Kembang Gadung

http://www.youtube.com/watch?v=pLh48WpM5oI

 

Muji syukur Ka Hyang Agung

Neda jembar hampura na

Kembang Gadung nu kahatur

Kasadaya kaum dangu

 

Neda rahmat safaatna

Ti Gusti nu Maha Suci

Neda diaping dijaring

Neda safaat pangriksa

 

Sareng ka para Karuhun

Nyanggakeun ieu pang bakti

Ulah bade hiri dengki

 

Kembang Gadung lagu buhun

Warisan mah karuhun urang 

Alah ieung neda katari katampi

Pang bakti ti seuweu siwi

 

Pang bakti ti seuweu siwi

 

Ieu lagu Kembang Gadung

Muji syukur ka Hyang Agung

Kembang Gadung nu kahatur

Kasadaya Kaum Dangu

 

Neda rahmat safaatna

Ti Gusti nu Maha Suci

Neda diaping dijaring

Neda safaat pangriksa

 

Sareng ka para Karuhun

Nyanggakeun ieu pang bakti

Ulah bade hiri dengki

 

Nyanggakeun hiburan nana

Dipirig ku rupi gending

Lumayan tambih lumayan

Lumayan pangibur manah

 

Alah ieung neda katari katampi 

Pang bakti ti seuweu siwi

Kirim email ke