Sajongjongan mah Bella ngahuleng; naha enya Jalma boga
hubungan jeung Maung Hideung ? Wah kudu ditanyakeun yeuh ?


Nya Bella ngurihit ka Van Geheerst supaya mere idin manehna
ngahubungan Jalma; bari menehna nyebutkeun salian ti rek ngabela Jalma; oge
bari nyilidik enyaan Jalma boga hubungan ka Maung Hideung ?”


Akhirna Meneer Van Geheerst ngaluarkeun surat resmi yen Bella
jadi Pangacara Jalma; jadi surat resmina langsung disahkeun isukna di kantor.
Nya sanggeus tilu poe; kakara Bella bisa ngadatangan tahanan Jalma.


 Waktu Jalma
dikaluarkeun ti na tahanan Landrat, bari nyebutkeun aya dua tamu nu hayang
panggih jeung manehna; manehna kaluar bari mikir; yen dua jelema teh pastina ge
Bella jeung Richard.


Enya we tamu duaan teh Bella jeung Richard; atuh tiluan silih
rangkul ku sabab sono geus sakitu lilana teu papanggih.

Sanggeus ngalubarkeun kasono, nya Bella mimiti nyarita:”Yeuh
Jalma, nyaho teu naon sababna pan jij ditahan ayeuna ?”


Jalma ngajawab :”Nu matak lebeng; nepi ka ayeuna kuring can
nyaho naon kasalahan kuring nu matak ayeuna ditahan ?”


Bella :” Tong sieun Jalma, kuring nu rek ngabela jij,
lantaran taun kamari ik lulus ti Fakultiet Hukum di Lieden, Netherlaands;
kuring geus jadi Meester in The Rechten; ku sabab kitu Ik daftar jadi Pangacara
Jij. Kasus nu keur disanghareupan ku Jij, kaasup beurat oge; Jij dituduh geus
ngahiji jeung Gorombolan Maung Hideung ! Ari nu ngadakwa jij teh ngaranna Ki
Tanu ! Apal teu jij ka ieu Ki Tanu !?”


Ngadenge omongan Bella kitu, kacida kagetna Jalma; oh hartina
si Tanu masih beleger, jeung ayeuna keur ngalakukeun males pati ka dirina. Wah
memang lain masalah gampang atuh ieu mah.” Kitu pikiran Jalma, nu matak Jalma
sajongjongan mah teu ngajawab.


Nempo Jalma serius kitu, Bella oge Richard mikir, yen pastina
ge Jalma memang aya pakuat pakaitna; tapi piraku sugan ari pipilueun ngagarong
mah ?


Pikiran Bella rada hariwang; ngan Richard mikir yen Jalma teh
hiji Pendekar; geus pasti loba hubungan jeung kaum Pendekar, kaasup ka Golongan
Maung Hideung. Tapi Richard nyaho sipat Jalma; mun bisa jeung sakabeh golongan
hayang jadi Mitra; embung boga musuh. Tapi ayeuna Ki Tanu geus mitnah, hartina
aya hiji hal nu merlukeun penjelasan deui.


Pok we Richard milu nyarita :” Ieu mah diluar kasus Hukum; da
eta mah urusan Bella;   tah kuring kacida heranna naon sababna Ki Tanu
mitnah; padahal sakanyaho Kuring, maneh teh Jalma manusa nu kacida toleransina.
Pasti aya hal nu hese dijelaskeunana.”
Hanca


Kirim email ke