Masalah nyandung ari cek kuring mah ( bisa dibaantah ); nu UTAMAna mah Paniatan.
Duit mah atawa harta saukur ngalengkepan. Lantaran katempo ku kuring, aya 
sababaraha urang nu pas2an tapi nyarandung.

Jadi nu baroga duit atawa teu baroga duit ge; hayang nyandung mah nya nyandung.

Kumaha cenah HUKUMNA ?

Ari Hukum nu asli mah; nya eta KAPALAY Gusti Allah. --->>> Leuwih Hade hiji wae.
Ari hukum wenang leuwih ti hiji watesna sabaraha cenah ? tanpa weates mun bisa 
adil mah.

Cenah para Jumhur Ulama sapakat yen 4 watesna ! Eta mah tafsiran. Keun we 
kayakinan.
Kapan Nabi ge leuwih ti 11

Masalaah matsna, tsulatsa, wa rubaa teh, kieu contona :

si Ucen nanya ka bapana :"Pa abdi hoyong marie nu di keler ?
Bapana :"Heueuh pek cokot ...
Ucen :" Sabaraha pa ?"
Bapana : Kuma maneh we rek hiji, dua, tilu atawa opat ge teu nanaon ."
Ieu omongan si bapa lain ngawatesan ka si Ucen supaya ngan ukur bisa nyaokot 
opat; tapi leuwih ka na HARTI : rek sabaraha ge kuma dinya; ngan mikir we 
sabaraha pentingna."

Dirasa rasa ku kuring; mun geus boga pamajikan; sok kabita nempo awewe sejen 
deui; terus dirarasakeun, kumaha mun boga sapuluh pamajikan ? Sarua we geuning 
nenjo aw2ewe nu geulis anyar kabongroy deui !
Atuh teu cukup 15 oge ? Kumaha mun saratus ?
Ah nyata ari lalaki maah najan geus boga sarebu; saperti HAREM; aya awewe anyar 
deui mah angger we kabita !

Jadi di na haal eta ; nu penting mah kumaha ngadisiplim diri; nahan napsu nu 
ngaaberung; laantaran mun diumbar, dalah 2000 pamajikan ge masih kurang keneh 
wae !

Kitu tah perkara nyandung teh.

Kirim email ke