Tilu poe ti harita Pangadilan ngayakeun Sidang Landraad kilat
darurat; lantaran ku ayana surat pangakuan Ki Tanu. 

Saterusna Ki Tanu rek
ditangkep lantaran geus ngayakeun Fitnah nu beurat pisan; tapi isukna kanyahoan
Ki Tanu geus ngagantung maneh. Ngagantung dirina sorangan. Jalma dibebaskeun ti
na sagala tuduhan.


Koran2 sa Batavia rame ngadongengkeun perkara nu kacida
musykilna; tapi teu bisa nuduh Jalma maksa ka Ki Tanu; lantaran euweuh bukti
sama sakali. Tapi aya Warta anu ngadramatisir; nya eta di Java Post; pajarkeun 
Jalma teh jelema shaleh; salila na tahanan oge getol shalat; oge shalatullail; 
tah meureun Tuhan cenah geus ngagerakkeun hate Ki Tanu ngajadi insaf; jadi 
ngalakukeun pangaakuan nu kacida konyolna; sakonyol manehna mitnah ka Jalma. 
Kitu eta warta teh.



Tilu poe ti harita.

Di imah Bella, ngariung tilu pamuda keur balakecrakan bari
ngarobrol suka seuri; teu salah deui Eta teh Bella, Ricky jeung Jalma;
maranehna ngarobrolkeun pangalaman masing2 di na kasus fitnah Ki Tanu. Sakali
sakali Mevrouw Lidya pipilueun nyampur; bari sor susuguh; da Mevrouw hobbyna
masak.


“Wah Ricky , cek Bella ka Richard, You mah pasti moal
percaya; ieu Jalma teh enyaan SAKTI pisan. Pek we surat nu geus ditanda tangan
ku Ki Tanu; geus aya na meja tulis Ik; bari Ik na teu nempo pisan datangna
Jalma.”


Richard seuri :” Saenyana mah I teu kaget2 teuing ; lantaran
geus apal ka na kabisana; ngan wae sigana ayeuna mah elmuna geus ningkat pesat
pisan.”


Jalma ngan ukur seuri we; 
terus we nyikat kueh2 nu disuguhkeun ku Mevrouw Lidya. Keur kitu jol we
Tuan Hendrick nu apal ka na kasus Jalma; hayang nyaksian kumaha ahirna.
Sanggeus diterangkeun yen kasusna geus beres lantaran Ki Tanu sadar; yen
manehna mitnah; jadi we nyieun pangakuan yen manehna mitnah. Jadi meureun
ngarasa dosa gede ka Jalma. Tuan Hendrick unggut2an; teu apal manehna mah yen
eta kabeh dilakukeun ku Jalma sosorangan. Tapi memang nu ayeuna rame
diwartakeun na koran2 kitu pisan; yen Ki Tanu Insaf jeung sadar geus
ngagebruskeun batur; jadi manehna ngaku sorangan lantaran sieun diudag dosa.


Sok atuh ayeuna mah urang pesta leuleutikan, syukuran Jalma
salamet ti na fitnah. Kitu Tuan Hendrik mungkas omonganana.


Nya isukna Jalma pamitan balik deui dianteurkeun atawa bareng
jeung Tuan Hendrick nu rek ka Puncak deui; Jalma meunang pesenan ti Bella yen
manehna resmi rek tunangan jeung Richard tahun hareup; jadi omat Jalma ulah teu
datang cenah. Jalma nyanggupan, bari bungangang lantaran harepan manehna keur
ieu dua sobat kalaksanakeun.


Nu rada bingung pikeun Jalma nya eta pesen ti Gubernemen
pikeun Jalma kudu leuwih ati2, jeung mun bisa gancang ngahubungan Gubernemen,
mun aya beja ngeunaan Gorombolan Maung Hideung.

 

Episode 83 : Nasib Maung HideungHanca


Kirim email ke