Mawar Hideung surti, yen ieu Mbah Lanang rek nguji elmuna;
Nya harita Mawar Hideung gancang ngerahkeun tanagana; cekelan Mbah Lanang lesot
harita keneh, bari jeung manehna mundur aya 3 lengkahna !


Mbah Lanang gogodeg, ku teu nyangka Mawar Hideung nu kaitung
masih ngora keneh, boga tanaga jero saluhureun manehna. 

Ayeuna manehna
nyakakak, bari pok ngomong :” Hahahaha ! wah pantes sampeyan siga wani pisan !
Nyata sampeyan boga cekelan nu sakitu hebatna. Wah maaf Kula teu awas yen
sampeyan teh enya hebat, Mawar Hideung; pantes si Setan Alas kobar eleh !”


Disebutkeun kitu Mawar Hideung rada beureum beungeut,
lantaran rumasa waktu ngelehkeun si Setan Alas Kobar, rada dibantuan ku Ibuna,
nya eta Nyi Padmini. Ku sabab kitu sanggeus manggut deui sakali,  jorelat wae 
Mawar Hideung ngejat ti dinya;
ngan sakilat teu katempo deui. Mbah Lanang cuk cek muji kana kadigjayaan Mawar
Hideung; ngan manehna weleh teu ngarti; dimana ayana si Mawar Hideung waktu aya
kajadian di Losari ? Euh meureun Mawar Hideung keur nyepi ningkatkeun elmuna !?



Pikiran Mbah Lanang, nu memang cerdas ampir bisa neguh
kajadian naon nu tumiba ka Mawar Hideung, masing teu sagemblengna bener ge.

 

Tah Mawar Hideung teh terus we laju, nuju ka Markas Singa
Barong di tutugan Gunung Bromo. Tapi sajajalan nu diliwatan, manehna panggih
jeung Gorombolan Singa Barong nu maregat ! Atuh teu loba dongeng deui; satiap
panggih jeung hiji gorombolan SB nu megat langsung disikat ku Mawar Hideung !
Atuh 9 tina 10 mah pasti binasana.


Atuh ayeuna mah gorombolan Singa Barong nu can kaliwatan ku
Mawar Hideung nyaho ti babaturanana nu kalabur, jadi teu wani maregatan deui,
teu waranieun maruncul; lolobana kabur ka markas, sawareh nyarumput; maranehna
nempo pisan ayeuna mah , kumaha gampangna Mawar Hideung ngabinasa babaturanana;
estu nggegirisi cenah ! Cek basa Jawana mah.


NB : di na hal expressi basa ieu … sigana urang Sunda eleh ku
Jawa ! urang Sunda mah paling ge nyebut “pikagimireun” pikasieuneun”  
“pikareuwaseun” ; “Pikahariwangeun”; tapi basa
“Nggegirisi” sigana mantep pisan karasa ka na hate urang.
Hanca


Kirim email ke