Alus pisan, sigana islami tah ; sugan we mawa contoh kajujuran ka nu sejen. Tapi dalah dikumaha ngariung jeung para "meong" maah nya bakal kakecretan oge; sahenteuna kabaabawa. Da kapan urang mah geus jaadi BUDAYA tea. HESE ngubaranana.
Nya urang mah teu ngaharep jauh teuing. Komo nepi ka kualitas mah. Ku kuantitas ge meureun geus Alhamdulillah. Lantaran kuring mah meureun ka asup jelema nu resep nempo kanyataan ti batan ngawang2. Jadi rada PESIMIS. Nya haarepaan teh meureun korupsi biasana 300 M sataun ( misal ieu mah ) turun jadi 100M jeung satuluyna; salila lima taun teh sing bisa neken nu balocor. Masing teu ngaharepkeun diintensifkeun ge; lantaran MOAL POPULER engkena . Bahaya. Loba Musuh. Samodel susno dwaji; pan kasusna teu pararuguh nepi ka ayeuna ? Mana aya nu ngabela ? DPR ge pan api2 teu NYAHO tah ? Bener2 di NKRI mah nu JUJUR teh temahna matak gancang ka KUBUR ! Conto : Baharuddin Lopa; Munir; Agus Wirahadikusumah jrrd Saeutikna dikondisikeun boga salah gede saperti Antasari. Tapi Antasari lain sedih, malah nyarita yen ieu teh tos KEHENDAK TUHAN cenah. Mudah2an mah ku ieu AHERĀ DEMIZ Jabar leuwih sejahtera; jeung ulaah DILEUTIKKEUN deui Propinsina. Insyaa Allaah. Aamiiin.
