Ki Rangga mikir :” Wah ieu jelema pantes pisan ngaranna Ki Gimbal; memaang buukna Gimbal kawas nu teu diurus; mun lain manehna nu nulungan aing; ayeuna aing indit; tapi asa teu pantes aing ninggalkeun manehna, padahal manehna nu nulungan ? Tapi ari masalah guru jeung murid mah masalah sejenn deui, Ke heula; jeungna deui ieu Ki Gimbal teh siga2 kurang waras.” Kitu Pikiran Ki Rangga waktu harita.
Ku sabab manehna rada lila ngaheneng si Gimbal kaciri rada ambek; terus nyentak :”Hayoh siah gancang nyembah !” Tadina Ki Rangga aya niat moal daek; tapi teu nyaho kumaha eta parentah teh teges pisan; nya bari rada kapaksa manehna nyembah; nu hartina ngaku guru ka Ki Gimbal. Ki Gimbal nyakakak nempo Ki Rangga geus jadi muridna; masing kaciri rada kapaksa oge. Nya ti harita Ki Rangga digembleng elmu Cakar Rajawali; mimitina ngalatih pernafasan; terus ngolah eta tamaga supaya nyalur ka na 10 ramo; terus disambung ku jurus2 nu mun dibayangkeun ku Ki Rangga saperti manuk dadali keur suat siet nyamberan. Ki Rangga ti na males, jadi pogot; atuh cepet pisan kamajuanana teh; di dinya manehna paduduaan we jeyung Ki Gombal guruna. Sanggeus deukeut; jeung jadi guru murid; Ki Rangga ngahargaan oge ka Ki Gimbal; enya ngomongna mah buraong jeung sentak sengor; tapi ari geus diwanohan mah nyata Ki Gimbal teh loba kanyahona; malah mere wejangan2 ngeunaan kawijaksanaan hirup. Atuh ayeuna mah Ki Rangga teh tambah soson2 latihanana. Sanggeus dianggap bisa; eta Ki Guru teh ngusir ayeuna mah ka manehna; nya atuh Ki Rangga teh indit ti dinya; padahal geus ngarasa resep hirup ngumpul jeung guruna nu kacida aneh perwatekanana; Ki Rangga ngarasa ayeuna mah elmuna ningkat jauh oge; sanggeus sababaraha kali nganuhunkeun; bari jeung dicarekanan guruna lantaran teu resepeun nempo Ki Rangga kikituan; tapi teu ditolih ieuh ku Ki Rangga; geus kitu mah leos we indit. Akhirna Ki Rangga nawarkeun diri jadi Pangawal hiji sudagar di Cigereleng; tadina mah manehna teh dianggap enteng ku Lima Pangawal sudagar nu ngaranna Kartaji; sok disebut Ki Iji; tapi sanggeus sababaraha bulan kanyahoan yen kabisana memang mumpuni; nya nu limaan ngusulkeun ka Ki Iji supaya eta Ki Rangga diangkat jadi Kapala Pangawal; lantaran nu limaan mah jauh sahandeupeun Ki Rangga cenah elmuna. Nya atuh Ki Rangga diangkat; tapi keukeuh we Ki Rangga mah hayang ngusiran kareta; teu kena2 jadi Kapala Pangawal. Nu matak nu limaan narurut ka Ieu Ki Rangga. Hanca
