Punten kang bantosan jentrekeun naon atuh hartosna moral, akhlak, norma. Hatur nuhun. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Ahmad Hazairin <don_f...@yahoo.de> Sender: kisunda@yahoogroups.com Date: Fri, 12 Apr 2013 05:39:12 To: kisunda@yahoogroups.com<kisunda@yahoogroups.com>; urangsu...@yahoogroups.com<urangsu...@yahoogroups.com> Reply-To: kisunda@yahoogroups.com Subject: [kisunda] Moral jeung Akhlak Moral jeung Akhlak ================== Lima minggu ka tukang, saptu peuting aya pangajian di masjid. Sim kuring anu karek datang ti luar kota ngadengekeun sora speaker anu jelas pisan kadengena ka kamar kuring di mana kuring keur uncang angge budak nu bungsu. Pas anu khotbah keur ngabahas akhlak jeung moral. Anu kainget pisan ku sim kuring nyaeta, yen orang barat mah cenah ngan saukur boga moral. Ukurana moral. Ari urang mah umat islam aya syariat jeung akhlak. Ari akhlak mah dilandasan ku iman jadi bakal ditarima ku gusti Allah. ari moral jeung norma mah cenah relatif, kumaha budayana. Lamun di barat nya norma jeung moral barat meureun. Jadi kulantaran norma jeung moral umat non islam mah can puguh dilandasan ku iman jeung syariah, tah tangtuna can puguh di tarima ku gusti Allah swt. Kitu anu paling kainget ku sim kuring tina eta khotbah. Jadi memang saperti na mah geus umum diajarkeun ku para guru atawa ulama, yen akhlak teh beda jeung moral atawa norma. Moral jeung norma relatif, tergantung budaya mana, jeung teu dilandasan ku iman kalawan taqwa. Hal ieu, pikeun sim kuring nya positip, supaya umat islam paham jeung sadar yen amal kaalusan bakal ditarima lamun dilandasan ku iman. Leuwih jauh deui, aya kaum arif anu nganyatakeun sabenerna iman heula terus akhlak. Akhlak teh buah tina iman. Sanajan ngaku iman tapi akhlakna goreng, bohong eta iman jelema teh. Tapi salian tina hal positip, sim kuring oge mikiran masalah sosial urang dina masyarakat anu heterogen ajaran agamana. Atawa dina pergaulan global dunia ayeuna malahan mah. Ulah nepikeun katingalina umat islam mah teu bisa ngahargaan sikap jeung buah kahadean ti umat agama lian. Umat islam mah bisana ngajejeleh jeung ngagorengkeun wae sagala anu dilakukeun ku umat agama lian. Sanajan moral jeung norma sacara umum ti umat agama lian teh geus hade, tetep weh umat islam mah ngajejeleh da cenah eta teh kabeh ge katolak ku gusti Allah. Pan geus mindeng oge kajadian dina pangajian, masyarakat nanya ka ustad: hade mana iman islam tapi kalakuan jahat jeung iman salian islam tapi kalakuan hade. Tah pertanyaan nu kitu geus bahaya, bakal ngaruksak akhlak, moral jeung norma umat islam. Umat islam geus jadi adigung ku formalitas agama. Padahal can tangtu iman maranehna oge ditarima ku gusti Allah. Tapi geus ngarasa aman ti heula ngarasa leuwih alus ti golongan lian ti islam. Tah kumaha atuh akhlak islam teh bisa ngahargaan kahadean ti kaum anu lian? Ngahargaan kahaden kaum lian teh meureun kaasup akhlak level lurhur nya... Dina Quran wae dinyatakeun: "... aya rahib-rahib/pandita ti kalangan Nasrani anu taat tur teu nyombongkeun diri...". Lamun Quran bisa ngahargaan jika kitu, naha umat islam kalahka sombong teu daek ngaku kana kahadean nu lian. Di jaman modern ayeuna, kompleksitas sosial masyarakat terus ningkat ku ayana mangrupa model hirup anu anyar. Baraya di milis ieu pernah nulis yen eta teh norma anyar. Tah cenah umat islam geus katinggaleun dina norma anyar. Malah mah umat islam sok jiga bela diri, lamun teu manggih norma anyar dina Quran/Hadits langsung weh nuduh eta norma anyar teh bid'ah atawa mungkar cenah. Padahal tong waka jaman modern ayeuna, jaman kuno baheula wae memang norma budaya di dunya teh lain-lain teu sarua. Tah norma budaya arab tangtuna lain anu pangalusna, malah meureun kaasup goreng, makana disebut budaya jahiliyah oge. Ku islam dibersihan. Tah ulama anu ngajina bener mah sok nganjurkeun ka masyarakat teh, yen lamun di hiji kaum geus aya norma budaya anu alus sacara umum (teu ngalawan syariat islam) terus datang agama formal islam ka eta budaya, tah norma budaya lila tapi alus geus OTOMATIS asuk kana syariat islam oge. ieu teh geus ka asup kana USHUl-FIQH. Jadi syariat islam teh bisa nambahan terus, teu dibatas ku syariat islam anu diterapkeun di budaya arab jaman kangjeng nabi. Islam lamun asup ka Indonesia pasti kawarnaan ku budaya positip / norma positip nusantara. Lamun islam asup ke Nigeria, oge bakal kawarnaan ku budaya/norma positip Nigeria. Tah jadi katingali di dieu, yen para aktifis anu hayang nga-arab-keun kahirupan umat islam di di dunya teh teu ngarti kana ushul-fiqh. Nya sim kuring oge lain ahli fiqh tapi ari nu dasar kitu mah ngarti keneh. Tangtangan pikeun kamajuan umat Islam nyaeta para ahli ilmu (ulama) kudu bisa metakan rahmat Islam kana robahna budaya kahirupan dunya. Bisa nyanghareupan robahna jaman. Teu ngotot hayang hirup jiga jaman rebuan taun katukang, tapi ari nyieun imah hayang paalus-alus modern jiga jaman ayeuna. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================