Pok Ki Gento ngomong :”Geus ayeuna mah ulah parebut paisan kosong ! coba pikirkeun bisi sakeudeung deui urang diserang ku Kumpeni !”
“Ah moal mungkin … “ cek Ki Joyo Sembodo yakin. Ti mana horeng Kumpeni nyaho ka tempat ieu !?” Ki Gento nerangkeun yen nu limaan nepi ka ayeuna teu milu balik; boa katangkep ? “Ah moal, paling ge maranehna ting laleos kalabur nuturkeun tapak Ki Darga !” “Nya mudah2an we kitu atuh” cek Ki Gento. Akhirna maranehna dalahar; sanggeus kitu mah terus we sarare. Tapi teu kanyahoan pasukan marsose 4 skuadron ujug2 daratang ngaranjah nepi ka eta Pasir Buncit ! Naon sababna maranehna ujug2 geus ngepung eta Pasir Buncit ? Lantaranana mah nya ti nu limaan tea; terus we Marsose nalungtik; barang jelas ka na eta tempat; Pasukan Marsose; nu ngarupakeun Para Komando Pasukan Kumpeni geus nyusup; teu kanyahoan ku para begal; nyaho2 geus dareukeut. Ger atuh rame tarung; para Marsose ngabekas bekaskeun bedilna, nepi ka belasan begal tinggaruling kakeunaan pelor. Lima Pamingpin gancang ngaramuk; nepi ka aya dua Marsose kapaehan keuna ku maranehna; tapi nu sejenna datang make bayonet; jeung aya nu sempet ngabekaskeun bedilna. Nya akhirna mah limaanana oge tingkudupung. Terus nu sejenna ngangkat leungeun tanda taluk. Saterusna dititah ngaruang balad2na nu paraeh. Geus kitu mah laju dibawa ka Bandung pikeun proses hukuman. Ki Rangga meunang pujian ti Kumpeni; manehna dibere surat pujian; nu akhirna bisa digunakeun ku manehna pikeun ngalamar jadi Pasukan Kadipaten Bandung. Tapi teu lila; Ki Rangga menta idin eureun ti na pagaweanana; tapi manehna menta surat katerangan ti adipati Bandung. Sanggeus dibere leos wae Ki Rangga indit Ka Madiun. Episode 86 – Ki Rangga jadi prajurit Madiun Hanca
