Tuda Ilmuwan mah mikirna kieu meureun : ah singa teh ayana di Afrika; moal mungkin lah aya di ASIA; komo di Asia Tenggara.
Padahal mun urang maca Sajaaraah, kapan ti 1000 taun saacan Masehi ge; geus bur ber ti ditu ti dieu pasuliwer nu warani meuntas mah ? Komo urang Bugis mah; warani pisan. Pan ayaa laguna : Nenek moyang ku orang pelaut! Naon atauh ari lain bangsa urang teh turunan nu sok maen di laut ! Kapan cenah Urang Indonesia ge aslina mah ti daratan Asia Tenggara ? Jadi ku sabab pasuliwer kitu; nya aya oge mungkin ratusan jelema ka Africa; terus nempo aya HEWAN nu luar biasa gedena leuwih ti maung. Nya eta SINGA. Jadi masing euweuh ge di ASIA Singa nu make susurian kawas Kuda; tapi ku nempona hiji SATO nu luar biasa kitu; nya balikna hariweusweus aya sato kitu kitu kitu cenah. Nya nu sejen nitah ngagambarkeun kumaha cenah rupa singa teh. Tah ti jaman BIHARI oge SINGA Afrika teh teu aneh teui sing di Asia teh. Kitu riwayatna, nyaa kulan ? Wallahualam.
