Episode 88 – Mawar Hideung ngajorag Markas Singa Barong
Di Markas Singa Barong, Ni Luh Santi keur nyanghareupan dua kapercayaanana nu mere laporan. Nya eta Nyoman Sakarta jeung Made Galiga. Ti Made Galiga manehna meunang laporan yen Pendekar Wanita nu mungkin wae si Mawar Hideung geus dielehkeun; tigebrus kana jurang nu jero pisan; pastina ge puput umur. Tapi ari ceuk laporan Nyoman Sakarta; pasti eta Pendekar awewe nu dilawan ku Made Galiga lain Mawar Hideung; paling ge muridna, lantaran Mawar Hideung mah luhur pisan elmuna; manehna ngaku geus tarung jeung asor. “Ah ulah sok ngagedekeun kakuatan musuh; tah nu dilawan ku Kaula mah teu sabaraha kakuatanana; ngakuna manehna Pendekar Wanita ti Losari. Saha deui ti Losari ari lain Mawar hideung mah ?” Cek Made Galiga rada nyereng ka Nyoman Sakarta; sabab geus ngaleutikeun jasa manehna; ngelehkeun nu disangka “Mawar Hideung”. “Ke heula anan … “ Cek Ni Luh Santi motong omongan Made Galiga.” Loba pisan nu nyaritakeun kagagahan jeung kahebatan Mawar Hideung; malah beja nu kumplit pisan; nya eta ti urut anak buah Setan Alas Kobar jeung Macan Telu nu ayeuna jadi anggota urang. Nu dicaritakeun ku sampeyan, Made Galiga, tangtuna lain Mawar Hideung. Tah ayeuna nampa deui carita ti Nyoman Sakarta; cenah paroman Mawar Hideung mah lain wanoja nu masih bau kecur; tapi memang Pendekar wanita nu kacida digjayana jeung gede komarana !” Sajongjongan mah Made Galiga teu ngomong ngarerepeh we; lantaran enya waktu tarung jeung Nyi Ipah, karasa tanaga jerona teu sabaraha; jadi mungkin wae eta teh murid Mawar Hideung, lain Mawar Hideungna sorangan. Sanggeus dua anak buahna rarepeh, Ni Luh Santi rek nyarita deui, tapi kapegat ku datangna I Gde Butuh, ti Madiun; nya atuh ayeuna mah jago2 Singa Barong geus karumpul, lengkep kabehanana. Made Galiga nyaritakeun yen di Madiun aya jagona nu mumpuni oge; jadi teu bisa dianggap enteng; prajuritna ge waranian jeung kaciri meunang gemblengan nu alus pisan; jadi mun bentrok tea mah; urang sarerea bakal susah. Hanca
