rada akur bayangan sim kuring sareng episode 386 bah...:) jigana kompeni ge rek dilibatkeun nya bah dina masalah singa barong jeung kulawarga ki nurus tunjung (+si Jalma?).
________________________________ Dari: Abbas Amien <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Senin, 18 Februari 2013 10:19 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 386 Atuh brek deui Nyoman Sakarta nyembah; terus sadu2 yen nyilidik soteh hayang apal saha guru Mawar Hideung, jeung turunan saha !? Duka keur naon. Mawar Hideung nenjo, yen Nyoman Sakarta omonganana jujur; sanggeus ngaheneng sakeudeung terus nyakakak bari nyarita :” Hahahaha ! kaula teu sieun. Jung bejakeun Kaula turunan ti Sangga Prakosa nu boga gelar Ki Nurustunjung ! jeung Ibu Nyi Padmini ! nu boga gelar pendekar Jepara !” Nyoman Sakarta gancang nganuhunkeun pisan, terus rek pamit, tapi Mawar Hideung geus ngiles manten; nya becir manehna kabur ti eta tempat bari dut dut hitut ! Enyaan Nyoman Sakarta sieun pisan Ku Mawar Hideung. Sanggeus panggih jeung Made Galiga; eta nu duaan teh terus we baralik nuju ka Markas Singa Barong. “Naon !? Ki Nurustunjung !? Lakadalah ! Asa kabeneran pisan yeuh !” Cek Sanggabuana jeung Wiloka meh bareng; barang ngadenge laporan ti Made Galiga jeung Nyoman Sakarta ngeunaan Mawar Hideung. “Hahahaha ! Naon sababna Kaula duaan nepi ka misah tempat ? Eta gara2 si eta Ki Nurustunjung !” “30 tahun nu geus kaliwat Kaula duaan ngahurup Ki Nurustunjung, tapi Kaula duaan ngaku asor; harita Kaula kakara boga tingkat 3 Ilmu Leak, nu bisa ngabocorkeun tanaga jero musuh ! Kaula duaan ngaku, memang eleh; Kaula duaan terus ningkatkeun ieu elmu ! Nepi ka ngahontal tingkat akhir ! Nya eta tingkat Salapan ! Ayeuna mah geus cunduk ka na waktu ninggang ka na mangsana , Kula duaan bakal males pati ka Ki Nurustunjung ! Hahahaha mun manehna can nyembah Kaula moal eureun !” Kitu susumbar Sanggabuana dihareupeun Ni Luh Santi jeung nu tiluan. “Santi ! Mun sampeyan eleh ku eta Mawar Hideung … wajar ! sabab maneh kakara boga tingkat tilu ! Jadi can pati maju, tong era maneh eleh Santi. Kaula ngarti ! Tadina Kaula rek nyalahkeun sampeyan, tapi lamun tarung jeung turunan Ki Nurustunjung; panyarekan Kaula teu jadi. Hahahaha !” “Kaula ngarasa yakin ayeuna mah, yen Kaula duaan bakal bisa ngelehkeun eta Ki Nurustunjung ! Tah sakeudeung deui waktu tarung geus deukeut; tinggal kurang leuwih saminggu deui; sampeyan engke ngalawanan ! Tong sieun tong keder; Kaula bakal ngabantu bari teu kaciri ! Hahahaha ! pasti engke Ki Nurustunjung mucunghul ! Tah di dinya Kaula bakal males pati ka dirina !” Nya di eta Markas Singa Barong ngahaja ngawangun panggung, nu lega oge pikeun tarung Mawar Hideung ngalawan Ni Luh Santi. Undangan geus disebarkeun. Hanca
