Alus, aya nu wani ngusulkeun.
kira2 kumaha nya hasilna ?

Tah ayeuna urang nyoba nganalisa :

Alesan Utama mah JELAS pisan. Kapan Propinsi Jawa Barat geus dipotong potong 
samodel KUEH Taart.
Mimitina DKI Jakarta.
Terus ddisusul ku Banten; nyusul deui Bogor.
Ti beulaah Kaler Wetang sigaana keur ancaang2 Cirebon.
Naha masih pantes aya Propinsi Jawa Barat ?
Jauh dari kepaantasan, cenah ceuk Indonesiana mah.
Ayeuna kueh Jawa Barat teh, enyaan kari sacangkewok deui !

Baheula mah GAYA oge :
Propinsi Jawa Barat dibagi 5 Karesidenan :
1. Kresidenan Jakarta - Ibu Kota Purwakarta
2. Karesidenan Priangan Ibukota Bandung
3. Karesidenan Banten Ibu Kota Serang
4. Karesideenan Cirebon ibukota Cirebon
5. Karesidenan Bogor ibukota Bogor


Ayeuna kumaha ?
Propinsi Jawa Barat terdiri dari 1 1/2 Karesidenan :
1. Karesidenan Priangaan Ibukota Bandung
2. Karesidenaan Cirebon satengahna hayang MISAH.

Hidup Persib ! kalah 2 - 1 dari FCSriwijaya! Masih untung teu 5 - 0 kawas 
baheula ge.

Tah mun kitu saenyana mah NYATA pisan Jawa Barat teh geus leungit !
Atuh wajaar pisan mun ayeuna Jawa Barat diganti ngaranna teh; malah mun 
diteruskeun tea mah; enyaan teu boga OTAK pisan eta nu dariuk di PUSAT teh !
Geus pugujh hiji Propinsi Jawa Barat geus leungit make masih dipertahankeun ?!
Enyaan eta mah BODO teh dikukut pisan tah !

Kirim email ke