Sapuk Bah. Sigana urang mah langkung loyal kana identitasna tibatan kana naon nu ngajadikeun identitas eta. Dina perkawis anu disaurkeun ku Bah AA, eta teh panginten pedah jaman ayeuna mah langkung seueur anu muja agama tibatan muja pangeran ku jalan ngajalankeun ajaran agama sagemblengna, atanapi anu muja kiayi/ustadz/wali tibatan bebeneran nu diajarkeun ku marantenna. Pon kitu deui, urang langkung reueus disebut sunda, langkung galak mun sunda disinggeung tibatan ngajalanken kumaha adat budaya jeung tata titi nu nyunda teh saleresna, da nyeta apan ku teu wanoh kana sajatina sunda teh. Duka tah.
Nuhun, ------------------------------ On Wed, Feb 6, 2013 7:31 PM ICT Ki Hasan wrote: >Tah eta jigana Kang Oman. Urang teh sok kurang realistik, dina >ngabandingkeun naon nu ideal jiga nu ngaguruntul dina kitab, jeung naon nu >katitenan dina kahirupan sapope. > >2013/2/6 oman abdurahman <[email protected]> > >> ** >> >> >> Abah Abbas, >> >> Ceuk cenah, anu Islam teh ngan aya di dua tempat. Kahiji, dina >> kitab-kitab, gambaran ideal ngeunaan kumaha kuduna anu disebut urang Islam >> sakumaha anu dicaritakeun ku para ulama. Kadua, di kuburan, sabab sakabeh >> anu dina kuburan mah geus tangtu serah bongkokan, geus moal ngalawan deui >> kana larangan Pangeran. Ieu sindiran ngeunaan saha ari anu disebut urang >> Islam teh urang hartikeun wae yen salila masih hirup di alam dunya mah >> urang teh ulah gede hulu, kudu salawasna usaha pikeun ngaronjateun kaimanan >> jeung amal shalehna. Yen urang kudu salawasna instropeksi diri, ulah >> nganggap diri pang benerna bari jeung gampang ngafirkeun atawa >> ngamusyrikeun anu lian, jst. >> >> manar >> >> 2013/2/6 Abbas Amien <[email protected]> >> >> ** >> >> >> Tapi justru nu ngaranutna nu garebleg teh. Asa pangislamna ! terus supaya >> Islamna bener kudu ngaruksak gereja ! Suapaya Islam disebut Kaffah, kudu >> boga JANGGOT !!!! >> Mun teu jaanggotan Islamna teu KACI ! Kurang afdhol. Cenah mah malahan >> teu meunang jadi Imam nu teu janggotaan maah ! Jadi nu teu cara EMBE, >> dianggap saperti AWEWE teu meunang ngimamaan lalaki; hartina awewe jeung >> lalaki nu teu janggotan teu meunnag jadi Presiden !!! >> >> Beuki hariwang ku Islam ge zaman ayeuna mah. Nu mana atuh Islam teh !? >> >> >> --- On *Tue, 5/2/13, Ki Hasan <[email protected]>* wrote: >> >> >> From: Ki Hasan <[email protected]> >> Subject: Re: [kisunda] Harti DSunda KH >> To: [email protected] >> Received: Tuesday, 5 February, 2013, 8:16 AM >> >> >> >> >> Hehehe. Puguh sanasib jeung harti "Sunda" teh jeung harti "Islam" jigana >> Bah AA. >> Jigana karek alus ceuk urang hungkul nu ngaranutna. >> >> On Tue, Feb 5, 2013 at 3:38 PM, Abbas Amien >> <[email protected]<http://mc/[email protected]> >> > wrote: >> >> ** >> >> >> He he eta mani aralus kitu nya harti Sunda teh ? >> Kanyataanana kujmaha nya ? >> >> >> ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
