Cacahan Bantenan - Boga Carek Nanggap Kiai Ku Intan Jamsah
Kamari sore kadatangan dulur, Ka Saad ti Munjul. Mungguhna mah ngabejaan rek hajat cenah, rek nyunatan anakna bulan genep. "Wayahna Teteh mah cuan teu datang, ja mungguhna mah Teteh mah tamu kahormatan kula." ceuk ka Saad. Ceuk Teteh, "Insa-Allah ke waktuna mah ka ditu." "Nya Teh," ceuk ka Saad, "mun bisa mah Teteh mah datangna pas ngabengberehan hajat, bisi aya nu rek diobrolkeun jeung Teteh, ja kula mah hayang dipangngaturkeun ku Teteh, eta mah pangpanteskeun bae, numana nu kudu diajenan, nu mana nu kudu dihormat, ja angka Teteh nu leuwih nyaho," ceuh Saad satengah maksa hayang dijeujeuhkeun. Ceuk basa kuari mah meureun pamangku hajat tea. Terus ceuk Teteh, "Rek nanggap naon ka Saad?" "Beuh Teh, sanajan Teteh boga grup geh, di urang mah teu laku, aya hiburan nu kitu mah, mana teuing Ka Ustad ka kula maraheunna," jawab Saad. "Oh nya burung," ceuk Teteh, "dasarna geh urang mah hirup jeung tatangga, ari mantak dihewaan mah ulah aya hiburan bisi katulah engkena." "Nya Teh," ceuk Saad, "mantak geh kula hayang ngobrol jeung Teteh, Teteh mah bijaksana, tapi kula cenah baheula boga carek, mun boga anak lalaki nepi ka hajat sunatan rek nanggap kiai, kumaha tala Teh?" "Atuh gampang tamah, ja di urang geh loba kiai mah," ceuk Teteh. "Ih Teteh mah, puguh kula nyebutkeun ieu kiai ngaran Anu, tapi kuari kiaina eta geus paeh," jawab Saad. "Atuh Teteh bingung, nu eta mah teu bisa ngajawab, ja eta Saad caritana boga nadar mun kasorang hajat rek nanggap kiai nu kuari geus almarhum ... (Diedit ku Ki Hasan)
