arandika teh, geus kungsi teu urang panggih hah !?” Eta Nyi Mojang ayeuna mah nyentakna bari ti popolotot. Si nu tiluan molotot, ayeuna maranehna ngarasa geus pernah nenjo ieu Nyi Mojang Baju Koneng ; tapi di mana nya ? Maranehna weleh teu kapikir. Pendekar si Baju Koneng nyentak deui :” Tetela maraneh boga panon teu aya gunana ! teu awas ka Kaula ! Mun kitu carana maning ge maraneh teu boga panon !” Ampun … ampuuun … kuring tiluan moal wani deui ngalakukeun … “ Kakara ge sakitu cret ! tilu batu laleutik nu disentil keuna ka na panon kenca satiap eta nu tiluan ! Atuh goak maranehna ngagoak, tina panonna nu kenca ngucur getih tanda geus dibocosan ku ieu Pendekar ! Atuh geeer deui urang kampung sarurak, mani rame, ku panuju2na ka na tindakan Si Pendekar Baju Koneng. Ari nu tiluan terus ngalengis menta dihampura. “Heh ! maraneh lamun geus jangji tapi kabuktian maraneh ingkar jangji kumaha !?” Cek Si Baju Koneng. Nu tiluan rada bungah, lantaran sigana maranehna bisa salamet. Terus bari ngageduk gedukeun sirah ka na taneuh maranehna ngomong :”Lamun kuring tiluan ingkar ti na hal ieu kuring tiluan rek mikeun ieu sirah !” “Mangke heula ! Teu kudu sirah maneh nu coplok; eta we suku maraneh jeung leungeun maraneh nu kenca kudu diteukteuk ! satuju !?” Cek Si Baju Koneng bari wibawaan. Nu tiluan bari nahan kanyeri, ku sabab panonna bocos hiji terus sumpah daek dipotong leungeun jeung sukuna, mun jalir ti na jangji ! Eta Nyi Mojang kalem we, terus menta ka para urang kampung, mere bedog tilu ka eta Oah tiluan. Nya diturut we ku urang lembur, bari teu ngarti oge. “Aduh ampun Pendekar ! Kula teu sanggup ngalawan deui. Ampun.” Tilu Oah nyangka maranehna kudu tarung deui; nu matak ngomong kitu. “Tong loba omong ! sok cekelan eta bedog ku arilaing tiluan !” Si Baju Koneng geus nyentak jeung molotot deui; atuh kapaksa nu tiluan nyarekel eta bedog bari ngadegdeg. “Ayeuna sok teukteuk leungeun jeung suku kenca maraneh ayeuna pisan !” Nu tiluan kacida reuwasna ! Leuwih reuwas ti batan ngadenge geledek saleser cek paribasana; tuda tong boro si tilu Oah, najan urang Lembur oge pada karaget. Nu tiluan geus rek protes deui, tapi eta si Mojang langsung nyarita :”Tong loba omong maraneh ! Kumaha maraneh bareto jangji ka Mawar Hideung !” Barang ngadenge omongan si Baju Koneng, nu pangakhirna, ku kaget2ma eta nu tiluan langsung harita keneh kapaehan tiluanana meh bareng; maranehna kakara sadar yen nu disanghareupan teh nyata budak awewe nu baheula ampir dirohagala ku maranehna; atuh ayeuna mah maranehna lain wungkul sieun, tapi geus beak pangharepan; nu matak akhirna maranehna kapaehan. Hanca
