“Alhamdulillah, tah ayeuna cobaan ku sampeyan ti kajauhan
rokrak bisa meupeuskeun batu.”


Jalma kudu ngalatih diri ka na barang nu lembek tapi
tikajauhan ku saluran tanaga manehna bisa ngancurkeun batu; mimitina mah rada
hese tapi lila2 mah teu sakumaha hesena batu teh beulah ditinggang ku rokrak
leutik. Jadi tikajauhan barang nu lemah bisa ngancurkeun barang nu teuas. Nu
penting saluran tanagana tepat.


Terus Ki Padmarasa oge ngajarkeun elmu ngirim tanaga jero ka
jelema sejen; terus deui ngajar ngaharewos ka hiji jelema nu dituju tanpa
jelema sejenna nyahoeun. Nu ieu mah  rada
hese; tapi Jalma bisa oge lulus; lantaran memang tanaga jerona geus luhur
pisan.


Tah sanggeus dalahar jeung shalat lohor, terus we Ki
Padmarasa nyarita bari dibarung ku imut ka Jalma:” Kumaha hidep salila cicing
di dieu ?”


“Aduh Ama kuring betah pisan, malah mah asa hayang tetep we
di dieu.” Walon Jalma yakin pisan.


“His ulah … sampeyan Jalma, boga pancen ti guru2 jeung
kulawarga sampeyan. Ayeuna sampeyan geus mesuh raga di dieu; jung ayeuna mah
turun ti ieu gunung Muria; jalankeun pancen kalawan soson2.”


“Naha Ama tos bosen ka kuring ?” Cek Jalma.


“Hahahaha, ah pananya sampeyan teu pantes dikaluarkeun ka Ama
… unggal poe ge pasti sampeyan apal kumaha parasaan ama ka sampeyan. Tapi
samemeh indit aya nu rek dititipkeun ku ama ka sampeyan, naha kira2 sampeyan
bakal narima ?”


Jalma :”Insya Allah nu kadada kaduga ku kuring, bakal
diestokeun pisan.”


Ki Padmarasa :” Alus jawaban sampeyan teh Jalma ! teu gagabah
nyanggupan; tapi cek pikir ama mah tangtu ieu pancen ti ama bisa dilaksanakeun
ku sampeyan. Teu susah2 teuing, malah bisa jadi , ieu mah pikabungaheun.”


Jalma :”Mangga atuh Ama , carioskeun we naon titipan teh !?”

Ki Padmarasa :”Ama teh boga titipan ti Gusti, nya eta anak
Ama Anggraeni. Ayeuna geus meujeuhna laki rabi; kahayang ama mah jodona teh nu
saluyu jeung kahayang ama, kitu deui kahayang manehna. Tah nya ayeuna nu saluyu
ayeuna geus nyampak, teu kudu   neangan
susah2. Siga na mah sadaya tos ditakdirkeun ku Gusti Nu Murbeng Alam. Tah upama
sampeyan teu aya halangan di na narima Anggraeni anak Ama; Ama rek nitip
mercayakeun ka sampeyan; pek tikah eta anak ama teh. Kumaha pikiran sampeyan,
Jalma !?”


Salila aya di Gn. Muria; kumpul jeung Ki Padmarasa sarta
Anggraeni; aya oge pikiran Jalma hayang nikah ka ieu Anggraeni; tapi sering ieu
pikiran ku manehna disingkirkeun; bari na gerentes hatena :”Jalma siah teu boga
cedo maneh; geus ditulungan, malah minculak hayang ka anakna ?” Tapi ayeuna
malah ditawaran pisan ku Ki Padmarasa; sajongjongan mah Jalma teu bisa nyarita
naon2; lantaran kaget jeung hareugeueun.


Barang nenjo sikep Jalma kitu, Ki Padmarasa bari imut,
nyarita deui :” Lamun sampeyan ngarasa kuciwa ku anak ama nu goreng sopak; tong
asa2 sampeyan nolak ka ama.”


Gancang atuh Jalma nyarita:”Duuh Ama … Anggraeni keur kuring
mah estu Istri utama; rupa teu kudu dipulas; atuh kanyaah jeung talatenna ka
diri kuring, moal aya tandinganana; cek paribasa rek neangan nu kumaha deui ?
Lantaran sarat istri utama tos nyampak di Anggraeni. Mung bae kuring teh asa
kaleuleuwihi; geus ditulungan ku ama; malah minculak mikahayang nu lain2.”


Ki Padmarasa seuri; pok nyarita:”Tong nyarita kitu Jalma; Ama
mah geus cop ka diri sampeyan. Rek neangan lalaki dimana deui nu alus model
sampeyan ? Rupa teu kudu meuli; kagagahan aya di sampeyan; kitu deui
kashalehan. Ama percaya pisan. Cek paribasa sampeyan teh bisa mikanyaah ka
Anggraeni lahir bathin, dunya akherat. Jadi mun sampeyan teu ngarasa hina nampa
anak ama; ulah ditolak.”


Jalma :” Salian ti eta ama … kuring teh geus boga papacangan,
nya eta ka putra ajengan Salim.”


Ki Padmarasa :” Ah teu nanaon … pan lalaki mah wenang boga
pamajikan leuwih ti hiji; saratna sakabeh ihlas. Tah  ayeuna sukur pisan, 
kakara papacangan. Tah
ama mah reh nikahkeun sampeyan ka anak ama; jadi ama leuwih ti heula ti batan
Ajengan Salim. Kumaha sampeyan narima ka Anggraeni anak ama ?”


Sajongjongan mah Jalma melengek deui; lantaran lain wae soal
ka Nyi Ipah; manehna ge inget ka Sari waktu ngaliwat ka Gn Cerme; tapi ayeuna
Ki Padmarasa siga ngadesek pisan; mangkaning manehna ge memang aya hate ka
Anggraeni. Nya sanggeusna sababaraha kali istighfar ; Jalma Lahaola di na 
hatena;
mun memang engke dipentog ku Ajengan Salim, atawa Sari; nya kapaksa manehna
bakal bruk brak yen manehna kacida kahutangan budina ku KI Padmarasa; jeung
nempo nyaksian pisan kanyaah ti Anggraeni ka manehna; akhirna Jalma narima ka
na kahayang Ki Padmarasa.


Nya isukna disaksian ku Ki Busro, Jalma ditikahkeun ka
Anggraeni. Teu aya upacara atawa acara sukan2 naon2; ngan ditutup we ku dzikir.


Isukna Ki Padmarasa ngajurung Jalma kudu gancang2 badarat ka
P. Jawa ; keun we cenah Anggraeni mah dititip heula; engke mun sagalana geus
beres, ulah teu balik deui mawa pamajikanana nya eta Anggraeni. Samemeh indit
Jalma ge dibere ubar keur nyamur, bisi ulah kanyahoan teuing.


Jalma ngadatangan lembur, bari nanyakeun kudana ka Ki
Wiroguno; geus kitu mah dius wae indit ti dinya. Sanggeus tepi ka hiji lembur;
Jalma nitipkeun deui kudana ka hiji pamayang; terus Jalma nyieun obat keur
nyamur; nya jadi jelema hideung. Terus we ngagunakeun elmu enteng raga Jalma
geus jauh ti eta kampung; terus mubus ka nu loba kakaian; keur kitu manehna
ngadenge sora kuda2 keur dilumpatkeun; kaciri aya rombongan nu mamawa bandera
nu digambaran seuneu hurung; manehna kaget sabab nempo Ki Sarwa ditalikung ku
eta rombongan. Jalma geus rek luncat; nulungan Ki Sarwa; tapi ku elmuna nu geus
luhur, manehna ngadenge bakal aya hiji jelema nu nulungan Ki Sarwa. Enya we teu
kungsi lila Nyi Epon mucunghul; Jalma mengkek piseurieun nempo Nyi Epon ayeuna
geus jadi Pendekar.


Wah kakara ge dua taunan teu panggih; Nyi Epon geus jadi
pendekar ? Terus we Jalma ngintip; bari mun perlu ngabantuan. Tapi nyata ku Nyi
Epon sorangan ge geus cukup; eta gorombolan nu disebut Singa Barong geus buyar.
Terus  we Nyi Epon jeung Ki Sarwa arindit
ti dinya. Jalma teu tahan, langsung seuri nyakakak; nu atuh mani tarik kadenge
oge ku Nyi Epon; nepi ka culang cileung neangan. Gancang wae Jalma mengkek eta
seuri. 


Saterusna Jalma nuturkeun Nyi Epon jeung Ki Sarwa; akhirna
Jalma cicing disalingkungan Giri Resik, lantaran hayang nyaho kumaha tuluyna Ki
Sarwa ? Akhirna Jalma nyaho yen ki Sarwa rek nekad ngalamar Nyi Epon. Jalma di
na hal ieu ngarasa boga kawajiban pikeun ngarepokeun jodo duanana; nya manehna
ngajadikeun dirina badega nu ngangkut barang Ki Sarlita pikeun ngalamar.


Di Leuwiseeng Jalma nempo oge Indungna Nyi Emeh; tapi can
sempet sowan; lantaran hayang nuntaskeun jodona Ki Sarwa tea. Manehna oge nempo
Ki Bejo aya di dinya; jeung apal yen Ki Bejo boga murid2 di Leuwiseeng;
saterusna Jalma nempo Ki Bejo siga2 rek pipilueun di na ngalamar ka Nyi Epon;
gancang wae Jalma ti kajauhan nyentil urat palumpuhan KI Bejo; tapi teu karasa
ku Ki Bejo lantaran eta sentilan kakara aya reaksi mun Ki Bejo gerak
ngagunakeun tanagana. Enya we waktu rek nangtung, manehna kakara ngarasa yen
dirina aya nu nyentil ti kajauhan.


Barang Ki Sarwa geus jadi nikah ka Nyi Epon; Jalma nempo ka
teu satujuan Ki Bejo nu jadi provokator ka murid2na; nya atuh ku elmu tingkat
luhurna teu kanyahoan ku Ki Bejo; padahal aya di hiji rungkun dipipir imah nu
dipake sawala ku Ki Bejo. Nya ti dinya Jalma ngirim sora tanpa jirim ka Ki
Bejo; bari ngingetkeun supaya Ki Bejo sadar,


Waktu Ki Bejo ka Wanayasa , Jalma teu nuturkeun deui,
lantaran rek nepungan Nyi Emeh indungna.

 

Hanca   


 

 

Episode 82 – Jalma ka Batavia deui

Kirim email ke