Pangkat2 kaprajuritan teh mun dibandingkeun jaman kiwaari mah kieu meureun :
Senapati – KSAD Tumenggung – Panglima Divisi nu mingpin 10,000 prajurit Demang – Komandan Batalion , nu mingpin 3,000 prajurit Penewu – Komandan Kompi nu mingpin 1000 prajurit Penatus – Komandan Peleton nu mingpin 100 prajurit Tapi sanajan cara latihan geus diturunkeun, keukeuh we pasukan Penewu Rangga kasebut pang alusna; dijadikeun tentara elit. Disiplinna tetep dicekel; nepi ka loba prajurit nu disetrap; atawa malah aya nu dipecat sakalian ; lantaran teu disiplin. Ku sabab sakitu; loba oge prajurit nu nyeri hate ka Ki Rangga; tapi teu bisa nanaon. Paling ngaduna ka Demang Danardana; tapi Ki Demang ge teu bisa kukumaha; ngan wae manehna milu keuheul, jeung rada sirik ka Penewu Rangga; lantaran dianggap ku Ki Demang mah, ki Rangga teh geus ngajilat ! Waktu aya apel sayaga taunan; dimana Sang Adipati Martalaya ku anjeun nu mingpin; kaciri Tilu Tumenggung mimpin para pasukanana; nya Penewu Rangga oge milu hadir jeung pasukan elitna. Sanggeus upacara2 nu biasa geus dilaksanakeun; terus we acara Puncak, nya eta Adipati Mertalaya pidato; di na biantarana biasa Adipati mere hadiah2 atawa pujian2 jeung kritik2 ka Para Tumenggung jeung para pasukanana; di na puncakna Sang Adipati bakal narima laporan Resmi ti Senapati Mandurekso; nya Ki senapati maju ka hareup; terus maca laporan make tulisan arab/ hanacaraka. 1. Tumenggung Guna Raksa kudu leuwih ngadisiplin anak buahna 2. Tumenggung Aria Danur kudu ningkatkeun latihan para prajuritna. 3. Tumenggung Wirogunan ( atasan Demang Danardana ); dibere pujian lantaran anak buahna nya eta Ki Rangga, kaciri ngamajukeun kamiliteran di Kadipaten Madiun. 4. Demang Danardana dinaekeun pangkatna; dijadikeun asisten staff katumenggungan. 5. Penewu Rangga dinaikeun pangkat jadi Demang. Loba oge para prajurit nu naek pangkat, lolobana anak buah Ki Rangga; terus Adipati Mertalaya oge ngabagi bagi hadiah langsung, ka para pasukanana. Cara kieu memang ngamotivasi, sangkan para pahlawan jeung para Prajurit beuki soson2 ngabdina ka Adipati Mertalaya; tapi aya oge gorengna; bisa wae ti na pa alus2 ; jadi negative ku ayana pasirikan. Hanca
