Tong boro ngitung korupsi, bejana lobana lauk di lautan, populasi meong di
leuweung, rajegna tangkal kai ge bisa diitung, Bah AA. Kumaha ngitungna?
Nya tangtu aya kaedahna, aya parabotna.

2013/2/24 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Kumaha cara NGITUNG ayana Korupsi di Daerah ?
>
>
> Kira2 tilu mingguan nu geus kaliwat, aya warta ngeunaan gedena atawa ayana
> korupsi di daerah2; tah Jawa Barat oge kaasup numer sabaraha harita teh ?
> nomer 20.
>
>
> Nu jadi pikiran, bari teu weleh kacida heranna, kumaha Ngitungna eta
> Korupsi ?
>
>
> Naha ku Kirata; nya eta di kira2 supaya nyata ? atawa ku prediksi rada
> Ilmiah meueusan; atawa ku laporan2; atawa ti na lobana nu geus ditangkep ?
>
>
> Mun ku urang dipikirkeun leuwih jauh, jelas eta INFORMASI ngeunaan Korupsi
> teh, lain wae teu bisa dijadikeun palenggeran; ngan oge ieu mah sigana
> ngabustam ngabual pisan.
>
>
>
> Asa teu mungkin Korupsi bisa didata.
>
>
> Mun ti nu nu geus ditangkep; eta mah meureun nu kudu diniley teh Jaksa
> jeung Pulisi na lain Korupsina. Sabab urang bakal nyebutkeun yen Koruspsi
> nu sabenerna jauuuuh leuwih ti kitu.
>
>
> Mun ti na ayana laporan ? Komo deui atuh, kapan can puguh aya nu salah tea.
>
>
> Jigana mah ieu daftar teh ngahaja dijieun, supaya pa reueus reueus; tuh
> korupsi daerah UING mah leutik ! Atawa tuh geuning aya nu ngawaskeun
> Korupsi teh teu diantep wae !
>
>
> Padahal sakabehna ge jigana teh bustam alias Rahul; alias Bohong gede.
>
>
> Atuh cenah ayana KPK meureun Korupsi teu meuweuh teuing ! Ah moal bisa;
> Kpk kapeka; korupsi mah jalan terus.
>
> Naon buktina ?
>
>
> Tuda satiap nu dituduh, mun geus sina ngomong loba pisan dalihna; jadi
> akhirna teu bisa dituduh. Paling ge lamun nu dikorbankeun. Samodel kasus
> Hambalang; anas nu dikorbankeun. Sigana mah moal mungkin anas U
> sosoranganan; pasti aya KKN na. Tapi mun urang siap jadi Pamimpin Rakyat;
> di na kuku2 kakuasaan MAFIA; kudu siap jadi WADAL; pikeun nyalametkeun
> MAFIA sagemblengna.
>
>
> Mun korban teu bisa diciptakeun; KASUSNA diputer puter; nepi ka jadi teu
> pararuguh; malah akhirna kudu ditanggung jawab ku Rakyat. Contona kasus
> Leutak Lapindo. Mun henteu; nu wani gana2 nyilidik terus bakal
> DIKONDISIKEUN; saperti contona Antasari jeung Susno Dwaji.
>
>
> Jadi memang sigana moal bisa Korupsi di NKRI dieureunkeun; meureun sarua
> jeung NGEUREUNKEUN NKRI. Hartina NKRI = Nagara KORUP ?
>
>
>
> Wallahualam.
>

Kirim email ke