Ngimpi teh aya dua hartina:

1. Nu euweuh tawilna sama sakali - saperti ngimpi rutinitas nu biasa 
disanghareupaan

2. Nu ayaa hartina - lantaaran ngimpi nu aheng. Tah ieu nu aya tawilna.

Urang aya di Indonesia; tapi ngadadak ngimpi USA atawa Russia. Tah eta nu kitu 
kudu rada dipikirkeun; ayaa naon nya ? bet ngimpi aya di USA atawa di Russia ? 
Lantaran langka pisan ieu mah.

Samodel urang ngimpi disamber buaya; eta kamungkinan pituduh ti Gussti yen 
urang bakaal aya musibah jste. Da kapaan piraku urang ngimpi nu teu jkaalaman 
ku urang sapopoe.

Di imah keur ciccing2 ujug2 aya sapi asup ka imah ! Pan aaneh. Tah eeta kuduna 
ayaa tawil ngimpina.

Ngimpi ujug2 bisa hiber, masing teu luhur ge. Eta kamungkinan aya tawilna.

Ngimpi leuleeumpaangan ka ditu kadieu. Ieu mah meureun rutin. Teu kudu 
mikirkeun naon tawilna.

Ngimpi dicarekan atawa digelendeng ku atasan di kantor. Sigana ieu ge kaasup 
rutin.

Ngimpi dicarekan ku Presiden. Tah eta mah lain rutin; da kapan Presiden ka 
Mentri ge can puguh wani nyarekan; paling ge himbauaan.


Jadi di naa nangtukeun impian nu ayaa jeung nu euweuh haartina; teu susah 
teuing. Ukuranana nya eta RUTINITAS.

Kirim email ke