Enyaan sunda bantenan nu ieu mah , matak lieur; tapi masih basa sunda nya ? 
sigana mah ieu teh bantel kidul tea; bangsana rangkasbitung, kanekes tea 
meureun.

--- On Tue, 12/2/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: [kisunda] Cacahan Bantenan - Jala Si Abah
To: "Ki Sunda" <[email protected]>
Cc: "Baraya Sunda" <[email protected]>, "Urang Sunda" 
<[email protected]>
Received: Tuesday, 12 February, 2013, 2:36 AM
















 



  


    
      
      
      Jala Si Abah
Ku Intan Jamsah

Tah kuwari Eteh rek dongeng nu keur nyieun jala. Caritana Si Abah keur nyieun 
Jala. Nyol anakna. "Cicing Ceng ulah ngaganggu, Abah keur nyieun jala, ke mun 
anggeus urang ngajala ka walungan nyah!" ceuk si Abah. "Nya Bah!" ceuk si Aceng 
bari nungguguan Abahna nyieun jala. "Ceng lamun meunang lubang urang pais bae 
nyah Ceng!" ceuk Si Abah. "Nya Bah!" jawab Si Aceng, "Tapi Bah...," ceuk si 
Aceng, "Aceng mah mun meunang boncel gede rek dibikeun bae!" Eta Si Abah marah 
ka si Aceng, "Polongo dia mah Cengcot, lauk sakitu gedena make dibikeun ka 
batur!" Barang durder haliwu si Abah jeung si Aceng kadenge ku pamajikanna. 
Ceuk pamajikan si abah, "Heh kunaon ieu haliwu amat Bah? Kolot-kolot nyeurikan 
anak, polongo!" "Tah nu polongo mah si Aceng dia, Sarmijah!" jawab si Abah ka 
pamajikanna, "Lauk sakitu gedena make rek dibikeun ka batur!" "Lauk naon kitu 
Abah?" ceuk pamajikanna. "Atuh eta lauk boncel meunang ngajala make rek 
dibikeun ku si Aceng, polongo tala si
 cengcot!" Gancang carita, Si Aceng mewek keneh, Si Abah ngabacot bae ku 
handeueul ka si Aceng. Barang sadar pamajikan Si Abah, "Hop Keruuud! Bapak 
jeung anak sarua polongona. Masinikeun paisan kosong. Puguh Jala keun dianyam 
keneh geus hantem parasea. Singhoreng eta Si Abah jeung si Aceng ngahayal 
burung nyah. Ting torek ..., geus yeuh aing gariruk!" lajuna. (Diedit ku Ki 
Hasan).





    
     

    
    






  








Kirim email ke