Cacahan Bantenan - Si Kejoy Salingkuh
Ku Intan Jamsah

"Cecelengcengan bae tah si Kejoy nyah, padahal aing meleng sakeudeung
doang, kuat aing nyileuk geus euweuh," ceuk si Saad, bari ngagurutuk tea
bebeja ka si Satnah. "Ari itu ti marana Ka Saad?" "Eta tas ti pasar rek
meuli pangasahan ja pakarang marintul kabeh teu neurak kana batang cau cau
acan." "Oh ...," ceuk si Satnah, "Ulah gandeng Ka, si Kejoy mah sok ka imah
bebenena, urut kabogoh baheula kuari rangda deui." "Ulah pitnah dia
Satnah," ceuk si Saad. "Ih demi amat keur ieu geh kapanggih ngabonceng ku
Kula," ceuk si satnah. "Nya geus burung ari geus kanyahoan kitu mah,
kaharti ku aing mun kitu mah, geus aing rek balik sorangan bae," ceuk si
Saad. Barang geus naek ojeg, batur si Saad turun deui ngabejaan si Satnah,
cenah kieu, "Awas dia Satnah, ulah bebeja ka si Rumsah pamajikan si kejoy
dia nyah, mun si Kejoy sok nganjang bae!"  Atuh teu antaparah deui si
Satnah ngajawab, cenah, "Atuh aing geh lain nu bodo Saad, mun aing bebeja
mah saruana bae aing ngahancurkeun rumah tangga si Kejoy." "Heueuh dia
bagus," ceuh si Saad. Hartina mah eta budak dua nutupan kalakuan si Kejoy,
ja karunya bisi rumah tanggana BARUNCAH. (Diedit ku Ki Hasan)

Kirim email ke