jampe, mangrupa basa sunda asli, bahasa indonesia-na jampi, ari hartina
salah sahiji kahayang jalma supados hasil, saperti boh keur sorangan atapai
keur batur contona jampe keur ngubaran, jampe keur dahar, jst, lamun basa
formalna mah doa, ngan ari kecap doa mah tina basa arab, hartina sarua bae
jeung jampe, pan lamun ngadoa oge teu kudu make basa arab, meunang make
bahasa indonesia, sunda, atanapi make basa sapopoe anu dianggap sopan jeung
alus, contona jampe sapu jagat 'robbana atina....."
jangjawokan, bagian tina jampe (ngadoa) ngan basa-na make basa lokal, bisa
sunda, jawa, melayu contona kieu
"beungeut aing beungeut rahwana, huntu aing huntu cakil ......"
atanapi campuran basa lokal jeung arab
ajian lamun dina basa arab-na mah ilahar disebut amalan, nyaeta doa doa
khusus keur salah sahiji kaperluan, siga hizib nyaeta kumpulan doa ti para
ulama atanapi kumpulan ayat ayat quran, tah keur jaman perang baheula loba
pejuang make ajian, sangkan teu katingali ku musuh, malihan ceuk beja
nalika 10 november di surabaya kiai ti buntet, cirebon, dtang langsung ka
surabaya ngabantu secara spirtiual, loba saksi ningali aya halu, bakiak
bisa hiber

tah lamun
ana kidung rumeksa ing wengi......

ieu mah asup kana kidung, kidung ti sunan kalijaga, eusina oge magrupa doa

2013/2/12 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> jampe jampe harupat ... geura gede geura lumpat ...
> ieu conto jampe; mun budak labuh, atawa tidagor.
>
> tongton panon inten putih suligat tojo matana teg nyawa 3X sih asih ka
> awaking; awaking ratu asihan
> tah eta jangjaawokan; atawa jampe pelet.
>
> baid  baid  ka sabrang ka palembang .... tah ieu jangjawokan sieun ku
> teluh.
>
> ieu conto ajian : Hong ui la Heng .... kula matek ajiku aji sirep
> begananda ... sing sopo ketiban jin setan mrakayangan pada mati .
>
> Ajian pelet : Hong o lintang2 wengi ... rembulan konnen nyumiraat cahyane
> kang gumilang
> atine aja nganti sadurunge maraa menyang awak ingsun.
>
> Nyapa ... mantra ... kutuk pastu ... eta ge jampe keneh
>
> wonten kidung rumaksa ing wengi
> teguh hayu adohana lara,
> luput ing bilahi kabeh,
> jin setan da tan purun,
> paneluhan tan ana wani,
> luput paanggawe ala,
> gunane wong luput,
> geni ata mahaa tirta,
> maring adoh puruhita pada wedi,
> ...............  pan sirna.
>
> Tah Dangdanggula nu diluhur ieu; duka kalebet jangjaawokan atawa ajian ?
> sigana jangjawokan.
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke