Memang ieu si Baju Koneng teh Sari ayana; manehna rek balik ka lemburna; ku sabab ngaliwatan eta lembur Rancamaya; nya manehna ngahaja nyimpang heula; lantaran hayang nyaho kumaha ketak tilu Oah nu baheula ngaganggu ka manehna.
Ayeuna manehna yakin pisan, lain beja ti batur, yen memang eta tilu Oah teh geus biasa ngalakukeun nu teu bener; nya ayeuna mah tinggal ngalaksanakeun hukuman. Suku jeung leungeun eta tilu oah dibuntungan ku Sari; terus diubaran . Ayeuna mah Sari teu asa2; kahiji memang biasa ngalaksanakeun HUKUM; manehna oge geus jadi Pendekar; Sari ayeuna beda pisan jeung Sari baheula. Sanggeus Sari ngalaksanakeun hukuman, terus wae Sari pamitan; nu ditaluturkeun ku urang lenbur, lantaran panuju pisan ka na ketak Sari; maranehna oge nganuhunkeun pisan ka si Pendekar Wanoja Baju Koneng Sari, nu ayeuna dihormat pisan ku Urang lembur. Sari oge nganuhunkeun ka tukang warung; nu rada kalamas kelemes eraeun; da teu nyangka Sari teh Pendekar jempolan. Sanggeus sagalana beres, Sari ngan sagilek geus ninggalkeun eta patempatan, atuh urang Rancamaya ngan bati gogodeg nempo kakesitan Sari. Sari ayeuna kebat ka Giriresik; pas nepi ka Lembur Giriresik teh kira2 sareupna; sanggeus dahar sacukupna; manehna istirahat heula; Sari ngarencana rek peuting datangna bari minangkana mah “kejutan” tea. Hal nu teu di sangka2. Peuting sanggeusna shalat Isya; kira2 jam 8; dimana jaman ayeuna mah masih rame nepi ka jam 12 peuting ge. Tapi jaman harita , waktu eta di Giriresik, kacida simpena ; kawas euweuh jelema nu kaluar ti Imahna Kabeh jelema pada ngarampih saimahna saimahna. Sanajan Imah Ki Sarlita pang agrengna; tapi teu kaciri di imahna caang; Sari make pakean keur jalan peuting; teu make baju koneng deui tapi baju warna Nila atawa Biru kolot; kesit Sari asup ka imah bapana; liwat tukang nu dibenteng rada luhur oge. Tapi keur Sari tembok sakitu wae mah teu ngahalang niatna; terus we Sari geus aya dijero pakarangan imah Ki Sarlita, bapana. Hanca
