di walanda cenah, harga saliter susu sapi leuwih murah batan sabungkus
rokok, di urang ?

2013/2/4 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

> **
>
>
> Akhir bulan Januari, aya dulur nyunatan anakna, waktu kuring jeung
> pamajikan
> datang ka imahna, kidulur teh henteu berag, bangkenu wae. Pas ditanya
> kunaon
> bangkenu wae, bari diingetan pan keur hajat ieu teh sakeudeung deui bakal
> loba
> semah, moal enya teu berag kitu. Jawabna teh keur karareuheul cenah, tepi
> ka jam
> 12 peuting kukurilingan di unggal pasar di Bandung, neangan daging sapi,
> tapi
> teu manggih, euweuh nu ngajual, da nu dagang daging sapina mogok,
> kulantaran
> daging sapi mahal pisan. Ku pamajikan teh diupahan, keun we lah nyuguhan
> semah
> mah, cukup ku hayam jeung lauk cai da meureun batur oge ngalartieun.
> Karunya ki
> dulur, meureun hayangna mah nyugemakeun semah nu diondang ku manehna, eh
> gara-gara daging sapi, manehna jadi jamotrot sapeupeuting.
>
> Daging sapi mahal, nu dagang protes da omzetna turun, harga daging teu
> kahontal
> ku masyarakat. Ari sugan teh enya we mahal, tapi tadi peuting ngadenge dina
> Metro TV, cenah daging sapi di Indonesia teh pangmahalna sadunya, tepika
> Rp.
> 90.000-100.000 ( kurang leuwih $9.0) padahal di nagara-nagara batur
> (Malaysia,
> singapure, australia jst) ukur Rp 40.000-50.000 ($5.0). Kuring ukur
> gogodeg,
> naha bisa pangmahalna kitu nya? Dimana salahna ieu teh???
>
> WLY
>
>  
>

Kirim email ke