Tah waktu harita papanggih jeung Ki Joyo Sembodo; nya atuh
Kidang Kancana lain nyamos bae; tapi oge rugi gede.


Di Pasir Buncit ; Ki Joyo Sembodo enyaan ambekna; manehna
nepi ka cocorowokan nyarekan anakbuahna; tapi teu wani ari ka nu opatan mah.
Tapi ku sabab cocorowokan kitu, lila2 Ki Jumsa sebel terus nyentak :” Eh Joyo
Sembodo ! Nu kudu disalahkeun teh lain anak buah !@ Tapi urang yeuh para
pamimpinna teu becus !”


Burileng panonna Ki Joyo Sembodo, manehna kekerot; terus
nyentak :”Aeh nangtang siah ka aing !”


Keur kitu Ki Seta oge nyarita :” Eh Joyo Sembodo, maneh tong
ngarasa ieu aing pangjagona ! maneh teh kapan geus sababaraha kali ngajungkel
!? eleh na tarung !? Naha teu jadi palajaran !?” Peureus omongan Ki Seta.


Joyo Sembodo kekerot terus rek nyampeurkeun Ki Seta; Ki Seta
taki2 rek ngayakeun perlawanan. Tapi kaburu kapegat ku omongan Ki Uca :” Ti
saprak ieu kumpulan dipimpin ku Joyo Sembodo; asa can ngajaran meunang
kagumbiraan; eta hartina …”


Ki Uca teu kaburu namatkeun omonganana lantaran Ki Joyo
Sembodo geus nyerang manten; atuh langsung Ki Uca nakis; kaciri manehna
kokoloyongan. Ki Jumsa jeung Seta gancang ngabantuan ngerepuk Joyo Sembodo !
atuh rame nu tarung.


Keur kitu Ki Gento nyorowok :”Eh cing saladar atuh ! Areureun
!”


Ku bentakaan Ki Gento nya nu garelut laluncat silih jauhan.
Hanca


Kirim email ke